Urang sunda kiwari geus teu milare basana sorangan. di kota-kota tataran sunda, mun kuring aya disalah sahiji kota nanya alamat, ari kuring nanya make basa sunda na kunaon dijawab ku basa nasional. henteu salah sih, ieu ngarana nasionalis, sanajan kitu atuh jawab pake basa sunda. "Pa punten abdi bade tumaros, upami Gang H. Asbun palih mana?" ditembal "Oh Bapak terus aja jalan, pas di pertigaan Bapak belok kekiri, tidak jauh dari sana kira....................."
Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: Ki Sunda <[email protected]> Dikirim: Senin, 31 Oktober 2011 14:53 Judul: [kisunda] Rumpaka - Deudeuh Teuing Basa Sunda (Bimbo) ---------- Forwarded message ---------- From: <[email protected]> Date: 2011/10/31 Subject: Re: [kisunda] test To: [email protected] BIMBO - "Deudeuh Teuing Basa Sunda" Vokal: Iin Parlina, BIMBO Deudeuh teuing basa Sunda, Basa pangindungan rasa, Gambaran lemesna budi, Kadaling galindeng ati. Deudeuh teuing basa Sunda, Basa éndah boga wanda, Cicirén diri awaking, Nu nyanding dina hariring, Reffrain: Duh... Basa Sunda, naha teu dipirosea?! Duh... Ulah éra nyarita ku basa Sunda, Duh... Basa Sunda, basa luhung hadé tangtung, Ulah ditundung tong sieun disebut ngampung. Deudeuh teuing basa Sunda, Anjeun ceurik dina ati, Bongan gening urang Sunda, Geus loba nu teu mupusti. Reffrain: Duh... Basa Sunda, naha teu dipiroséa?! Duh... Ulah éra nyarita ku basa Sunda, Duh... Basa Sunda, basa luhung hadé tangtung, Ulah ditundung tong sieun disebut ngampung.
