Hehe, sanes kitu Ang, teu didu'akeun ge da maot mah pinasti bakal karandapan. 
Estu clik putih clak herang ieu mah ngadu'akeun kana kabagjaan memeh 
karandapan. Kitu panginten ti abdi mah tiw... Duka nu sanes mah :D

-----Original Message-----
From: Sp Saprudin
Sent:  17/10/2011 11:03:05 am
Subject:  Bls: [kisunda] Lawas ti lawas basa keur budak

eta ngadoakeun titah mod..mod ka kuring teh nyah?


Dari: "[email protected]" <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
Dikirim: Jumat, 14 Oktober 2011 19:42
Judul: RE: [kisunda] Lawas ti lawas basa keur budak


  
Dicaangkeun di alam kuburna, amin ya robbal alamin... :P

-----Original Message-----
From: Ki Hasan
Sent: 14/10/2011 10:39:03 pm
Subject: Re: [kisunda] Lawas ti lawas basa keur budak

sing ditampi iman islamna, hehehe

2011/10/14 Kumincir Wikidisastra <[email protected]>

> **
>
>
> muga2 ki saprudin dihampura kasalahanana...! heuheu
>
>
> On 13/10/2011, Sp Saprudin <[email protected]> wrote:
> > Ceuk batur budak purunyus jeung bangor, salembur geu teu bireuk deui ka
> > ngaran kuring. Bengal kabina-bina taya papadanna, purunyus jeung bangor
> ka
> > rea jalma, utamana ka jalmi anu parantos sepuh (aki-aki). Mindeng pisan
> > aki-aki jadi sasaran kabangoran kuring.
> > Jalmi sepuh anu kiwari tos mulang raga alias maot. Masih keneh ingeut ka
> Ki
> > Nursam (almarhum), ka Ki Bahim (almarhum), ka Ki M. Qoli (almarhum), oge
> ka
> > Ki Gawi (almarhum). Aranjeuna anu pernah ku kuring diheureuyan, sampe eta
> > aki-aki ararambek kana sikap polah kuring, basana teh "Anak culangung,
> anak
> > kurang ajar, ka kolot geus kumawani, awas siah dibejakeun ka Aki Siah
> > sangkan diwarah".
> > Kuring boga aki saumuran jeung aki-aki ieu. Aki kuring katelah tokoh
> > masyarakat jeung tokoh agama. Urang lembur mun boga hajat boh nyunatan
> boh
> > ngawinkeun song datang ka Aki kuring, maksudna supaya datang ka
> imahna titah
> > caramah kaagamaan.
> > Kacaritakeun hiji mangsa dur bedug Isya ki Bahim angkat ka mushola. Waktu
> > harita can aya listrik beurang peuting model kiwari. Mun peuting
> lalampahan
> > kudu make senter batre atawa colen (obor). Anu biasa dilakukeun ku Ki
> Bahin
> > nyaeta mawa colen jeung sok make sendal merk Lily anu handapna ditambalan
> > make kaleng basana teh ameh awet. Ari jalan rada bongkok, leungen katuhu
> > nyekel iteuk, leungen kenca nyekel colen,
> jalana teh "kuprak...kuprak....."
> > sada sendalna, jeung "uhuku....uhuk....uhuk....." sada batukna.
> > Kuring ningali Ki Bahim angkat ka Mushola, nuturkeun tuakeungeunna, nanya
> > kamanehna "Ki bade kamana, eta meni kitukatingalina, sok kadieu Ki ku
> abdi
> > dituntun". Ceuk Ki Bahim "Biasa Aki mah rek ka mushola, keun bae tong
> > dituntun da Aki oge masih keneh kaduga". Ku Kuring eta Ki Bahim lain
> > dituntun, malah itekna dicokot ku kuring bari ngibrit lumpat. Ki Bahim
> > reuwas, nempo itekna dicokot ku kuring, bari menerkeun kacamatana
> > terus ceuceuleuweungan (ngoceak) : "Eta geuning....eta geuning.......anak
> > haram jadah, sugan teh enya rek nuntun aing, eta malah iteuk aing dibawa
> > lumpat,balikkeun eta itek aing, gelo sugan budak ta teh"
> >
> > Kacaritakeun lalakon anu lain, nyaeta Ki Nursam, sarua saumuran jeung Ki
> > Bahim, mun angkat ka Mushola oge sok mawa colen (obor). Waktu harita Ki
> > Nursam tos nyampe ka Mushola, eta colen dipareuman terus sok disimpen
> > handapeun bedug disenderkeun kana tembok. Kuring geus teunget mun aya
> colen
> > nyender di juru deket bedug pasti anu bogana Ki Nursam. Harita kuring ilu
> > shalat Isya berjamaah. Bada shalat Isya tos salam kuring ngabrit muru
> tempat
> > bedug, maksudna rek nukeurkeun colen Ki Nursam jeung panakol bedug.
> > Kabeneran ukuran colen jeung panakol sapadan (saukuran) gede jeung
> > panjangna. Kop kuring nyokot panakol bedug ditukeurkeun jeung colen Ki
> > Nursam, geus kitu leos indit ka luar mushola cicing diteras nungguan Ki
> > Nursam kaluar. Teu kungsi lila dipelebah panto katembong Ki Nursam keur
> > nyekel colen anu geus diganti ku kuring. Leungeunna ngodok kantong baju
> > kampret (koko) ngaluarkeun gas bensin anu maksudna rek nyeungeut eta
> colen.
> > "Kcrek...kcrek....." Bray
> > eta gas bensin hurung, terus song diasongkeun kana tungtung panakol bedug
> > maksudna rek nyeungeut colen. Geus babaraha kali nyetrekeun gas bensin
> eta
> > colen teu dek hurung "Kunaon ieu coleh teu dek hurung bae". Terus panonna
> > neges-negeskeun eta colen, teu lila lung eta colen teh dibabetkeun kana
> > tembok mushola bari ngambek "Saha jelemana nu geus nukeurkeun colen aing
> !!!
> > Pantesan teu dek hurung bae!!! Mun panggih jelemana ku aing digantung
> > huluna!!!!.
> >
> > Tah kitu, carita lawas ti lawas basa keur budak. Hampura Ki kuring anu
> tos
> > ngaheureuyan. Mudah-mudahan we aranjeun anu tos marulang diraksa ku Allah
> > Swt, dihampuran sagala kasalahana jeung ditarima amal ibadahna, amiin.
>
> --
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
> kumincir.multiply.com
> blog.boleh.com/kumincir
> www.urang-sunda.or.id
> su.wikipedia.org
>
> 
>





------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke