PKBS - Si Udin Budak Bangor 2? Ku: Sp Saprudin Nyambung carita basa kamari. Ieu carita enyaan lain carita bohongan. Carita pangalaman hirup basa keur budak. Anu sakumaha tos dikedalkeun ku kuring, yen kuring teh keur budak bangor kacida. Nurus tunjung nongtorogan, badeur teu meunang dicaram. Ceuk batur ulah kitu jang famali jeung dosa, kuring nembal "cicing siah kumaha aing".
Hiji mangsa kuring neangan simeut pikeun parab manuk. Kuring miara manuk jalak munding (kebo) anu geus cumbu, sadana baceo bisa heheotan, parabna teh sok ku simeut. Biasana simeut sok aya disampalan jukut atawa kebon suuk. Aya pakebonan suuk, kebon jagong jeung sajabana sisi lembur deukeut walungan. Anu boga kebon ngaranan Ki Qoli. Manehna katelah aki-aki galak jeung koret, mun aya embe asup ka kebonna, pasti eta embe bakal cilaka. Embe ditewak terus digebotan make awi anu gedena sagede leungeun, sampe eta embe pateuh sukuna. Kitu deui mun usum panen suuk, atawa jagong, mun aya jelema ngaliwat ka kebonna menta suuk atawa jagong "Ki coba ngasaan eta suuk saranggeuy, meni kabita pisan yeuh kuring", tapi ditembalan ku Ki Qoli basana teh "Hayang mah meulak sia, unta enta bae!". Waktu harita kira-kira jam 11.00 beurang, kuring aprak-aprakan ka tengah kebon neangan simeut. Disisi kebon aya saung paragi Ki Qoli mun tos digawe macul sok leleson. Kuring ngadeukeutan eta saung nyidikkeun, naha aya Ki Qoli atawa euweuh. Kabeneran eta Ki Qoli harita aya di saung keur sare tibra pisan, da sora kerekna jiga kolecer sesegrok. Duka teuing jurig timana datangna, ujug-ujug kuring hayang ngaheureuyan eta Ki Qoli. Sup kuring asup ka kolong saung. Ditempo sukuna Ki Qoli ngagupay ka handap. Kuring rurat reret neangan tali, kabeneran di handapeun saung aya tali tambang paragi nyangcang embe. Eta tambang panjang pisan. Kop eta tali dicokot terus lalaunan ngadeukeutan sukuna. Terus eta tali tambang dipake nalian suku Ki Qoli anu ngagupay tea, terus tungtung tali dibelitkeun kana tangkal cau anu aya gigireun saung. Sanggeus nalian Ki Qoli, kuring buru-buru lumpat ka ruyuk anu henteu jauh jeung kebon rek nyumput.Sanggeus aya di jero ruyuk, saterusna kuring neangan batu. Geus meunang batu sagede perep eta batu ku kuring dipake maledog luhur saung, anu harita hateup saung make seng. "Kolemprang!!!!" tarik pisan sadana teh. Ngadenge sora ngolemprang luhureun saung, Ki Qoli hudang bari gusak gisik panon, pokna teh "Aya naon ieu teh jiga aya anu murag". Teu kungsi lila maneh rada gura giru turun tina saung, henteu sadar yen sukuna teh geus ditalian ku tali tambang. Atuh barang sukuna rek nincak taneuh kajejetkeun kutali, atuh "Gubrag!!" Ki Qoli labuh nepi ka nonggeng, sirahna ngadu jeung tihang saung. Ki Qoli ngoceak bari pupujian nyebut asma Allah "Allahu Akbar, Astagfirullah", eta sirah jenong sagede endog. Terus leungeunna ngusapan sirah anu jenong jeung mahparan sukuna anu kabeulit kutali bari bebentak sorangan "Jangkrik, anjing edan, asana aing henteu nendeun tali di luhur saung, na kunaon ieu tali bisa meulit suku aing" terus nangtung bari sirahna culak cileuk jiga nu keur neangan, meureun nyidikkeun naha aya jelema. Kuring anu aya dijero ruyuk lain lumpat nyingkah, tapi malah nyengseurikeun pola Ki Qoli, ah dasar budak bangor. Hampuran Ki kuring anu tos nganiaya anjeun. (Ieu carita tahun 1984, harita kuring geus diuk dibangku SMP kelas 2)
