www.ahmadsahidin.wordpress.com
----- Pesan yang Diteruskan ----- Dari: Ahmad Sahidin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Jumat, 4 November 2011 14:06 Judul: Bls: [Urang Sunda] Khotbah style. Kang Obay, dosen UIN Jakarta kungsi nalungtik perkawis pengaruh khutbah jumat dalam lahirna gerakan radikalisme agama. Eta panalungtikan diayakeuna di Solo jeung Jakarta. Dina hasil panalungtikan teh yen khutbah jumaah kiwari seuseurna mah sanes masihan katenangan atanapi peupeujeuh supados janten sae atanapi soleh. Malihan mah, ngprovokasi masyarakat. Sagala kagorengan pamarentah, atanapi bejadna moral rahayat ge dicarioskeun. Komo deui nu anti mahzab sanes mah, si khotib teh sok ngagogoreng nu benten madhab atanapi ormas. Tah... gerakan radikalisme jeung ketidakpercayaan rahayat ka pamarentah atanapi main hakim sendiri mun aya kajadian teh aya patalina oge sareng sering ngadangukeun khotib jumaah nu rada esktrim. Mangga geura tong didieu ... http://politikana.com/baca/2010/10/03/buku-benih-benih-radikalisme-agama-di-masjid.html www.ahmadsahidin.wordpress.com ________________________________ Dari: Obay <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 4 November 2011 13:50 Judul: [Urang Sunda] Khotbah style. Baheula waktu keur budak keneh di lembur, lamun ngadangukeun khotbah jumahaah ti mama ajengan sok asa tiis hate teh. Sorana halimpu bari halon jeung merenah intonasina. Komo lamun anjeuna nuju macakeun ayat Qur'an, mani lekoh jeung pas dina adab macana. Kalolobaan khutbah jaman baheula anu sakanyaho kuring siga kitu. Nincak jaman kiwari kuring ngajrek di jakarta, kalolobaan khotib di dieu asa beda pisan dina khotbahna. Intonasi basana heuras/tarik teu sirikna siga nu hahaok bari tutunjuk kaluhur. Ditambah ku polumeu speker anu tarik, atuh kanu ceuli teh mani ngajelengen katorekan. Budak leutik anu diuk di hareup mani nyempod ka bapana, siganamah sawan asa ngadenge nu eukeur nyarekan laklak dasar. Pon kitu deui dina ngucapkeun ayat Qur'an mani teu aya adabna pisan. Khotbah teh ditungtungan ku du'a, edas etamah, ngadadak robah tina jurus sentak sengor ngagejlig kana dareuda, bari luwa-lewe semu anu rek leweh ngadu'a na teh. Bubaran solat, kaciri khotib teh kaluar bari alangah elengeh sasalaman jeung panitia, teu riuk-riuk sedih saeutik-eutik acan. Memang kitu ilaharna atawa etamah rasa kuring wae meureun anu beda standar pinuh ku nostalgia baheula...... ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links http://docs.yahoo.com/info/terms/
