Rada kaget oge waktu ngareungeu wawancara Hidayat Nur Wahid jeung TVone tanggal
18/10/2011 perkara reshuffle kabinet (samemeh diumumkeun ku SBY). Wawancara ieu
ngaliwatan telepon da Hidayat Nur Wahid keur aya di Cengkareng arek ka Leiden
Walanda. Si pewancara TVone nanya kumaha reaksi PKS perkara rumor Menristek
Suharna arek diganti. Pak Hidayat mere reaksi heuras, salah sahiji reaksina
cenah lamun Suharna dieureunkeun, hartina representasi "SUNDA" di kabinet teu
aya, padahal Sunda teh etnik nomer dua panggedena.
Terus terang kuring sajongjonan ngahuleng, mikir, enya kitu, lamun Pak Suharna
dieureunkeun, di Kabinet teu aya urang Sunda pisan? Ras inget ari Marty
Natalegawa jeung Armida Kusumahatmaja Alisyahbana urang mana? Hilapeun kitu Pak
Hidayat Nur Wahid teh? Atawa meureun maksudna teu aya wakil urang Sunda anu ti
Parpol (politikus). Duka lamun kitu mah, da ari Marty Natalegawa jeung Armida
mah jalma karier/ proffesional sanes politikus.
Tapi leupas tidinya, nganuhunkeun ka Hidayat Nur Wahid, nu sacara teu langsung
parantos ngingetkeun yen di Indonesia teh aya etnik nu aranna Sunda, jeung
nomer dua panggedena ...
WLY
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/