I. PUPUH DANGDANGGULA


1.

Waktu hijrah kangjeng Rosul 1

Séwu tilu ratus warsi

Langkung tilu puluh opat

Serat téh di kampong

Cibogo camat Samarang

Wadanana Distrik Timbanganten wadani

Apdéling Garut



2.

Eukeur nulis bari niat muji

Anuhun Kang Maha Mulya

Sapanjang nulis “Layang Séh“

Muji salebeting kalbu

Malah mandar dipaparin

Kawarasan keur di dunja

Sing lulus rahayu

Keur sakarat muga gampang

Dupi dongkap ka kubur nya kitu deui

Muga mendak kamulyaan



3.

Muga-muga tina awit nulis

Suci mun dongkap ka jaman

Ulah nyabahla sawios

Muga salamet rahayu

Ditibanan baring kingkin

Panas tiris rieut sirah

Muga mah sing jauh

Sagala panyakit sirna

Alah tobat teda hampura sim abdi

Salamet dunja ahérat



4.

Sareng muga rahayu saanak rabi

Dihampura sakabéh dosana

Jeung saanak putu kabéh

Agamana masing lulus

Jeung dirina masing mukti

Masing saroléh haténa

Berkah para rusul

Jeung berkah para aoliya

Sinarengna berekahna anu digurit

Séh Abdul Kodir Jaélani



5.

Jeung wasiat ieu jisim kuring

Ka sakabéh anu seja maca

Nu sepuh sareng nu anom

Maca ulah bari udud

Matak bureng kana tulis

Calacah udud mun ragrag

Kana keretas matak hawuk

Sumawon bari ngalemar

Poma pisan nu ngaos sing atiati

Layang …



6.

Sareng lamun husu ati

Badé maca kudu wudu heula

Lamun … sumawon

Kudu geuwat-geuwat adus

Masing bareresih

Sarta ulah lalawora

Sareng … kolbu

Sareng … maca

Masing tartib nu sumping nya kitu deui

 … kana …



7.

Nu utama bari niat muji

Ka Pangéran eujeung niat hurmat

Haiah maring Kangjeng Séh

Berkah Patimah jeung guru

Palakbinas ulah kari

Ditungtungan ku aliplam

Dongkap ka humul muplihun

Supaya hasil ganjaran

Di ahérat di dunya pon sugih mukti

Berekah tuan Séh Jaélani



8.

Sanggeus nyaur perkara digurit

Perkarana muji ka Pngéran

Miwah ka Nabi sakabéh

Jeung ka aolia-aolia sadaru

Sarengna ka ahli mu’min

Miwah ka karuhun sadaya

Anu geus kapungkur

Ayeuna amba maneja

Ngabasakeun carita anu di gurit

Séh Abdul Kodir Jaélani



9.

Aya hiji kitab langkung sidik

Mertélakeun karamat Séh Jaélani

Carita nu langkung ahéng

Ieu ku kitab dicatur

Kaleuwihan séh Muhyidin

Geus kamashur ka sajagat

Kinasihan ka Yang Agung

Teges jadi waliyulloh

Geus kasebat geuwat muji ka Yang Widi

Bakti ka Yang Mulya



10.

Langkung tina ibadahna para wali

Sadayana mungguh karamatna

Sarta darajatna kabéh

Jeung wali nu agung-agung

Henteu kuat nyami-nyami

Sumawon wali nu loba

Pon taya nu purun

Satadina ieu kabéh

Ti asalna sakabéh piturut jadi

Unggelna ku basa Jawa

Kirim email ke