Mairan kang.
Perkara nipu-nipu make HP eta geus loba modusna, kaalaman oge ku kuring, aya nomer anyar nga sms pok na teh "Dod, udah pulang belum, masih kerja di PT anu (bari nyebutkeun PT tempat kuring buburuh)", pamikir kuring ah meureun babaturan kuring nu boga nomer anyar, nya di jawab bae sajalantrahna "saya belum pulang, saya masih kerja di PT anu (kuring oge nyebutkeun PT tempat kuring buburuh) nomer eta ku kuring disimpen diaranan asal bae X atawa XX, sababaraha poe ti harita eta nomer sms deui nanya kabar jeung basa basi so akrab, nya ku kuring di jawab asal bae, kira-kira meunang samingguan eta nomer teh sms deui menta pulsa 25 rebu ka nomer no sejen, ti semet eta mun aya sms ti nomer nu teu dikenal nu eusina so kenal ku kuring tara di bales, ieu kajadian lain sakali. Tah tidinya kuring jadi mikir ieu jelema nyaho ti mana nomer kuring jeung tempat buburuh kuring, dipikir deui, dipikir deui, aya kamungkinan kitu mun eta informasi ngenaan kuring teh tina account kuring dina email atawa FB atawa naon lah nu sipatna maya..? bisa jadi... ________________________________ From: agus romdoni <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Wednesday, November 16, 2011 11:13 AM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Katipu sami tah kajadian teh sareng nu karandapan ku kuring, geus aya kana sataun katukang kajadianna mah. Kuring katipu beak 1,5 juta. Caritana harita keur gawe pabeubeurang kuring narima telpon ti nomer esia area Karawang, pas diangkat pokna teh ujug-ujug nanya " Gus, maneh inget keneh ka urang?" cenah pokna. Kuring taya curiga nanaon, nu aya teh nginget-nginget babaturan nu mana! Ras teh inget ka sobat urang Sukabumi nu sok nulungan ka kuring ari keur rajeun aya kasusah. " Shobar, maneh Shobar lin ? ". "Enya!" pokna teh. Tungtungna kuring silih nanyakeun kabar, eh teu lila manehna nyaritakeun yen harita manehna keur karerepet ditahan di Polsek Bekasi, cenah mah kacilakaan tas nabrak jelema, ku pulisina rek dibebaskeun asal ditebus cenah. Eta ge bisi teu percaya hapena sempet dibikeun ka pulisina, cenah sobat kuring teh keuna pasal sekian ( poho deui, ongkoh teu pati paduli da kuringna kaburu tagiwur ), sarua deuih modusna mah kudu ditebus sekian cenah lamun babaturan hayang bebas mah. Teu loba tatanya kuring tuluy we nanya ka sobat kuring tea butuh sabaraha ? di Polsek Bekasi mana ? ku kuring ek didatangan maksudna mah ( kuring lebeng teu nyadar yen kode area telpon teh lain Bekasi tapi Karawang ). Ceuk manehna teu kudu datang cenah, transfer we da keukeuh pulisina nyaram aya jelema sejen nu terlibat. Harita kuring ge keukeuh rek nyampeurkeun meh pararuguh kumaha-kumahana. Ceuk kuring teh ari kudu transfer mah teu bisa, da ongkoh teu nyekel duit gede, ATM ge dicekel ku pamajikan. Tungtungna manehna menta dipangmeulikeun pulsa keur pulisina rek dipake nelpon ka atasanana cenah meh kasusna ditutup. Tadina menta 50rebu ka nomer pulisi nu di-esemes-keun. Caritana geus dipangmeulikeun, eh pokna teh baladna (pulisi) sarua menta 50rebu deui, teu loba carita harita keneh ku kuring dipangmeulikeun deui. Ti dinya kuring geus mimiti ngarasa curiga tapi dasar ku apes tea meureun hape kuring lowbet, tungtungna kuring nitah manehna ngahubungi pamajikan di imah, bebeja we mun aya kabutuh mah. kuring ge geuwat nelpon ka pamajikan bebeja bisi aya telpon ti si Shobar omat-omatan mun aya pamenta bere wae. Meureun nu nipu teh asa meunang jalan, ka pamajikan menta pulsa leuwih gede. Mimiti menta ditransfer 200rebu, pamajikan teu curiga, teu nanya heula ka kuring jangji mere we da tadina kaomatan ti kuring. Teu lila ti harita geus menta deui wae leuwih gede 300rebu bari nomerna teu sarua menta masing-masing dieusian saratus sewang. Pamajikan muley curiga, nelpon kuring bebeja si Shobar teh menta ditransfer pulsa 300rebu. Kuring da keur sibuk tea kana pagawean teu loba omong nitah dibere wae, karunya meh kasusna gancang beres. Nurut ka salaki, pamajikan nu bari keur gede beuteung harita teh tuluy indit ka konter meuli pulsa bari huhujanan. Nu goblogna ( punten teu maksad ngetik kecap-kecap kasar ) eta tukang tipu asa beuki meunang jalan, ka pamajikan menta deui sababaraha kali nepi ka beak 1,5 juta. Hanjakalna nu satuluyna mah pamajikan teh teu tatanya deui ka kuring, jangji dibeulikeun weh. Kasorenakeun, lila-lila kuring mikiran, kakara sadar naha kode area nu nelpon teh da lain Bekasi. Teg we sangkaan teh boa-boa kuring geus ditipu. Geuwat harita keneh kuring nelpon pamajikan nanyakeun jelema nu sangkaan kuring si Shobar teh geus menta naon wae? Pok teh ceuk pamajikan bari rawah-riwih geus beak 1,5juta cenah eta jelema teh mentaan pulsa. Ngadenge kitu mah kuring leuleus, geuwat we balik ka imah. Di imah nyobaan ditelpon nomer nu nipu teh teu aktip, peutingna kakara diangkat tuluy we ku kuring dicarekan teu sirikna di anjing sia ! Pamajikan mah bati ceurik we da tadina duit teh tabungan keur persiapan jang ngalahirkeun. Nu teu ngarti mah eta tukang tipu nyaho nomer kuring timana, da apal kana ngaran sagala ! Mugia janten pelajaran kanggo sarerea, mudah-mudahan tong aya kajantenan deui nu sapertos kitu !
