Kahatur
1. Bapa Gubernur Jawa Barat
2. Ibu Gubernur Banten
 
Bapa Gubernur Jawa Barat sinareng Ibu Gubernur Banten, sim kuring ngahayal 
iraha eta jalan anu ngahubungkeun dua Provinsi nyaeta Jawa Barat sareng Banten 
tiasa dilebetan mobil beus. Kiwari eta kondisi jalan jiga nu teu kaurus. Kontur 
sareng struktur bangunan jalan sempit, tanjakanna nanggeuh, turunan anu 
ngalandeuh pipaureun. Saumpama eta jalan anu ngahubungkeun dua provinsi leuwih 
ditingkatkeun jeung diberdayakeun kangge ngarojong pangwangunan disagala bidang 
utamina pangwangunan ekonomi masyarakat.
 
Sakitu we lah kahoyong sim kuring.

Kirim email ke