Bah Waluya, Hatur nuhun kana wawaranana, penting pisan kauningan ku urang sarerea supados tatan-tatan bilih mayunan urusan sarupa. Aya deui nu siga kitu di Malaysia, si 'batak' teh bakal nelepon ka hp neng 'nia' terus ngabejaan telepona kudu dipareuman salila 2 jam ayeuna keneh sabab bakal aya system upgrade ti Maxis/Telekom. Sangges Nia mareuman hp na, si 'batak' bakal nelepon deui ka Nia rek mastikeun yen teleponna di pareuman, lamun henteu pasti dicarekan sabab ngaganggu system. Geus kitu si 'batak' bakal nelepon ka bah Waluya ngabejakeun yen Nia dina waktu ayeuna keur di culik jeung menta ditebus dina waktu 2 jam, lamun henteu nyawa Nia bakal ngalayang. Kukituna Abah bakal gura-giru nyumponan pamenta si 'batak' tea. kitu nun...........kade ieu email ulah diasupkeun kana komuntas 'horas bah' bisi arambek, ieu mah ukur reka carita wungkul nginjeum ngaran si batak.
________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected]; Ki Sunda <[email protected]>; [email protected] Sent: Tuesday, November 15, 2011 1:35 PM Subject: [kisunda] Katipu Poe Saptu kamari kuring meunang kareuwas, kuring, leuwih tepatna anak kuring anu cikal, katipu ku telepon tepika teu puguh-puguh mangmeulikeun pulsa jelema tukang tipu tepika 500.000 perak. Caritana kieu, si Cikal isuk-isuk keneh geus indit ka Sukabumi jeung babaturanana arek ngadon arung jeram di Citarik. Di satengahing perjalanan, hpna disada, manehna nu harita keur nyupir gura-giru narima telepon. Di hallo-halo teh teu ngajawab ngan kadengena sora awewe nu ngahiung ceurik. Cenah ceuk si Cikal, naha bet siga sora si Nia (anak kuring nomer dua). Si cikal gancangan ngajawab satengah ngagorowok: "Nia, aya naon? Ieu Aa" Tapi nu ngajawab lain awewe nu ngahiung ceurik, tapi sora lalaki logat sumatera, nu langsung ngomong ngaku pulisi ti Poltabes Bandung, mere info yen "Si Nia" teh ditewak malem saptu dina razia Narkoba, manehna ditewak dina mobil babarengan jeung baturna nu aranna Dewi. Si Pulisi teh nyaritakeun bapana si Dewi geus nebus si Dewi 30 juta, supaya kasusna teu diteruskeun. Tah kulantaran si Nia mah ukur kababawa wungkul, cukup 10 juta wae. Tapi lamun henteu kasusna tetep arek diteruskeun/ diperpanjang. Atuh si Cikal teh panik, sabab manehna nyaho adina malem saptu teh sare di babaturanna ngagawekeun tugas kuliahna, ngan manehna teu apal saha-saha wae babaturan adina teh. Rek nelepon kuring atawa indungna, "si Pulisi" teh wanti-wanti teleponna teu meunang dipegatkeun. Si Cikal mikir boga duit timana, komo 10 juta perak mah. Manehna nyoba negoisasi jeung "si Pulisi" , nyebutkeun ngan boga 500 rebu. Mimitina mah "si Pulisi" teh keukeuh, tapi lila-lila mah satuju, asal keur pangiket jadi. Keur ngirimna make sistem "telepati" we cenah. Nu dimaksud sistem telepati teh meuli pulsa. Langsung si Cikal teh neangan Indomaret, terus meuli pulsa keur 500 rebueun. Manehna ngomong deui ka pulisi, yen pulsa geus dibeulikeun, tapi lilingeran si Cikal geus mimiti balik deui, manehna menta ngomong deui jeung si "Nia" nu ceurik ngahiung. "Nia ieu Aa, ieu teh bener Nia, tanggal lahir kamu tanggal berapa?" Nu ngahiung ceurik, teu ngajawab, tapi ceurikna narikan, Hpna langsung dicokot ku "sang pulisi", nu terus ngancam lamun duit nu 10 juta teu dtransfer, kasusna bakal diteruskeun. Si cikal ukur ngajawab "Iyah ..iyah". Bari terus megatkeun telepon. Manehna langsung nelepon indungna, pedah ari indungna mah boga dulur pulisi jeung kuring mah poe saptu kamari teh keur di Jakarta. Indungna nelepon anak kuring nomer dua, eh ngajawab, cenah mah bari nyereng, da asa kaganggu maklum keur kuliah!. Yakin weh, ieu mah pagawean tukang tipu. Si Cikal, nu tadina mah rek ngabatalkeun ulin arung jeramna di Citarik, neruskeun rencana jeung babaturannana, sanajan bari mentegeg da duitna leungit 500 rebu perak. Kuring karek apal aya kajadian kieu peutingna, pamajikan teu langsung ngabejaan, da meureun teu ari, duit nu 500 rebu ge moal balik deui. Jadi ngahuleng, kumaha lamun nu "gelo" teh nelepon kuring atawa pamajikan, terus da bakating ku reuwas jeung nyaah ka anak, langsung we transfer duit jutaan ka jelema "edan". Ati-ati baraya, geuning loba tukang tipu ...... Baktos, WALUYA
