Wartos ngeunaan Sundapedia, kagiatan pasanggiri nulis artikel dina Wikipedia basa Sunda, dimuat dina Cupumanik Oktober 2011. Diserat ku Atep Kurnia. Nyanggakeun wartosna.
Salam, AG Sundapédia 50 urang Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah jeung Prodi Kajian Budaya Sunda Universitas Pendidikan Indonésia ngarumpul di Kampus Bumi Siliwangi UPI Bandung (17/9). Lain ngumpul sangumpul-ngumpulna. Poé harita, lumangsung pasanggiri nulis artikel dina basa Sunda, “Sundapédia 2011”. Sundapédia? Naon hubunganana jeung Wikipédia? Horéng aya gantar kakaitanana. Ieu kagiatan téh hasil gawé bareng Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI, Wikimédia Foundation, jeung Wikimédia Indonésia. Nu ayeuna digelar téh pasanggiri nu munggaran pikeun Wikipédia basa Sunda. Wikimédia Foundation téh yayasan nirlaba nu mayungan proyék-proyék kolaborasi nu sarwa dingaranan Wiki, kayaning Wikipédia jeung Wikiquote. Digelarkeunana di Florida, Amérika Serikat, 2o Juni 2003. Bibit-buitna mah cenah tina proyék Wikipédia jeung Nupédia. Nu harita nggelarkeunna, salasaurang panaratas Wikipédia, Jimmy Wales. Ayeuna ngantorna éta lembaga téh di Kalifornia, AS. Tapi, Wikimédia Indonésia mah cenah taya gantar kakaitanana jeung Wikimédia Foundation. Tanggal 22 Nopémber 2006, di Jakarta, mimiti renung idé ngadegkeun Wikimédia Indonésia. Tanggal 5 Séptember 2008, Wikimédia Indonésia sacara resmi ngadeg. Harita nu ngawakilan panaratasna téh Ivan Lanin jeung Leo Cahyadi. Misina, cenah, hayang ngabébaskeun pangaweruh, dina harti saban jalma di mana waé ayana boga hak mikanyaho pangaweruh. Tah, ari Wikipédia apan énsiklopédia bébas jeung haratis di dunya maya. Nu ieu mah dijieunna téh tanggal 15 Januari 2001. Jimmy Wales jeung Larry Sanger nu nyieunna. Lebah ngaran Wikipedia, nya Sanger pisan nu ngusulkeunna. Cenah Wikipédia téh tina kecap Wiki (basa Hawai), hartina “gancang”. Sedeng “pédia” nyokot pondokna énsiklopédia. Jadi wéh Wikipédia. Asalna mah cenah Wikipédia gé mangrupa proyék tambahan Nupédia, nyaéta énsiklopédia online nu artikelna ditarulis ku para ahli dina widangna séwang-séwang. Bari prosés ngagawéanana saperti ilahar nyieun énsiklopédia. Nupédia nu dipimilik ku Bomis, Inc téh mimiti digelarkeun 9 Maret 2000. Nepi ka kiwari Wikipedia geus ngumpulkeun leuwih ti 10 juta artikel dina 250-an leuwih basa nu aya di dunya. Kaasup Wikipédia basa Sunda mimiti dijieun taun 2005. Nepi ka kiwari geus kakumpulkeun 14.942 artikel basa Sunda atawa réngking ka-72 di antara Wikipédia dina basa séjén di sakuliah dunya. Ari éta pasanggiri di UPI naon pamianganana? Cék Aditia Gunawan, Direktur Proyek Sundapedia 2011, “Kiwari aya kénéh anggapan, yén Wikipédia téh mangrupa situs anu sacara kailmiahan teu bisa dipercaya. Éta anggapan téh bisa jadi bener, tapi ogé teu kurang salahna. Bener lamun dina kanyataanana kontributor dina Wikipédia saeutik. Tapi, lamun kontributor dina Wikipédia loba, kamungkinan-kamungkinan kaliruna bisa diungkulan, ku sabab saupama jumlah pamakéna leuwih loba, papada pamaké bisa silih talingakeun tur élingan”. Ku kituna, cenah, éta léngkah gé bisa diterapkeun kana tulisan dina Wikipédia basa Sunda. Cék Aditia, “Mun tulisan dina Wikipédia basa Sunda bisa dipertanggung-jawabkeun, tinangtu ieu situs téh bakal jadi sumbangan anu kacida gedéna pikeun hirup-huripna basa Sunda. Masarakat, utamana masarakat Sunda anu mikabutuh informasi awal ngeunaan hiji hal, bisa ngamangpaatkeun Wikipédia basa Sunda. Wikipédia basa Sunda bakal nyadiakeun rupa-rupa informasi anu euyeub, komunikatif, jeung nétral”. Kitu pamianganana téh. Tapi ku naon bet di UPI Bandung? “Sabab mahasiswa basa Sunda UPI geus biasa dina ngébréhkeun ideu atawa pamanggihna dina basa Sunda, dalah karangan ilmiah atawa skripsina ogé ditulis ngagunakeun basa Sunda,” kitu nu dijieun alesan panitia ku naon ngayakeun éta pasanggiri di UPI. Kagiatanana baris lumangsung salila 72 poé, ti bulan Séptémber nepi Désémber 2011. Runtuyan acarana dibagi tilu jirangan. Jirangan kahiji mangrupa pelatihan jeung kompétisi tahap kahiji (Séptémber-Oktober 2011). Jirangan kadua, pelatihan jeung kompétisi tahap kadua (Oktober-Nopémber 2011). Jirangan katilu, pelatihan jeung kompétisi tahap katilu (Nopémber-Désémber 2011). Téma tulisanna bébas. Para pamilon bisa nulis naon baé ngeunaan kasundaan. Nu dipeunteunna antarana kalengkepan artikel (rujukan, gambar, wikifisasi, jeung interwiki), absénsi, remenna nulis, jumlah artikel, jumlah éditan, jsté. Déwan juri nu baris meunteunna, wawakil ti dosén Jurusan basa Sunda UPI jeung wawakil ti Wikipédia Sunda. Pinunjul utamana baris meunangkeun laptop tur Layang Pangajén ti Wiki.***(AK)
