Ningali zaman kiwari, jarang pisan aki-aki anu umurna 70 atawa 80 taun aya di 
mushola, mun aya oge pastina keur ngaringkuk di rumah sakit. Beda keur basa 
budak, rea aki-aki anu umurna 70 atawa 80 anu masih keneh jagjag waringkas 
ngeusian mushola atawa masjid.
Di lembur kuring aya mushola ngarana mushola "AL IKHLAS" anu sok rea di eusi ku 
aki-aki. Aki-aki anu ngarana Ki Bahim, Ki Nursam, Ki Gawi, Ki Ujang, Ki Drajat 
jeung rea Aki-aki lainna mangrupakeun aki-aki anu umurna geus 70 taunan. 
Maranehna katempona jagjag waringkas, gagah najan lempangna geus rada bongkok 
make iteuk.
Harita para aki-aki sok nyimpen tasbeh pikeun ngitung dzikir sok 
dagarantungkeun dina tembok. Ngabengbreng eta tasbeh mun di itung aya kana 15 
tasbeh. Terang tasbeh? Tasbeh aki-aki biasana sok digantelan awir-awiran 
samodel kayu paragi siwak (mersihkeun baham samemeh shalat). 
Kuring harita ba'da shalat asar nempo eta tasbeh ngagarantung tina tembok 
ngabaris jiga anu jualan tasbeh. Sir be boga pikiran jail, kuring balik ka imah 
nyokot sambel tarasi anu make cabe rawit anu rasana lada pisan jieunan nini 
kuring. Kuring mungkus eta sambel kana palastik, tuluy balik deui ka mushola, 
nungguan jalma anu tos saralat lohor. Sanggeus di mushola teu aya jalma, sup 
kuring asup ka Mushola tuluy muru tempat tasbeh digarantung. Eta tungtung 
tasbeh anu awir-awiran anu sok dipake siwak ku aki-aki, kabeh ku kuring 
dicocolkeun kana sambel. Geus nyocolkeun eta tasbeh kana sambel, tuluy kuring 
ngagantungkeun deui kana tempatna sewangan.
Waktu ngahareupan magrib, barudak lembur biasa sok ragem di mushola, sora 
barudak kadenge dina sapeker, harita kuring aya ,oge para aki-aki calon 
penghuni surga geus tumaninah nungguan waktu shalat magrib dariuk anu geus 
nyareukeulan tasbeh. Dur bedug magrib tuluy adzan, tos salse adazan henteu 
babarah menit komat. Sanggeus komat eta para aki-aki jung naratung mariskeun 
maneh tukangeun imah tuluy siwak gusak gosok ku tungtung tasbeh. Imam geus 
takbiratul ihram, ditukang para aki-aki recet bari cuprah ceproh ciciduh,pokna 
"astagfirullah naon ieu karasa lada, jeung bau tarasi deui. boa-boa ieu 
disambelan, saha jelemana, kacida amat jailna", aki-aki aya anu ngacir ka 
jamban (toilet) maksudna rek mersihkeun baham anu karasa lada, aya anu 
mersihkeuna make gamis, katempona paciweuh rame jiga budak laleutik.
 
Astagfirullahaladzim......... hampura abdi Gusti

Kirim email ke