tah mun nu ieu mah asupna kana Wiktionary.
Kamari ge geus kapikiran, proyek taun 2008 tea. Kuring milih 10 halaman, can anggeus-anggeus nepi ka ayeuna he..he..he..

Hayu lah anu bareto ngiluan proyek kamus, urang upload kana wiktionary.



On 10/28/2011 06:23 PM, Ki Hasan wrote:

Teruskeun atuh garapan Kamus Sunda Jonathan Riggs tea.

Edisi lengkepna aya di Google Book, format PDF.
Ku uing sawareh geus diteukteukan sacara alfabet.
Kari aya nu daek transliterasina we.

Sabenerna teu pati hese transliterasina, da bisa make software OCR,
ngan leukleuk hungkul ngeditna.

2011/10/28 Irpan Rispandi <[email protected] <mailto:[email protected]>>

    Nyeta bah,
    salah sahiji aturan dina wikibooks teh, anu ditulis didinya
    "non-fiksi". Terus deui buku-buku nu geus jadi, rada
    ngaharib-harib kana textbook.

    Kulantaran kitu, anu bakal ditulis ku urang dina wikibooks teh,
    lewih mangrupa wujud jeung anatomi basa sunda. samodel pancakaki,
    rarangken, paribasa, jsb.





    On 10/28/2011 05:18 PM, Ki Hasan wrote:

    Pan, salah sahijina aya garapan PKBS tea.

    Pangalaman Balad Ki Sunda, bisa dijadikeun lengkah awal.
    Bahanna tinggal mindahkeun tina server Yahoogroup Ki Sunda.
    Susud make keyword: PBKS atawa PKBS
    Tinggal nambahan Daftar Eusi

    Ieu PBKS implengan uing kieu euy:

    Tahap 1:
    PKBS versi babon, asupkeun we saayana, sacerewelena, numutkeun
    redaksi ti nu nulis, sakur nu geus dicirian ku uing make tag
    PBKS. Ieu artikel serial PBKS ku uing ukur dijudulan, utamana sok
    aya nu ngirim rada teu puguh judulna.

    Ieu PBKS babon, bisa jadi buku badag, buku kolaborasi, buku nu
    ditulis ku jalma loba. Bisa jadi mun sukses, mun urang Sunda
    areling, daraek nulis, teu ngedul. Bakal jadi buku munggaran
    sadunya nu ditulis ku jalma rea.

    Kira-kira ngimpina mah jiga kitu.

    Tahap 2:
    Mun tahap kahiji sukses, aya tapakna. Tahap saterusna buku babon
    urang pegarkeun sina anakan. Urang bisa ngawilah tina babon
    numutkeun topikna, atawa numutkeun nu nulisna.

    Tah kitu kira-kira nu kaimpleng ku uing, nu resep ngimpi


    2011/10/28 Irpan Rispandi <[email protected]
    <mailto:[email protected]>>

        Kuring geus nyieun account di dinya.

        ngeunaan eusi, urang bisa wae mitembeyan nyusun dina milis
        ieu (bejaan oge milis kasundaan sejen).
        Terus copy paste kana wikibooks.
        Kitu jeung kitu saterusna.
        Bisi aya nu rek ngedit langsung dina wikibooks, mangga.

        Lengkah awal ayeuna, kumaha lamun urang nangtukeun rek siga
        kumaha susunan eta buku teh? Basa sunda teh lega, ngawengku
        sagala rupa.

        Aya nu boga ide?





        On 10/28/2011 03:51 PM, Ki Hasan wrote:

        Sok balakan Kang Irpan, meungpeung urang harirup keneh.

        Tong pahibut wae sieun dipaok batur. Batur mah hayang
        budayana dipaok urang.

        2011/10/28 Irpan Rispandi <[email protected]
        <mailto:[email protected]>>

            keur lalayaran, manggih pulau wikibooks. Salah sahiji
            wilayahna nyaeta
            wilayah Basa.
            Didinya geus aya nu ngabaladah nyusun buku basa
            Indonesia, tapi can aya
            basa Sunda.
            Urang eusian yu ?!

            http://en.wikibooks.org/wiki/Subject:Languages_of_Asia








Kirim email ke