PBKS - Hade ku Omong, Goreng ku Omong, Hayu Euy Ngomong!
Ku: Roni Suarsa
---------- Forwarded message ----------
From: Suarsa, Roni <[email protected]>
Date: 2011/10/16
Subject: patukang tukang
To: Ki Hasan <[email protected]>
** **
** **
Lamun ngingetan pangalaman baheula mangsa budak, Urang Sunda teh (duka urang
nusantara boa) nelah ceunah osok patukang tukang, sahingga sok aya
tatarucingan nu ceunah tukang naon nu jejengkean, nya tukang teuing heuheu…*
***
Boh dina urusan naon wae (duka mereun palebah nampa duit mah, panghareupna
we mereun) sok silih tunjuk, utamana palebah pintonan, palebah ngacung boh
disakola boh dina urusan lianna, silih andelkeun, silih surung jst.****
** **
Sanajan kitu, sok remen kuring ngabandungan ketak sapopoe dina konfersi
urang-urang salaku urang Indonesia jeung bangsa lian, utamana mun
nyaritakeun kaumuman bangsa Arab, urang Indonesia rada bisa dicindekan dina
urusan etos gawe mah rada leuwih punjul tibatan urang Arab, pon kitu deui
dina urusan rata-rata kamampu uteuk, saayeunaeunmah urang masih kaasup teu
pati kudu hariwang kasalindep kasusul urang Arab hehe..****
Ngan dina urusan pulitik, ngatur nagara, sakuringeun mah ceuk ceunah, rada
taluk mun nyaritakeun Indonesia, asa hese neang mana nu bisa diagulkeun teh…
****
** **
Sababaraha poe kaayeunakeun, kuring sabalad-balad urang Arab, kalibet urusan
presentasi ngeunaan pagawean, unggal dina mangsa salse, kuring sabalad2
uplek ngabahas perkara elmu kanyaho ngeunaan pagawean sapopoe, lumayan
nyegerkeun deui nu geus paroho jeung mintonkeun kanyaho ka batur nu karek
asup salaku karyawan anyar.****
Bari ngobrol nyante dibarung ku lalawuh has arab sabangsaning korma jeung
kopi arab, teu karasa jadwal gawe teh sok nyerelek bari geuning kebek ku
mangpaat nu lumayan, boh keur kuring utamana keur maranehna.****
** **
Hiji hal sabenerna mah nu jadi kahelok kuring, lain perkara riunganana, lain
oge perkara tehnologi na, tapi kuring deuk ngabahas perkara kabiasaan urang
Arab dina lebah loba ngomongna hehehe…****
Dina mangsa kaumuman mah nya heeuh bener pisan, loba ngomongna urang Arab
sok dicindekkeun kana surupna dina paribasa malayu “tong kosong nyaring
bunyinya”, nu pihartieun nya nu loba bacot mah biasana odob, sanajan mereun
aya nu protes kana paribasa kieu, keun bae hehehe…****
** **
Tapi dina perkara nu ieu oge, tetela geuning dina wanci nu spesial mah, asa
ninggang mamaras pasipatan kuring sorangan basa baheula, anu hereut omong
jeung saterusna sok hereut gawe oge hehe..****
Loba omongna urang Arab dina perkara riungan kuring ngabahas tehnologi jeung
elmuna, tetela oge muka ibun atawa pepedut nu ngalimpudan kateunyaho. Dina
diskusi teh bener-bener eweuh istilah monolog, dina sakian welas jalma urang
Arab, taya hiji oge nu cicing, sababaraha jam lilana diskusi jadi bener2
ngarupakeun dialog konstruktip, taya perkara kabeweung nu teu kautahkeun,
kabeh koredas kabahas nepika tuntas.****
Maranehna teu sieun disengseurikeun, teu hariwang patanyaanana jadi runtah,
estu ceuk kuring mah matak reeus kacida.****
** **
Satutasna diskusi, ras inget ka diri sorangan, mun inyana US teh ti baheula
boga pasipatan siga kieu, loba nanya, teu era ku kateubisa, ludeung sanajan
salah omong jeung prakna alias bodo alewoh, sigana mereun dunya teh leuwih
apal ka Urang Sunda tibatan ka ngaran Indonesia hahaha… ****
Tapi duka teh teuing, mereun ieumah ngan ukur pasipatan kuring sorangan boa?
Da US ayeuna mah sugan leuwih motekar timimiti bebenyit nepika nonoman, da
kuring geus teu pati apal maranehna, sugan we atuh…****
** **
** **
** **
------------------------------
RONI RA SUARSA**
OPERATOR, YEP PP WET END
Saudi Yanbu Petrochemical Company
A SABIC Affiliate
Yanbu Industrial City 41912
Saudi Arabia
T +966 (4) 321 4276-4276
F
E [email protected]
------------------------------
* This e-mail and any attachments are for authorized use by the intended
recipient(s) only. They may contain proprietary material or confidential
information and/or be subject to legal privilege. They should not be copied,
disclosed to, or used by any other party. If you have reason to believe that
you are not one of the intended recipients of this e-mail, please notify the
sender immediately by reply e-mail and immediately delete this e-mail and
any of its attachments. Thank you. *
<<[email protected]>>