Poe Saptu kamari kuring meunang kareuwas, kuring, leuwih tepatna anak kuring
anu cikal, katipu ku telepon tepika teu puguh-puguh mangmeulikeun pulsa
jelema tukang tipu tepika 500.000 perak. Caritana kieu, si Cikal isuk-isuk
keneh geus indit ka Sukabumi jeung babaturanana arek ngadon arung jeram di
Citarik. Di satengahing perjalanan, hpna disada, manehna nu harita keur
nyupir gura-giru narima telepon. Di hallo-halo teh teu ngajawab ngan
kadengena sora awewe nu ngahiung ceurik. Cenah ceuk si Cikal, naha bet siga
sora si Nia (anak kuring nomer dua). Si cikal gancangan ngajawab satengah
ngagorowok: "Nia, aya naon? Ieu Aa"
Tapi nu ngajawab lain awewe nu ngahiung ceurik, tapi sora lalaki logat
sumatera, nu langsung ngomong ngaku pulisi ti Poltabes Bandung, mere info
yen "Si Nia" teh ditewak malem saptu dina razia Narkoba, manehna ditewak
dina mobil babarengan jeung baturna nu aranna Dewi. Si Pulisi teh
nyaritakeun bapana si Dewi geus nebus si Dewi 30 juta, supaya kasusna teu
diteruskeun. Tah kulantaran si Nia mah ukur kababawa wungkul, cukup 10 juta
wae. Tapi lamun henteu kasusna tetep arek diteruskeun/ diperpanjang.
Atuh si Cikal teh panik, sabab manehna nyaho adina malem saptu teh sare di
babaturanna ngagawekeun tugas kuliahna, ngan manehna teu apal saha-saha wae
babaturan adina teh. Rek nelepon kuring atawa indungna, "si Pulisi" teh
wanti-wanti teleponna teu meunang dipegatkeun. Si Cikal mikir boga duit
timana, komo 10 juta perak mah. Manehna nyoba negoisasi jeung "si Pulisi" ,
nyebutkeun ngan boga 500 rebu. Mimitina mah "si Pulisi" teh keukeuh, tapi
lila-lila mah satuju, asal keur pangiket jadi. Keur ngirimna make sistem
"telepati" we cenah. Nu dimaksud sistem telepati teh meuli pulsa. Langsung
si Cikal teh neangan Indomaret, terus meuli pulsa keur 500 rebueun. Manehna
ngomong deui ka pulisi, yen pulsa geus dibeulikeun, tapi lilingeran si Cikal
geus mimiti balik deui, manehna menta ngomong deui jeung si "Nia" nu ceurik
ngahiung. "Nia ieu Aa, ieu teh bener Nia, tanggal lahir kamu tanggal
berapa?"
Nu ngahiung ceurik, teu ngajawab, tapi ceurikna narikan, Hpna langsung
dicokot ku "sang pulisi", nu terus ngancam lamun duit nu 10 juta teu
dtransfer, kasusna bakal diteruskeun. Si cikal ukur ngajawab "Iyah ..iyah".
Bari terus megatkeun telepon. Manehna langsung nelepon indungna, pedah ari
indungna mah boga dulur pulisi jeung kuring mah poe saptu kamari teh keur di
Jakarta. Indungna nelepon anak kuring nomer dua, eh ngajawab, cenah mah bari
nyereng, da asa kaganggu maklum keur kuliah!. Yakin weh, ieu mah pagawean
tukang tipu. Si Cikal, nu tadina mah rek ngabatalkeun ulin arung jeramna di
Citarik, neruskeun rencana jeung babaturannana, sanajan bari mentegeg da
duitna leungit 500 rebu perak.
Kuring karek apal aya kajadian kieu peutingna, pamajikan teu langsung
ngabejaan, da meureun teu ari, duit nu 500 rebu ge moal balik deui. Jadi
ngahuleng, kumaha lamun nu "gelo" teh nelepon kuring atawa pamajikan, terus
da bakating ku reuwas jeung nyaah ka anak, langsung we transfer duit jutaan
ka jelema "edan". Ati-ati baraya, geuning loba tukang tipu ......
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/