Tah enya jigana kudu di-koroyok jiga kitu.
Wilujeng ka pasukan Wikipedia

2011/11/4 A Gunawan <[email protected]>

> **
>
>
> Punten, ngiring ngabewarakeun kabungah bae ieu mah Pa Kuncen.
> Ti bulan September nepi ka bulan Desember 2011, Wikimedia Indonesia gawe
> bareng jeung UPI ngayakeun Sundapedia, pasanggiri nulis dina Wikipedia Basa
> Sunda anu ditaratas ku Kang Kumincir. Kabeneran abdi anu tertimpa ekor
> harimauna, ngaluluguan eta kagiatan. Kang Kumi ngajuri(g)an. Alhamdulillah,
> nepi ka danget ieu, dina waktu sabulan Wikipedia geus nambahan kurang
> leuwih 700 artikel. Bari eta artikel teh rada "lumayan" alus pikeun
> dijadikeun referensi ensiklopedis mah. Atuh Kang Kumi nu biasana ngalamot
> curuk di Saung Wiki teh ayeuna mah rada cakah-cikih nyiapkeun cikopi da
> kaanjangan kontributor anyar di Wikipedia. Paniten abdi saheulaanan,
> kontributor anyar teh kasulitan mimitina wungkul. Tetela, ari diayakeun
> pelatihan teknis ngeunaan nulis di Wiki mah, norolang pisan. Siga malam
> papangantenan, hese mimitina wungkul. Heuheu.
> Ieu kagiatan teh dibagi tilu jirangan. Jirangan kahiji (Sept-Okt) geus
> ngahasilkeun sababaraha artikel pinunjul pilihan Dewan Juri (Jurina ti UPI
> jeung Wiki), saperti Seren Taun (http://su.wikipedia.org/wiki/Seren_taun),
>  Hortikultura, (http://su.wikipedia.org/wiki/Hortikultura), Rahwana (
> http://su.wikipedia.org/wiki/Rahwana), Sawer (
> http://su.wikipedia.org/wiki/Saw%C3%A9r), jeung Kabaya (
> http://su.wikipedia.org/wiki/Kabaya).
>
> Nyanggakeun.
> Salam
> AG
>
>  
>

Kirim email ke