Hahahahaha dasaaaar kabayan nguruuuus tunjung, ngerakeuuuun make dibagi-2 eta hayam teh... Padahal mah bawa weh sakalian sabelegerna wkwkwk.
Nuhuuuuuns, Mang Kabayan www.dkabayan.com ti urang, ku urang, keur balarea -----Original Message----- From: Sp Saprudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 25 Oct 2011 16:03:11 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] K.H. KABAYAN Caritana ieu Kabayan jadi Kiyai jeung Haji. Hiji mangsa di lemburna aya salah sahiji warga anu ngayakeun salameutan sebut bae Mang Dulah ngarana. Manehna boga carek mun anakna geus jadi sarjana rek ngayakeun salameutan (syukuran). Eta Mang Dulah ngondang tatangga-tanggana, Pa RT, Pa RW oge Pa Kades, pikeun maca tahlil jeung do'a manehna ngondang K.H. Kabayan. Anu diarondang geus daratang minuhan imah Mang Dulah, ngan hiji anu acan datang nyaeta K.H. Kabayan. Mang Dulah rada ringrang, sababna anu mimpin acara tahlil jeung baca do'a nyaeta K.H. Kabayan. Sangkan acara gancang dilaksanakeun, Mang Dulah ngutus anakna nu ngarana Jajat nyusulan K.H. Kabayan. Jajat ngajujug imah K.H. Kabayan, nepi ka imahna kasampakeun K.H. Kabayan keur haharudungan, sirahna dibeungkeut make samping panjang. Katempona K.H. Kabayah keur rieut sirah. Jajat uluk salama "Assalamualaikum, Pa K.H. diantos di rorompok, manawi acarana bade enggal dikawitan". Ari kabayan nembalna ka Jajat "Jang bejakeun ka Bapa maneh, Pa K.H. keur riuet sirah, gantina Ustad Solihin we, aya teu manehna didinya?". Ceuk Jajat "Oh sumuhun ari kitu mah, kaleresan Ustad Solihin tos aya di rorompok". Kabayan nuluykeun caritana, pokna "Tah kitu we nya, ke Bapa K.H. datang mun geus teres salse maca tahlil jeung do'ana" bari haharigungan "Hm...huuuh....huuhhh......". Tuluyna Jajat balik deui "Atuh upami kitu mah mangga Pa K.H......Assalamualaikum", ditembal ku K.H. Kabayan "Waalaikumsalam". K.H. Kabayan henteu datang ka acara salametan Mang Dulah lain kusabab rieut sirah, tapi henteu bisa maca tahlil jeung do'a. Sangkan ulah dipajar henteu bisa, manehna api-api (pura-pura) rieut sirah. Da dina otakna mah anu kabayang teh bakakak hayam, jadi sangkan eta bakakak hayam bisa ngasaan, manehna datang pandeuri. Pikeun netelakeun acara salameutan geus ditutup ku baca do'a, maneh milipir ka tukangeun imah Mang Dulah. Tuluy mun eta acara geus ditutup do'a, kakara maneh pucunghul nembongkeun diri bari gura-giru jiga jelema HEUEUH uluksalamna oge meni paseh pisan basana teh "ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKTUUUUUUUUH!". Sanggeus maca do'a ku Ustad Soleh, kakara K.H. Kabayan asup ka jero imah, neangan tempat diukna deukeut jeung tempat kadaharan. Tos kitu kumaneh nyarita "Tah geuning Bapa-bapa anu hadir di ieu tempat, do'a tos salse, kangge luewih apdol ka urang sadayana, kuring rek ngabagikeun ieu lima panggang hayam bakak, anu mana kuring rek neukteukan ameh adil". Tuluy maneh nyokot eta panggang hayam, neukteuk huluna song diasongkeun ka Pa Kades, pokna teh "Sasuai jeung kadudukana, Pa Kades meunang sirah hayam". Tos kitu neukteuk jangjang hayam song diasongkeun ka Pa RW pokna "Sasuai jeung kadudukana, yen RW teh tangan kanan Pa Kades". Tos kitu neukteuk ceker hayam, song diasongkeun ka Pa RT, pokna "Sasuai jeung kadudukanna yen RT teh kaki kiri Pa Kades,". Tuluy manehna neukteuk pimping hayam, giliran pimping hayam ditendeun dihareupeun manehna diuk "Tah anu ieu pimping hayam, sasuai jeung kadudukan kuring salaku ajeungan, anumana ajeungan teh kudu gancang lampah, kamana tempat kudu jauh dijugjug anggang diteang" tuluy merenahkeun eta pimping hayang dibungkuskeun kana daun cau. Tulu manehna nyarita "Sok pasakan sejenna mah didalahar sarerea" bari jung nangtung pamitan kanu boga imah "Mang Dulah hatur nuhun nyah, ulah ngarasa diriweuhkeun.......Assalamu'alakum...." lur laur indit ka luar imah Mang Dulah. Hadirin anu aya di imah Mang Dulah colohok mata simeuteun. Dasar Kabayan !!!! Prung acara salameutan
