Dakwah kuduna mah ngarahkeun jalma kana sikap handap asor (tawadhu'). Mun aya 
da'i geus ngarasa paling hebat jeung dakwahna paling bener, lain sikap tawadhu' 
anu baris ngajadi. Mun teu salah anu baris subur nyaeta sikap sombong jeung 
takabur jeung nempo jalma sejen henteu aya hartina.
Nagarsa pang benerna mangrupakeun panyakit anu ditularkeun Iblis Lakantullah. 
Iblis ngarasa hebat dibandingkeun jeung Adam kulantaran Adam diciptakeun tina 
taneuh manehna tina seuneu anu sabeuneurna lain parameter kahebatan makhluq. 
Hal ieu oge ragem jeung rea klaim kabeneran mutlak pikeun diri jeung kalompok 
maranehna sarta kasalahan mutlak pikeun jalma sejen. 
 
Islam ngajarkeun kataatan jeung kapatuhan, namung ngalarang taqlid lolong, 
Islam marentahkeun kasatiaan namung nyela kana sikap kultus individu = 
figuritas. Kultus individu/figuritas bakal munculkeun tradisi taqlid samodel 
meri. Sikap anu akhirna ngajadi nyaeta rasa deudeuh jeung kanyaah ka salah 
sahiji tokoh, lain ka Islam. Melaan kusabab figuritas lain kaikhlasan, dina 
waktuna, melaan ka Islam jadi lemah. Islam marentahkeun supaya urang taat ka 
Allah Swt. jeung ka Rasulallah Saw.  

Kirim email ke