Hahahaha pan unggal namu jadi semah dititah ngado'a kabayan mah do'ana "wa'ina 
mana kopina... Wa ina mana rotina" hahahaha

Nuhuuuuuns,
Mang Kabayan
www.dkabayan.com
ti urang, ku urang, keur balarea

-----Original Message-----
From: "[email protected]" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 26 Oct 2011 01:58:18 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Re: K.H. KABAYAN

hahahahaha..... ajeungan pingping hayam :-)

--- In [email protected], "Mang Kabayan" <dkabayan@...> wrote:
>
> Hahahahaha dasaaaar kabayan nguruuuus tunjung, ngerakeuuuun make dibagi-2 eta 
> hayam teh... Padahal mah bawa weh sakalian sabelegerna wkwkwk.
> 
> Nuhuuuuuns,
> Mang Kabayan
> www.dkabayan.com
> ti urang, ku urang, keur balarea
> 
> -----Original Message-----
> From: Sp Saprudin <udarider@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Tue, 25 Oct 2011 16:03:11 
> To: [email protected]<[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: [kisunda] K.H. KABAYAN
> 
> Caritana ieu Kabayan jadi Kiyai jeung Haji. Hiji mangsa di lemburna aya salah 
> sahiji warga anu ngayakeun salameutan sebut bae Mang Dulah ngarana. Manehna 
> boga carek mun anakna geus jadi sarjana rek ngayakeun salameutan (syukuran). 
> Eta Mang Dulah ngondang tatangga-tanggana, Pa RT, Pa RW oge Pa Kades, pikeun 
> maca tahlil jeung do'a manehna ngondang K.H. Kabayan. 
> Anu diarondang geus daratang minuhan imah Mang Dulah, ngan hiji anu acan 
> datang nyaeta K.H. Kabayan. Mang Dulah rada ringrang, sababna anu mimpin 
> acara tahlil jeung baca do'a nyaeta K.H. Kabayan. Sangkan acara gancang 
> dilaksanakeun, Mang Dulah ngutus anakna nu ngarana Jajat nyusulan K.H. 
> Kabayan. Jajat ngajujug imah K.H. Kabayan, nepi ka imahna kasampakeun K.H. 
> Kabayan keur haharudungan, sirahna dibeungkeut make samping panjang. 
> Katempona K.H. Kabayah keur rieut sirah. Jajat uluk salama "Assalamualaikum, 
> Pa K.H. diantos di rorompok, manawi acarana bade enggal dikawitan". Ari 
> kabayan nembalna ka Jajat "Jang bejakeun ka Bapa maneh, Pa K.H. keur riuet 
> sirah, gantina Ustad Solihin we, aya teu manehna didinya?". Ceuk Jajat "Oh 
> sumuhun ari kitu mah, kaleresan Ustad Solihin tos aya di rorompok". Kabayan 
> nuluykeun caritana, pokna  "Tah kitu we nya, ke Bapa K.H. datang mun geus 
> teres salse maca tahlil jeung do'ana" bari haharigungan 
> "Hm...huuuh....huuhhh......".
>  Tuluyna Jajat balik deui "Atuh upami kitu mah mangga Pa 
> K.H......Assalamualaikum", ditembal ku K.H. Kabayan "Waalaikumsalam".
>  
> K.H. Kabayan henteu datang ka acara salametan Mang Dulah lain kusabab rieut 
> sirah, tapi henteu bisa maca tahlil jeung do'a. Sangkan ulah dipajar henteu 
> bisa, manehna api-api (pura-pura) rieut sirah. Da dina otakna mah anu 
> kabayang teh bakakak hayam, jadi sangkan eta bakakak hayam bisa ngasaan, 
> manehna datang pandeuri. Pikeun netelakeun acara salameutan geus ditutup ku 
> baca do'a, maneh milipir ka tukangeun imah Mang Dulah. Tuluy mun eta acara 
> geus ditutup do'a, kakara maneh pucunghul nembongkeun diri bari gura-giru 
> jiga jelema HEUEUH uluksalamna oge meni paseh pisan basana teh 
> "ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKTUUUUUUUUH!".
> Sanggeus maca do'a ku Ustad Soleh, kakara K.H. Kabayan asup ka jero imah, 
> neangan tempat diukna deukeut jeung tempat kadaharan. Tos kitu kumaneh 
> nyarita "Tah geuning Bapa-bapa anu hadir di ieu tempat, do'a tos salse, 
> kangge luewih apdol ka urang sadayana, kuring rek ngabagikeun ieu lima 
> panggang hayam bakak, anu mana kuring rek neukteukan ameh adil". Tuluy maneh 
> nyokot eta panggang hayam, neukteuk huluna song diasongkeun ka Pa Kades, 
> pokna teh "Sasuai jeung kadudukana, Pa Kades meunang sirah hayam". Tos kitu 
> neukteuk jangjang hayam song diasongkeun ka Pa RW pokna "Sasuai jeung 
> kadudukana, yen RW teh  tangan kanan Pa Kades". Tos kitu neukteuk ceker 
> hayam, song diasongkeun ka Pa RT, pokna "Sasuai jeung kadudukanna yen RT teh 
> kaki kiri Pa Kades,". Tuluy manehna neukteuk pimping hayam, giliran pimping 
> hayam ditendeun dihareupeun manehna diuk "Tah anu ieu pimping hayam, sasuai 
> jeung kadudukan kuring salaku ajeungan, anumana ajeungan teh kudu gancang 
> lampah,
>  kamana tempat kudu jauh dijugjug anggang diteang" tuluy merenahkeun eta 
> pimping hayang dibungkuskeun kana daun cau. Tulu manehna nyarita "Sok pasakan 
> sejenna mah didalahar sarerea" bari jung nangtung pamitan kanu boga imah 
> "Mang Dulah hatur nuhun nyah, ulah ngarasa 
> diriweuhkeun.......Assalamu'alakum...." lur laur indit ka luar imah Mang 
> Dulah. Hadirin anu aya di imah Mang Dulah colohok mata simeuteun. Dasar 
> Kabayan !!!!
>  
>  
>  
>  
>  
> Prung acara salameutan
>



Kirim email ke