Teruskeun atuh garapan Kamus Sunda Jonathan Riggs tea. Edisi lengkepna aya di Google Book, format PDF. Ku uing sawareh geus diteukteukan sacara alfabet. Kari aya nu daek transliterasina we.
Sabenerna teu pati hese transliterasina, da bisa make software OCR, ngan leukleuk hungkul ngeditna. 2011/10/28 Irpan Rispandi <[email protected]> > ** > > > Nyeta bah, > salah sahiji aturan dina wikibooks teh, anu ditulis didinya "non-fiksi". > Terus deui buku-buku nu geus jadi, rada ngaharib-harib kana textbook. > > Kulantaran kitu, anu bakal ditulis ku urang dina wikibooks teh, lewih > mangrupa wujud jeung anatomi basa sunda. samodel pancakaki, rarangken, > paribasa, jsb. > > > > > On 10/28/2011 05:18 PM, Ki Hasan wrote: > > > > Pan, salah sahijina aya garapan PKBS tea. > Pangalaman Balad Ki Sunda, bisa dijadikeun lengkah awal. > Bahanna tinggal mindahkeun tina server Yahoogroup Ki Sunda. > Susud make keyword: PBKS atawa PKBS > Tinggal nambahan Daftar Eusi > > Ieu PBKS implengan uing kieu euy: > > Tahap 1: > PKBS versi babon, asupkeun we saayana, sacerewelena, numutkeun redaksi ti > nu nulis, sakur nu geus dicirian ku uing make tag PBKS. Ieu artikel serial > PBKS ku uing ukur dijudulan, utamana sok aya nu ngirim rada teu puguh > judulna. > > Ieu PBKS babon, bisa jadi buku badag, buku kolaborasi, buku nu ditulis ku > jalma loba. Bisa jadi mun sukses, mun urang Sunda areling, daraek nulis, teu > ngedul. Bakal jadi buku munggaran sadunya nu ditulis ku jalma rea. > > Kira-kira ngimpina mah jiga kitu. > > Tahap 2: > Mun tahap kahiji sukses, aya tapakna. Tahap saterusna buku babon urang > pegarkeun sina anakan. Urang bisa ngawilah tina babon numutkeun topikna, > atawa numutkeun nu nulisna. > > Tah kitu kira-kira nu kaimpleng ku uing, nu resep ngimpi > > > > 2011/10/28 Irpan Rispandi <[email protected]> > >> >> >> Kuring geus nyieun account di dinya. >> >> ngeunaan eusi, urang bisa wae mitembeyan nyusun dina milis ieu (bejaan oge >> milis kasundaan sejen). >> Terus copy paste kana wikibooks. >> Kitu jeung kitu saterusna. >> Bisi aya nu rek ngedit langsung dina wikibooks, mangga. >> >> Lengkah awal ayeuna, kumaha lamun urang nangtukeun rek siga kumaha susunan >> eta buku teh? Basa sunda teh lega, ngawengku sagala rupa. >> >> Aya nu boga ide? >> >> >> >> >> On 10/28/2011 03:51 PM, Ki Hasan wrote: >> >> >> >> Sok balakan Kang Irpan, meungpeung urang harirup keneh. >> Tong pahibut wae sieun dipaok batur. Batur mah hayang budayana dipaok >> urang. >> >> 2011/10/28 Irpan Rispandi <[email protected]> >> >>> >>> >>> keur lalayaran, manggih pulau wikibooks. Salah sahiji wilayahna nyaeta >>> wilayah Basa. >>> Didinya geus aya nu ngabaladah nyusun buku basa Indonesia, tapi can aya >>> basa Sunda. >>> Urang eusian yu ?! >>> >>> http://en.wikibooks.org/wiki/Subject:Languages_of_Asia >>> >>> >> > > > >
