li khamsatun uthfi biha//haral waba'il khathimah//al-Mushthafa wal 
Murtadha//wabnahuma wal Fathimah

NUJU kuring alit kantos nguping nadoman nu diluhur. Ieu nadom teh disebatna 
`nadom alkisa'. Jalaluddin Suyuthi nyerat aya riwayat ti Ummu Salamah, garwana 
Kangjeng Nabi Muhammad saw, yen Kangjeng Nabi kasumpingan putrina sareng dua 
putuna (Sayidah Fathimah, Imam Hasan, dan Imam Husein).

Saanggeus unjuk salam, Kangjeng Nabi miwarang ngagentraan Bagenda Ali sangkan 
ngariung diharepueun rorompok Ummu Salamah. Geus sumping nu diantos, Kangjeng 
Nabi nurubkeun lawon atawa sorban (kisa) ka mastaka Bagenda Ali nu dipeungkeur 
ditengahna aya Hasan, Husen, Fathimah, sareng Kangjeng Nabi nu nyepeungan lawon 
nu tungtungna bagean tukang diceupeung ku Bagenda Ali.

Ninggali polah Kangjeng Nabi kitu, Ummu Salamah ngilu asup. Ngan ku Kangjeng 
Nabi dicarek, "Maneh ayana kaalusan". Geus kitu mah, Ummu Salamah surti henteu 
ngiluan na eta lawon. Tuluy wae Kangjeng Nabi maoskeun ayat 33 serat al-ahzab. 
Riwayat kasangtukangna lungsurna ayat eta disebat hadis `al-kisa'.

Urang Islam nu mikacinta Kangjeng Nabi sareng kulawargana nu suci (Ahlulbait) 
ngadamel syair nu eusina muji ka marantena. Jigana mah eta `nadom alkisa' eta, 
dijieun keur ngagungkeun sarung ngamulyakeun tur hoyong kenging berkat ti 
Ahlulbait. Wajar bae da Ahlulbait diagungkeun oge, pan hadis-hadis nu soheh 
jeung seur nu ngariwayatkeun (mutawatir) kaasup pusaka Kangjeng Nabi nu moal 
peugat dugi kiamat.

Sakumna urang Islam diparentah ku Kangjeng Nabi sangkan miara dua pusaka: 
Al-Quran sareng Itrah Ahlulbait (kulawarga Kangjeng Nabi). Urang Islam kedah 
nulad ka Kangjeng Nabi sareng nyokot ajaran ti Quran. Conto amal sareng kumaha 
pilampaheunna geus dilakukeun ku Ahlulbait. Urang mah kantun nulad jeung nyonto 
wae ka marantena. Mun ngulik langsung kana Quran oge bakal moal terang 
pihartoseunna sabab ngan ukur Allah sareng Kangjeng Nabi hungkul nu terang kana 
eta eusi Quran.

Kulantaran Kangjeng Nabi tos pupus, urang kedah nyadak ti riwayat atanapi 
hadis. Ngan orokaya, seur hadis nu teu soheh jeung dijieun-jieun. Saha atuh anu 
nampi riwayat ti Kangjeng Nabi teh kalebet soheh? TahÂ… na ieu pasualan jadi 
pacengkadan di antara dua mazhab. Urang Islam Sunni nyebatkeun Sohabat Nabi nu 
kedah dicandak dina sual hadis Kangjeng Nabi. Ceuk urang Islam Syiah, jutsru ti 
kulawarga Nabi anu langkung kajamin soheh sabab ahlulbait mah geus dibersihkeun 
ti kokotor jeung perdosaan ku Allah (dina serat Al-Ahzab ayat 33).

Mana nu bener? Talungtik bae ku nyalira supados eces. Mun teu bisa, nya aos bae 
hasil panalungtikan batur. Aya hiji buku yasana Ali Umar Al-Habsyi jejerna "Dua 
Pusaka Nabi Saw" dikaluarkeun ku Penerbit Ilya (Jakarta). Buku ieu kaasup 
bestseller. Janten mun dipilari di toko buku ageung oge pasti aya. Mangga geura 
aos



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke