PBKS - Aki-Aki jeung Tasbeh Lada? Ku Sp Saprudin Ningali zaman kiwari, jarang pisan aki-aki anu umurna 70 atawa 80 taun aya di mushola, mun aya oge pastina keur ngaringkuk di rumah sakit. Beda keur basa budak, rea aki-aki anu umurna 70 atawa 80 anu masih keneh jagjag waringkas ngeusian mushola atawa masjid.
Di lembur kuring aya mushola ngarana mushola "AL IKHLAS" anu sok rea di eusi ku aki-aki. Aki-aki anu ngarana Ki Bahim, Ki Nursam, Ki Gawi, Ki Ujang, Ki Drajat jeung rea Aki-aki lainna mangrupakeun aki-aki anu umurna geus 70 taunan. Maranehna katempona jagjag waringkas, gagah najan lempangna geus rada bongkok make iteuk. Harita para aki-aki sok nyimpen tasbeh pikeun ngitung dzikir sok dagarantungkeun dina tembok. Ngabengbreng eta tasbeh mun di itung aya kana 15 tasbeh. Terang tasbeh? Tasbeh aki-aki biasana sok digantelan awir-awiran samodel kayu paragi siwak (mersihkeun baham samemeh shalat). Kuring harita ba'da shalat asar nempo eta tasbeh ngagarantung tina tembok ngabaris jiga anu jualan tasbeh. Sir be boga pikiran jail, kuring balik ka imah nyokot sambel tarasi anu make cabe rawit anu rasana lada pisan jieunan nini kuring. Kuring mungkus eta sambel kana palastik, tuluy balik deui ka mushola, nungguan jalma anu tos saralat lohor. Sanggeus di mushola teu aya jalma, sup kuring asup ka Mushola tuluy muru tempat tasbeh digarantung. Eta tungtung tasbeh anu awir-awiran anu sok dipake siwak ku aki-aki, kabeh ku kuring dicocolkeun kana sambel. Geus nyocolkeun eta tasbeh kana sambel, tuluy kuring ngagantungkeun deui kana tempatna sewangan. Waktu ngahareupan magrib, barudak lembur biasa sok ragem di mushola, sora barudak kadenge dina sapeker, harita kuring aya ,oge para aki-aki calon penghuni surga geus tumaninah nungguan waktu shalat magrib dariuk anu geus nyareukeulan tasbeh. Dur bedug magrib tuluy adzan, tos salse adazan henteu babarah menit komat. Sanggeus komat eta para aki-aki jung naratung mariskeun maneh tukangeun imah tuluy siwak gusak gosok ku tungtung tasbeh. Imam geus takbiratul ihram, ditukang para aki-aki recet bari cuprah ceproh ciciduh,pokna "astagfirullah naon ieu karasa lada, jeung bau tarasi deui. boa-boa ieu disambelan, saha jelemana, kacida amat jailna", aki-aki aya anu ngacir ka jamban (toilet) maksudna rek mersihkeun baham anu karasa lada, aya anu mersihkeuna make gamis, katempona paciweuh rame jiga budak laleutik. Astagfirullahaladzim......... hampura abdi Gusti
