Punten, ngiring ngabewarakeun kabungah bae ieu mah Pa Kuncen.
Ti bulan September nepi ka bulan Desember 2011, Wikimedia Indonesia gawe bareng 
jeung UPI ngayakeun Sundapedia, pasanggiri nulis dina Wikipedia Basa Sunda anu 
ditaratas ku Kang Kumincir. Kabeneran abdi anu tertimpa ekor harimauna, 
ngaluluguan eta kagiatan. Kang Kumi ngajuri(g)an. Alhamdulillah, nepi ka danget 
ieu, dina waktu sabulan Wikipedia geus nambahan kurang leuwih 700 artikel. Bari 
eta artikel teh rada "lumayan" alus pikeun dijadikeun referensi ensiklopedis 
mah. Atuh Kang Kumi nu biasana ngalamot curuk di Saung Wiki teh ayeuna mah rada 
cakah-cikih nyiapkeun cikopi da kaanjangan kontributor anyar di Wikipedia. 
Paniten abdi saheulaanan, kontributor anyar teh kasulitan mimitina wungkul. 
Tetela, ari diayakeun pelatihan teknis ngeunaan nulis di Wiki mah, norolang 
pisan. Siga malam papangantenan, hese mimitina wungkul. Heuheu.
Ieu kagiatan teh dibagi tilu jirangan. Jirangan kahiji (Sept-Okt) geus 
ngahasilkeun sababaraha artikel pinunjul pilihan Dewan Juri (Jurina ti UPI 
jeung Wiki), saperti Seren Taun (http://su.wikipedia.org/wiki/Seren_taun),  
Hortikultura, (http://su.wikipedia.org/wiki/Hortikultura), Rahwana 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Rahwana), Sawer 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Saw%C3%A9r), jeung Kabaya 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Kabaya).

Nyanggakeun. 
Salam
AG

Kirim email ke