Bah, atuh sakalian jeung link kana laguna, meh bisa didengekeun. Boh youtube, atawa nu sejenna.
On 10/31/2011 02:53 PM, Ki Hasan wrote:
---------- Forwarded message ---------- From: <[email protected] <mailto:[email protected]>> Date: 2011/10/31 Subject: Re: [kisunda] test To: [email protected] <mailto:[email protected]> BIMBO - "Deudeuh Teuing Basa Sunda" Vokal: Iin Parlina, BIMBO Deudeuh teuing basa Sunda, Basa pangindungan rasa, Gambaran lemesna budi, Kadaling galindeng ati. Deudeuh teuing basa Sunda, Basa éndah boga wanda, Cicirén diri awaking, Nu nyanding dina hariring, Reffrain: Duh... Basa Sunda, naha teu dipirosea?! Duh... Ulah éra nyarita ku basa Sunda, Duh... Basa Sunda, basa luhung hadé tangtung, Ulah ditundung tong sieun disebut ngampung. Deudeuh teuing basa Sunda, Anjeun ceurik dina ati, Bongan gening urang Sunda, Geus loba nu teu mupusti. Reffrain: Duh... Basa Sunda, naha teu dipiroséa?! Duh... Ulah éra nyarita ku basa Sunda, Duh... Basa Sunda, basa luhung hadé tangtung, Ulah ditundung tong sieun disebut ngampung.
