Hehehe. Mun ku nu anyar pinanggih mah matak soak nya.

Sapanitenan uing, sapanjang bulan ieu, oge sababaraha bulan samemehna, asa
teu aya postingan, nu bisa ngahudang maung turun gurung. Duka kunaon
sasakalana nu nyababkeun Bah AA ngirim postingan nu eusina rada tara ti
sasari. Asa teu gugur, teu angin, ngagadak aya angin puyuh lilimbungan.

Ieu mah ngan ukur keur babagi pamanggih wae. Ceuk cenah, boh kuer tukang
da'wah oge tukang ngatik, ada dua hal nu perlu dijadikeun bahan
tinimbangan. Ari nu kahijina, ceuk mang lebe mah, cenah eusining pesen. Tah
nu kaduana cenah cara, atawa metoda nepikeun eusining pesen. Eta dua hal
teh cenah bisa gede pangaruhna kana nepi henteuna pesen ka sasaran nu
dimaksud. Eusi hade, carana butut, can tangtu aya nu ngadengekeun, kalah
barirat. Eusina butut, carana hade, kitu deui can tangtu hasil pamaksudan.
Komo mun eusi butut, ditepikeun kucara nu butut mah, kuriak moal aya
alaeunana pisan.

Nu matak cenah Kanjeng Rosul mun ngawuruk ka para sahabat sok make metode
nu jempolan, make jurus "uswatun hasanah" tea cenah. Ku jalan mere conto nu
hade. Jigana aya hadena mun urang hayang nepikeun ideu ka nu lian, niron
jurus eta nya.


2011/11/15 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Keur nu memang aya kahayang diajar Basa Sunda Priangan nu bener; ieu
> tulisan dijieun teh. Tah kuring Nyureng mun aya atawa LOBA nu keuheul ku
> nulis ieu tulisan ? Asa teu kaharti aya urang Sunda nu keuheul ka na maksud
> hade ieu tulisan !? Asa teu jaharti ku akal !
>
> Jadi mun aya USboh ti cirebon, Bogor, tawa Banten, embung diajar Sunda
> Priangan teu nanaon. Ngan ulah make nu disebut BASA Sunda LEMES bari teu
> bener ! maning tong dipake sama sakali !
>
> Jadi lamun memang kecap DAMANG; KULEM dipake; nya pake bari jeung aturan
> nu geus biasa baheula dilakukeun. Aya palenggeranana. Ulah sakahayang
> sorangan wae.
>
> Jadi ka sakumna US mu hayang diajar basa Sunda Priangan tah ayeuna kuring
> nurunkeun tulisan kumaha cara2 na Basa Sunda Priangan nu bener.
>
> Ka sing saha US nu embung diajar UUBS nya seug teh teuing kuma dinya !
> Ngan mun bisa ulah make kecap damang rama raka jst ari tewu bisa makena
> mah; sabab bakal nerekabkeun Basa Sunda Priangan nu sakahayang tea. Piraku
> sugan hayang boga dulur sabangsa nu ngaraco kabeh ? Kena2 urang ngaco trus
> batur kabeh kudu NGACO !?
>
> Tah eta nu disebut SETAN mangrupa MANUSA teh; nu nerekabkeun nu teu bener !
>
> HANCA
>

Kirim email ke