Kulantaran julukan uing diawalan ku partikel "ki", sok aya nu nanya, naon cenah maksudna eta teh. Naha maksudna "aki-aki" atawa naon. Uing ukur ngaheheh. Nginget-nginget dimana uing mulungan eta kecap teh nya. Sainget di lembur eta partikel teh sok kapanggih dina obrolan sapope. Dipake pikeun rarangkeun sebutan ka batur ngomong. Jiga mun nalek ka semah, "Rek kamana ki silah teh?" Salian ti "ki" aya partikel sejen nu sok remen kabandungan, nyaeta "kai" (dibaca jiga ucapan sapaan "hai", vokal "i" diddedetkeun). Jiga kieu, "Eta mah kai Udin, teu kapalang badeurna teh".
Aya hiji deui nu sarimbag sorana jeung nu dua di luhur, nyaeta "ki-ai". Nu ieu mah pada apal lin, sok dilarapkeun ka tokoh masyarakat. Partikel "ki-ai" kungsi keuna "fitnah", majar cenah lain asli basa Sunda, tapi meunang nginjeum ti urang wetan. Kabeneran tadi uing alak-ilik kana kamus bulukan Jonathan Riggs, terbitan 1862 tea. Geuning aya tah sakadang "ki-ai" teh di dinya. Tetela tuh mun kitu mah "Ki-ai" teh asli bogana karuhun. ===== Kamus Jonathan Riggs: Kai, a term of respect for an old man- honoured Sir! a contraction of Kiai which see. Ki. a sort of honorific designation placed before men's names or titles: also placed before the names of many plants or trees. In the first instance it is probably a contraction of Aki, grandfather, and in tle latter of Ka-i, which is sometimes though rare’ly heard for Wood. Before titles as- Ki Tumenggung, Ki Demang- before proper names as- Ki Jaman, Ki Saman- before names of trees- Ki Cha-ang. Ki Julang, and more others. for which see below. (Ki corresponds with Si, Ni and Hi, used as a kind or article, but with different application: from a!1 of them Pronouns are derived, as kita, I, si-ya, si-ra he (and you), ni-a, possesive, hi-da, Bal. he (you). It is here not the place tn explain this further. Fr.) Ki-ai, a term of respect for an old man; a tern of respect to designate a fathier in Law. Conpounded of Ki, a honorific designation, and Aya father. (Ki-ai (or-ahi) is another derivation from Ki, with ahi added, ki-ahi, Ni-ahi (Nyai, n respectable female), Priy-ahi, I think, derived from priya, Ser. friend, a term of endearment; the name of Priyahi is given to certain inferior officers, who are for instance to superintend the koolies of Gorernment, supplied by the native chiefs: who accompany strangers etc. Fr.)
