Hiji enol

Wibawa/komara hiji kiai kadang
mangaruhan masyarakat "mempercayai" naon-naon anu diomongkeun.
Percayana teh   haqqul yaqin pisan, nepi ka teu bisa mikir kritis.
 
Kamari batur kuring Sukardi Rinakit,
panalungtik ti Soegeng Sarjadi Syndicate ngadongeng perkara Gus Dur Jadi
Presiden.
 
Hiji mangsa Sukardi teh nanya ka Pak
Harto,(harita Pak Harto masih jaya-jayana), saha kira-kirana anu bakal jadi
presiden upama Pak Harto mangkat/lengser. Pak Harto ngajawab "Gus
Dur" cenah. Sukardi panasaran naon sih kahebatan Gus Dur, nepi ka Pak
Harto ngaramal bisa jadi Presiden. Sukardi ngadongengkeun perkara ieu ka Gus
Dur. Gus Dur ngan Unggut-unggutan wae, heunteu ngajawab sacara langsung. Teu
lila ti harita, kajadian peristiwa 1998, Orde Baru "tumbang".
 
Kaum reformis bingung, saha
kira-kirana anu pantes dipilih jadi Presiden Orde Reformasi Sabada Habibie.
Para tokoh "poros tengah" harita oge bingung. Hiji mangsa Gus Dur
ngobrol jeung Megawati, ngimpi didatangan ku manten Presiden Sukarno . Dina
ngimpi eta teh Sukarno netelakeun, masrahkeun Indonesia supaya diurus ku Gus
Dur. Ahirna Megawati teu jadi nyalonkeun maneh jadi presiden. Ka Yusril Gus Dur
oge ngadongeng siga kitu. Alhasil Yusril oge mengundurkan diri tina pencalonan
presiden. Ari Ka Amien Rais, Gus Dur ngadongengkeun ngimpi kadatangan Kiai
Wahid Hasyim (Sesepuh/tokoh PBNU) jeung Kiai Ahmad Dahlan (tokoh Muhammadiyah).
Duanana masrahkeun kakawasaan nagara ka Gus Dur. Atuh Amien Rais oge percaya
pisan. Pikeun ngahormatan dua tokoh eta, Amien Rais oge teu jadi nyalonkeun
jadi Presiden. Di MPR, ahirna Gus Dur kapilih jadi Presiden.
 
Tapi dongengan teh can tamat. Amien
Rais panasaran, nanya ka Megawati jeung Yusril, naon wae anu didongengkeun ku
Gus Dur. Barang kanyahoan dongengan ka Megawati jeung Yusril beda jeung
dongengan ka manehna, puguh wae atuh Amien Rais teh ambek nyedek. Langsung
manggihan Gus Dur terus ngagalaprak Gus Dur, tega-tegana ngabohong. Gus Dur
ngajawab kalem, "ngaranna oge ngimpi, bisa salah, bisa bener."
 
baktos,
 
mrachmatrawyani
 
 
Hiji-Hiji 
 
Sabada Gus dur Kapilih jadi Presiden, para tokoh poros tengah
(Megawati, Yusril, Amien Rais) ngarasa hanjakal geus “masrahkeun” pamarentahan
ka Gus Dur, salaku Presiden. Tapi teu etis lamun ngeureunkeun pamarentahan Gus
Dur di satengahing jalan. Sok sanajan Megawati jadi Wakil Presiden, tapi sagala
kawijakan lolobana Gus Dur sorangan anu nangtukeun. Puguh wae atuh Megawati
ngarasa keuheul, asa disapirakeun. Dina perkara ieu, para wartawan “ngambeu”
teu aya kasarasian Presiden jeung wakil presiden. Yusril oge nitenan,
sababaraha kawijakan Gus Dur heunteu taat asas hukum. Amien Rais anu jadi Ketua
MPR teu bisa nanaon, komo deui mecat Gus Dur salila teu nyalahan atawa
ngalanggar UUD 1945.

Tapi kalakuan Gus Dur beuki kadieu badis siga pangawasa Orde
Baru, otoriter hayang meunang sorangan. Ngatur nagara sakadaekna. Jigana ieu
hiji kasempetan pikeun lawan-lawan politikna Gus Dur. Makana diatur, kumaha
carana sangkan Gur Dur loba ngalakukeun kasalahan. Mimitina DPR ngamasalahkeun
dana bantuan ti Sultan Brunei Darussalam. Terus ngarembet kana perkara anggaran
perjalanan dinas ka luar negeri, anu mecahkeun rekor panglilana  anu dilakukeun 
ku hiji kapala nagara. Para “lawan”
politikna terus mere omber ka Gus Dur, nepi ka hiji mangsa Presiden ngaluarkeun
Dekrit pembubaran Partai Golkar. Dina perkara ieu Gus Dur “tikosewad” nepi ka
kudu “lengser”, digantikeun ku Megawati. Naon alesan anu jelas Gur Dur
ngaluarkeun dekrit, masih jadi misteri. Boa-boa Gus Dur ngimpi kadatangan
Sukarno “deui” supaya ngaluarkeun dekrit. Tapi teu dipercaya ku Amien Rais,
Megawati jeung Yusril.

(ieu mah dongeng kreasi kuring sorangan)

Baktos,
mrachmatrawyani

Kirim email ke