Wibawa/komara hiji kiai kadang mangaruhan masyarakat "mempercayai" naon-naon anu diomongkeun. Percayana teh haqqul yaqin pisan, nepi ka teu bisa mikir kritis.
Kamari batur kuring Sukardi Rinakit, panalungtik ti Soegeng Sarjadi Syndicate ngadongeng perkara Gus Dur Jadi Presiden. Hiji mangsa Sukardi teh nanya ka Pak Harto,(harita Pak Harto masih jaya-jayana), saha kira-kirana anu bakal jadi presiden upama Pak Harto mangkat/lengser. Pak Harto ngajawab "Gus Dur" cenah. Sukardi panasaran naon sih kahebatan Gus Dur, nepi ka Pak Harto ngaramal bisa jadi Presiden. Sukardi ngadongengkeun perkara ieu ka Gus Dur. Gus Dur ngan Unggut-unggutan wae, heunteu ngajawab sacara langsung. Teu lila ti harita, kajadian peristiwa 1998, Orde Baru "tumbang". Kaum reformis bingung, saha kira-kirana anu pantes dipilih jadi Presiden Orde Reformasi Sabada Habibie. Para tokoh "poros tengah" harita oge bingung. Hiji mangsa Gus Dur ngobrol jeung Megawati, ngimpi didatangan ku manten Presiden Sukarno . Dina ngimpi eta teh Sukarno netelakeun, masrahkeun Indonesia supaya diurus ku Gus Dur. Ahirna Megawati teu jadi nyalonkeun maneh jadi presiden. Ka Yusril Gus Dur oge ngadongeng siga kitu. Alhasil Yusril oge mengundurkan diri tina pencalonan presiden. Ari Ka Amien Rais, Gus Dur ngadongengkeun ngimpi kadatangan Kiai Wahid Hasyim (Sesepuh/tokoh PBNU) jeung Kiai Ahmad Dahlan (tokoh Muhammadiyah). Duanana masrahkeun kakawasaan nagara ka Gus Dur. Atuh Amien Rais oge percaya pisan. Pikeun ngahormatan dua tokoh eta, Amien Rais oge teu jadi nyalonkeun jadi Presiden. Di MPR, ahirna Gus Dur kapilih jadi Presiden. Tapi dongengan teh can tamat. Amien Rais panasaran, nanya ka Megawati jeung Yusril, naon wae anu didongengkeun ku Gus Dur. Barang kanyahoan dongengan ka Megawati jeung Yusril beda jeung dongengan ka manehna, puguh wae atuh Amien Rais teh ambek nyedek. Langsung manggihan Gus Dur terus ngagalaprak Gus Dur, tega-tegana ngabohong. Gus Dur ngajawab kalem, "ngaranna oge ngimpi, bisa salah, bisa bener." baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: [email protected] Sent: Sunday, November 13, 2011 11:21 PM Subject: Re: [Urang Sunda] "Pasea" perkara gancangna cahaya Ha..ha..hebat tah kritik teh Bah. Boro-boro non muslim kuring wae sok hayang seuri lamun aya anu nyebutkeun yen sarupaning elmu kabeh aya di Qur'an barijeung pabaliut lamun ditanya masalah detil. Kahayang teh lamun enya rek ngabuktikeun ilmiah, kudu make jalan ilmiah deui. Ulah ngagulkeun anu can puguh enya. Powered by Kejo Bear® ________________________________ From: "Waluya" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 14 Nov 2011 06:37:45 -0000 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [Urang Sunda] "Pasea" perkara gancangna cahaya Cenah gancangna cahaya bisa diitung make ayat-ayat Al Qur'an, pangpangna mah ayat [32:5] nu kira kira ditafsirkeun yen 1000 TAUN DI DUNYA sarua jeung SAPOE DINA URUSAN LANGIT (AKHERAT?). Make ayat ieu, saaurang Mesir ngaku bisa ngitung gancangna cahaya. Di Indonesia perkara ieu dipopulerkeun ku saurang Kyai dina koran lokal di Makassar oge di internet (http://waii-hmna.blogspot.com/2002/01/508-menghitung-laju-cosmic-affair.html). Minggu kamari, uing debat bebeakan jeung Pak Kiai Makassar ieu dina hiji millis, kulantaran sabenerna loba masalah dina itung-itungan ieu, boh ditempo tina masalah Fisika, oge lamun ditempo konsistensi dina nafsirkeun Al Qur'an. Uing moal nempo masalah fisikana, tapi masalah in-konsistensi dina nafsirkeun Al Qur'an tepika miceun acuan kalender Hijriyah, supaya itung-itungan cocog jeung nu dipikahayang. Rumus ngitungna gancangna cahaya cenah ceuk tafsir manehna: U t = 12000L U : urusan langit (diistlahkeun cosmic affair) t : Waktu sapoe dina detik L : Panjang orbit bulan dina ngurilingan dunya (=2PiR, R Jari-jari orbit bulan) Tah nu dimasalahkeun ku uing teh angka 12000na, ieu timana holna? Ceuk Pak Kiai teh sabab sataun 12 bulan, jadi lamun 1000 taun= 12000 bulan. Hartina 12000 kali bulan ngurilingan Dunya. Jadi kalikeun weh kana kelling lingkaran orbit ( L= 2piR.) Ke heula, ceuk kuring teh, 1000 taun = 12000 bulan memang bener, tapi lain hartina bulan ngurilingan dunya pas 12000 kali tapi leuwih. Jumlah poe dina sataun ceuk kalender Hijrah = 354 poe Waktu nu diperlukeun bulan ngorbit sakuriling = 27.3 poe Jadi lamun 1000 tahun = 1000 x (354/27.3) = 1297 kali! Rumusna kudu ganti jadi : U t = 1297 L Manehna "keukeuh", da ari rumusna diganti mah jadi teu cocog jeung gancangna cahaya. Manehna make alesan, make definsi sidereal month, waktu nu diperlukeun bulan keur ngurilingan dunya (27.3 poe), lain waktu synodic month nyaeta waktu nu diperlukeun antara "bulan mati" tepi ka "bulan mati" deui (29.5 poe). Ceuk uing teh ieu hartina Pak Kiai ngan ngitung sataun = 327 poe, nu ngandung harti: 1.Pak Kiai nyieun definisi taun sorangan supaya itung-itungan jadi cocog jeung gancangna cahaya. 2. Pak Kiai dina nafsirkeun 1000 TAUN dina ayat [32:5] geus kaluar tina patokan kalender Hijrah nu sabenerna mah pananggalan acuan keur nafsirkeun Al Qur'an. Tutungna ku uing ditanya, lamun kitu carana, hartina dimeunangkeun teu make kalender Hijriyah keur nafsirkeun ayat-ayat Al Qur'an. Tah batesanana tepi kamana? Tepika ayeuna teu ngajawab euy Pa Kiai teh, kalahka disalenggorkeun kaditu-kadieu, bingungeun meureun. Ngan kuring ngabejaan ka Pa Kiai teh, lamun carana kieu (sambarangan nyutat artikel nu sacara ilmiah acan diaku), batur (pangpangna nu lain Islam) lain helok, tapi malah beuki nyeungseurikeun. Naon sababna kuring nyaritakeun perkara ieu didieu? Artikel pa Kiai (basa Indonesia) teh nyebar/ dicutat dimana-mana dina internet, jeung euweuh nu ngritisi. Disangkana teh bener we. Ari kituna mah ngamaklum, rada males ningali rumus jeung angka-angka. Baktos, WALUYA
