Ka sing saha nu hayang nambah pangaweruh di na Basa Sunda priagan; tah kuring nulispalenggeran Utamana. Ari UUBS teh digunakeunana ka tilu personifikasi. Nya eta 1. keur kuring atawa uing ---->>>> make basa lomaka 2. keur abdi ---->>>> make basa nu rada lemeska 3 , keur batur; utamana nu dipihormat Jadi kuring mun nulis ieu teh nya keur ieu tilu personifikasi.Nya eta kuring ; abdi; jeug anjeun/bapa /ibu jsb Mere daftarna kapaksa dumasar ka na basa Indonesia heula. Upamana : makan : dahar, neda, tuang ( urutan personifikasina sarua )diambil : dibawa ; dibantun ; dicandakdiundang : diondang, diondang, diulemsakapeung aya kecap ganti nya eta diangkir linggih Ari kecap2 saperti sia, aing, silaing, geus ampir teu dipake lantaran eta mahpantesna lamun keur PASEA. Kecap kojor, modar, eta pantesna keur sato; mu dipake nya palig ka MUSUH kecap nyatu, ngahakan eta oge keur sato Tidur : sare ; mondok ; kulem/ebog ---->>> ari bobo mah keur budak leutik Minum : nginum; nginum; ngaleueut nawaran batur oge bari sopan : mangga ngaraleueut ............. Berdiri : nangtung ; nangtung ; ngadeg Berjalan : leumpang, leumpang; angkat Sakit : gering ; udur ; teu damang/ngangluh Bicara : ngomong ; nyarios; sasauran Manggil : ngageroan ; ngageroan ; nyauran/ngagentraan ayah : pun bapa; pun bapa ; rama Mati : kuring euweuh ; abdi euweuh ; bapa maot Tuda piraku kuring paeh bisa nyarita yeuh kuring paeh ! hehehehe Membaca : maca ; maca ; maos beda maos jeung ngaos ! Ari ngaos mah keur maca Qur_an. Ari nanya ka batur kudu mske nu katilu :Kumaha damang ?Lamun urang nu ditanya ku batur kumaha damang ? Jawabna sae atawa pangesto Sakitu heula keur sayeunaeun mah
.
