---------- Forwarded message ----------
From: Yeni Kurniatin <[email protected]>
Date: 2011/11/4
Subject: Re: [kisunda] Banondari - Jaipongan, haturan kanggo mang Kabayan
To: [email protected]


**


*Haturan kanggo mang Kabayan*

*Kanggo cooling down saatos mijah*

*
*

*CEURIK RAHWANA*

*Pencipta : Muhtadi, Ibu Saodah Harnadi N.*

*Lagam : Cianjuran*

*Laras : Madenda*

*Banon dari anu lucu*

*Bojo akang anu geulis…. Geulis….*

*Kadieu sakeudeung heula*

*Akang rek mere pepeling…. Aduh*

*Geura sambat indung bapa*

*Samemeh akang pinasti*

*Aduh enung anu ayu*

*Nu geulis pupujan ati…. Geuning….*

*Akang tangtu ngababatang*

*Samemeh akang pinasti… aduh*

*Aduh geulis … akang pinasti*

*Erek menta dihampura*

*Lahir tumekaning batin*

*Kaduhung akang kaduhung*

*Kataji nu lain lain.. geuning…*

*Kaiwat goda rancana*

*Kagembang ku sintawati…aduh…*

*Geuning kieu balukarna*

*Malindes balik ka diri*

*Banondari akang ampun*

*Rumasa geus nganyenyeri… geuning*

*Salawasna dikakaya*

*Nyandung geus puluhan kali…aduh…*

*CEURIK RAHWANA (2)*

*Maneh nu sabar tawekal*

*Doraka akang kabadi*

*Ayeuna tepung panungtung*

*Jeung akang moal panggih deui…geuning*

*Akang menta dihampura*

*Kaawak maneh nu geulis…aduh*

*Poma ulah rek gagabah*

*Mun boga salaki deui*

*Ulah milih anu weduk*

*Anu gagah rongkah sakti… geuning*

*Nu dugal sartabasangkal*

*Boga rasa ieu aing…aduh..*

*Lalanang dikolong jagat*

*Bakti manggulang mangguling*

*Nu weduk teu burung ajur*

*Nu sakti tanwande mati…geuning…*

*Nu dugal teu burung ajal*

*Da taya anu linuwih…aduh…*

*Sakumna mahluk di dunya*

*Wekasan nana mah sami*

Kirim email ke