Can naon2 ieu tulisan geus ngundang pananya ! Nu kumaha cenah nu disebut basa Sunda teh ? Naon sababna kitu ? Lantaran nu ngaku nyarita ku Basa Sunda teh nyata aya sababaraha wewegkong; upamana : Basa Sunda ala Banten; Basa Sunda ala Cirebon; Basa Sunda Priagan; Basa Sunda Bogor; jste.
Naha aya Basa Sunda standar ? Nepi ka uing nulis can aya. Naha nu disebut basa Sunda teh kudu ngudag ka nu asli ? Lantaran kapan cenah Priangan mah kapangaruhan ku Mataram ? Naha Basa Sunda asli teh kawas urang BADUY ? Can puguh. Naon sababna ? Sabab boa nu kabur ka Baduy mah lain priyayina ? Jadi ngaranna Basa kapan kuduna mah "berkembang" ( naon nya berkembang sundana ?) naju salaras jeung kamajuan jaman. Lamun mandeg, tah teu kaasup BUDAYA deui; sedengkeun Basa teh kapan sabagean ti na Budaya.
