kuring salila ieu ngajalankeun taqlid buta, contona dina nangtukeun 1
ramadhan/ 1 syawal, nabi saw nabi panutup, umat islam teu kenging ngadahar
babi, dina tahiyat kunaon maca attahiyatul jst...., tah dina masalah
masalah eta kuring teu uninga landasan hukumna, da rumasa boro boro maca
tulisan arab gundul, da tulisan arab gondrong oge pabaliut, sababaraha kali
diajar bahasa arab edas teu ngarti ngarti oge, ngarasa kuring mah jalma bodo

2011/11/7 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Dakwah kuduna mah ngarahkeun jalma kana sikap handap asor (tawadhu'). Mun
> aya da'i geus ngarasa paling hebat jeung dakwahna paling bener, lain sikap
> tawadhu' anu baris ngajadi. Mun teu salah anu baris subur nyaeta sikap
> sombong jeung takabur jeung nempo jalma sejen henteu aya hartina.
> Nagarsa pang benerna mangrupakeun panyakit anu ditularkeun Iblis
> Lakantullah. Iblis ngarasa hebat dibandingkeun jeung Adam kulantaran Adam
> diciptakeun tina taneuh manehna tina seuneu anu sabeuneurna lain parameter
> kahebatan makhluq. Hal ieu oge ragem jeung rea klaim kabeneran mutlak
> pikeun diri jeung kalompok maranehna sarta kasalahan mutlak pikeun jalma
> sejen.
>
> Islam ngajarkeun kataatan jeung kapatuhan, namung ngalarang taqlid lolong,
> Islam marentahkeun kasatiaan namung nyela kana sikap kultus individu =
> figuritas. Kultus individu/figuritas bakal munculkeun tradisi taqlid
> samodel meri. Sikap anu akhirna ngajadi nyaeta rasa deudeuh jeung
> kanyaah ka salah sahiji tokoh, lain ka Islam. Melaan kusabab figuritas lain
> kaikhlasan, dina waktuna, melaan ka Islam jadi lemah. Islam marentahkeun
> supaya urang taat ka Allah Swt. jeung ka Rasulallah Saw.
>
>  
>

Kirim email ke