Pasualan umum mun nulis make basa Sunda, tara jauh ti masalah mindeng
pahili nuliskeun vokal /e-kelek/, /e-pepeg/ jeung /eu-deuleu/. Ieu pasualan
teh lumrah gampang katoong, dina rupa-rupa media digital, boh facebook,
blog, milis, jeung sajabana. Jeungna deui eta pasualan teh, lumrah deuih,
teu kolot, teu budak, saruana wae. Kaharti ku kituna mah, maklum basa Sunda
saheng deui dipake dina media tulis dumeh aya sakadang Internet.

Mun uing nyobaan noongan ieu postingan bari saeutik nyirian nu perlu
dikoreksi, uing namprakeun dua leungeun, ngado'a kanu maha kawasa, sugan we
Kang Ahsa teu pundung, komo nepi ka kapok mah nya. Hehehe.

dipeungkeur ==> di pengker
nyepeungan ==> nyepengan
diceupeung ==> dicepeng

2011/11/17 Ahsa <[email protected]>

> **
>
>
> li khamsatun uthfi biha//haral waba'il khathimah//al-Mushthafa wal
> Murtadha//wabnahuma wal Fathimah
>
> NUJU kuring alit kantos nguping nadoman nu diluhur. Ieu nadom teh
> disebatna `nadom alkisa'. Jalaluddin Suyuthi nyerat aya riwayat ti Ummu
> Salamah, garwana Kangjeng Nabi Muhammad saw, yen Kangjeng Nabi kasumpingan
> putrina sareng dua putuna (Sayidah Fathimah, Imam Hasan, dan Imam Husein).
>
> Saanggeus unjuk salam, Kangjeng Nabi miwarang ngagentraan Bagenda Ali
> sangkan ngariung diharepueun rorompok Ummu Salamah. Geus sumping nu
> diantos, Kangjeng Nabi nurubkeun lawon atawa sorban (kisa) ka mastaka
> Bagenda Ali nu dipeungkeur ditengahna aya Hasan, Husen, Fathimah, sareng
> Kangjeng Nabi nu nyepeungan lawon nu tungtungna bagean tukang diceupeung ku
> Bagenda Ali.
>
> Ninggali polah Kangjeng Nabi kitu, Ummu Salamah ngilu asup. Ngan ku
> Kangjeng Nabi dicarek, "Maneh ayana kaalusan". Geus kitu mah, Ummu Salamah
> surti henteu ngiluan na eta lawon. Tuluy wae Kangjeng Nabi maoskeun ayat 33
> serat al-ahzab. Riwayat kasangtukangna lungsurna ayat eta disebat hadis
> `al-kisa'.
>
> Urang Islam nu mikacinta Kangjeng Nabi sareng kulawargana nu suci
> (Ahlulbait) ngadamel syair nu eusina muji ka marantena. Jigana mah eta
> `nadom alkisa' eta, dijieun keur ngagungkeun sarung ngamulyakeun tur hoyong
> kenging berkat ti Ahlulbait. Wajar bae da Ahlulbait diagungkeun oge, pan
> hadis-hadis nu soheh jeung seur nu ngariwayatkeun (mutawatir) kaasup pusaka
> Kangjeng Nabi nu moal peugat dugi kiamat.
>
> Sakumna urang Islam diparentah ku Kangjeng Nabi sangkan miara dua pusaka:
> Al-Quran sareng Itrah Ahlulbait (kulawarga Kangjeng Nabi). Urang Islam
> kedah nulad ka Kangjeng Nabi sareng nyokot ajaran ti Quran. Conto amal
> sareng kumaha pilampaheunna geus dilakukeun ku Ahlulbait. Urang mah kantun
> nulad jeung nyonto wae ka marantena. Mun ngulik langsung kana Quran oge
> bakal moal terang pihartoseunna sabab ngan ukur Allah sareng Kangjeng Nabi
> hungkul nu terang kana eta eusi Quran.
>
> Kulantaran Kangjeng Nabi tos pupus, urang kedah nyadak ti riwayat atanapi
> hadis. Ngan orokaya, seur hadis nu teu soheh jeung dijieun-jieun. Saha atuh
> anu nampi riwayat ti Kangjeng Nabi teh kalebet soheh? Tah… na ieu pasualan
> jadi pacengkadan di antara dua mazhab. Urang Islam Sunni nyebatkeun Sohabat
> Nabi nu kedah dicandak dina sual hadis Kangjeng Nabi. Ceuk urang Islam
> Syiah, jutsru ti kulawarga Nabi anu langkung kajamin soheh sabab ahlulbait
> mah geus dibersihkeun ti kokotor jeung perdosaan ku Allah (dina serat
> Al-Ahzab ayat 33).
>
> Mana nu bener? Talungtik bae ku nyalira supados eces. Mun teu bisa, nya
> aos bae hasil panalungtikan batur. Aya hiji buku yasana Ali Umar Al-Habsyi
> jejerna "Dua Pusaka Nabi Saw" dikaluarkeun ku Penerbit Ilya (Jakarta). Buku
> ieu kaasup bestseller. Janten mun dipilari di toko buku ageung oge pasti
> aya. Mangga geura aos
>

Kirim email ke