hhh...tunduh urang euy nempo susunan reshuffle kabinet. komo ningali Menteri 
ESDM anu kudunah dicekeul ku jelema anu boga kompetensi diwidangna, komo ESDM 
mangrupakeun instansi anu strategis tina ngurus SDA - energi jeung mineral. 
sugan tea mah reshuffle teh ngaganti menteri anu bermasalah.
rada kaharti Kementerian Pendidikan Nasional diganti jadi Kementerian 
Pendidikan dan Kebudayaan. Heueuh lah pendidikan teh penting pikeun ngarojong 
ningkatkeun harkat jeung martabat manusa oge pikeun ngarojong pangwangunan 
bangsa, sabab kudu boga kualitas SDM anu handal tangtuna diukur ku ilmu 
pengetahuan sabab ilmu pengetahuan kudu salaras jeung akar budaya bangsa anu 
handap asor, boga tatakrama, moral & akhlaq jeung jiwa kabangsaan Indonesia anu 
matri tina diri.

Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Kamis, 20 Oktober 2011 8:42
Judul: Re: [kisunda] Sunda & Reshuffle


  
Hehehe, urang fisika diganti ku urang leuweung. Teuing kumaha jadina? 



2011/10/20 Waluya <[email protected]>

  
>Rada kaget oge waktu ngareungeu wawancara Hidayat Nur Wahid jeung TVone tanggal
>18/10/2011 perkara reshuffle kabinet (samemeh diumumkeun ku SBY). Wawancara ieu
>ngaliwatan telepon da Hidayat Nur Wahid keur aya di Cengkareng arek ka Leiden
>Walanda. Si pewancara TVone nanya kumaha reaksi PKS perkara rumor Menristek
>Suharna arek diganti. Pak Hidayat mere reaksi heuras, salah sahiji reaksina
>cenah lamun Suharna dieureunkeun, hartina representasi "SUNDA" di kabinet teu
>aya, padahal Sunda teh etnik nomer dua panggedena.
>
>Terus terang kuring sajongjonan ngahuleng, mikir, enya kitu, lamun Pak Suharna
>dieureunkeun, di Kabinet teu aya urang Sunda pisan? Ras inget ari Marty
>Natalegawa jeung Armida Kusumahatmaja Alisyahbana urang mana? Hilapeun kitu Pak
>Hidayat Nur Wahid teh? Atawa meureun maksudna teu aya wakil urang Sunda anu ti
>Parpol (politikus). Duka lamun kitu mah, da ari Marty Natalegawa jeung Armida
>mah jalma karier/ proffesional sanes politikus.
>
>Tapi leupas tidinya, nganuhunkeun ka Hidayat Nur Wahid, nu sacara teu langsung
>parantos ngingetkeun yen di Indonesia teh aya etnik nu aranna Sunda, jeung
>nomer dua panggedena ...
>
>WLY
>
>

Kirim email ke