*#1*

"tong poho, jarum coklat sabos nya!", cek dasun, si pencinta alam téa, ka
babaturanana. roko téh keur bekel engké soré dasun sabatur naék ka punclut
gunung kembar. hédéd cenah, di punclut nu tiis sabari ngaroko si coklat téh.

isukna, rebun-rebun, dasun sabatur-batur geus anjog ka punclut. sanggeus
ngareureuhkeun palay sabari nénjo ngansrodna panonpoé manjat bumi jeung
nyaksian saeutik-saeutik halimun nyinglar, kasedek cangra jeung héab si
panonpoé, dasun sabatur-batur ngajajar, ngabaredega, ngawaas ka handap, ka
lemah nu upluk-aplak, satungtung deuleu.

"tuh geuning béh ditu komplék pabrik téh, katémbong kénéh ngelun pulek
haseup hideung tina carobongna. pagéto urang jadikeun rarancang nu éta téh.
pabrik urang jorag! urang démo! tuman. keur mah nyieun haseup sakitu
mulekna, pan papanggihan urang salila ieu, maranéhna gé miceun limbah teu
diolah heula, kalah langsung dikocorkeun ka wahangan!", cek dasun panjang
lebah. sumangetna ngagedur. ari leungeun kédéna mah terus teu cicing.
antara curuk jeung jariji tengah nyelap satengah batang jarum coklat nu
terus dihakan seuneu. tina bahamna, haseup seserebungan. di tungtung
mancung sapatu gunungna, katingali dua kuntung siga nu neuteup dasun.
bingung.

*#2*

rap kaos hideung nu dina dadana ngajeblag "3r" téh dipaké. kop kana dua
kantong tina keretas urut, meunang nyieun peuting tadi. gidig muru panto ka
luar. "ma, kuring mangkat!", corowok dasun, amit. teu nungguan dijawab,
gidig wéh manéhna muru lapang sempur. anjog. nyampak "3r" séjén geus
ngagulung. pabuis minuhan lapangan. kantong keretas gé pating keresek.
sosoraan mani séah. teu lila aya nu nyorowok ngungkulan gumuruh, "hayu!
jalan!". bring "3r" ngabring, ka luar ti lapang sempur, nu harideung téh
mapay-mapay jalan ngurilingan kebon raya. unggal manggih runtah nu
ngagolér, di pulung. diasupkeun kana wadah keretas.



engké, sanggeus acara lekasan, runtah bakal dikumpulkeun di kantor lsm
lingkungan nu ngayakeun éta acara. saterusna, runtah organik bakal diobah
jadi bérak. runtah sejénna gé bakal diusahakeun dijadikeun barang nu guna
deui.



ngan kajongjonan dasun ébat. kabéngbat. matana nu salilana mencrong nyiar
runtah kalah nyimpang, anggur neuteup si geulis nu sarua ngilu abringan
"3r", teu pati jauh ti dasun. nu diteuteup jiga nu terus rasa, ngalieuk.
prok, sapasang panon paamprok. dasun seuri, si geulis imut.



ningali panto nu geus méléngé, kawani tumuwuh. dasun muru si geulis. "acara
ieu ramé ogé nya?", cek dasun, sanggeus maranéhna padeukeut, bari nyeungir.
"muhun! rame nya kang, seueur geuning nu paduli lingkungan téh", walon si
geulis dibarung imut. singetna, dasun jeung si geulis kenalan. malah
caritana dasun geus ngapélan si geulis opat kali. kolot lalaki, bapana si
geulis gé dina apél katilu kali geus nalék, "ari ujang leres-leres ka pun
anak téh?". nu haget pisan diwalon dasun "leres pisan pa!".



apél kalima, dasun ngajak si geulis ka léstoran. caritana hayang
roromantisan. candle light dinner cek londo téa mah. dina saku kénca calana
aya cepuk nu dieusi sapasang cingcin kembar. ngan katémbong, diajak
kikituan téh, si geulis anggur méré semu nu béda. henteu pati berag, kalah
siga nu bararingung.



"kunaon néng? teu seneng ku aa diajak emam di luar?", cek dasun panasaran
ningali si geulis méré semu kitu téh.



si geulis ngawaler, "sanés a, enéng téh tos saminggon ieu teu wéléh
ngémutan. naha aa téh leres serius upami rusiah nu salami ieu dikemu
diwartoskeun ka aa".



"ih ari enéng, masih teu percanten ka aa? sing demi nu pang demina, aa téh
deudeuh pisan ka enéng. aa pasti bakal narima enéng, boh bodasna boh
hideungna. sadaya kasaéan jeung kaawonan nu nyampak di enéng bakal ditampi.
sok tong asa-asa, geura wakca ka aa, naon nu jadi bangbaluh enéng téh?".



"isin saleresna mah kedah wakca ngeunaan ieu téh, sabab rusiah ieu mung
ukur enéng nu terang, sepuh enéng gé teu kantos dipasihan terang. ngan
ningal kaseriusan aa, saur émutan téh aa kudu terang heula, sateuacaan
urang naék ka hambalan nu langkung luhur. urang nikah. kieu a, enéng téh
kapungkur basa masih sma sareng kuliah kantos tigebrus ka dunya hideung,
enéng kantos jadi ungkluk. jadi hayam nu tiasa diasaan ku saban ucing nu
kersa mayar. enéng téh runtah a. tah ayeuna, saentos aa terang, enéng mah
pasrah kumaha aa, badé dibulé dihideungkeun gé enéng bakal nampi", cek si
geulis dumareuda. dua panonna disaput ku cai nu hérang. cai nu terus
merebey, ngamalir luhur pipina, muru gadona, saterusna ngeclak maseuhan
leungeun dina luhur lahunanana.



ngadéngé kitu, raray dasun ngadadak sakolébatan pias. ngan sakocépat, da
laju beungeutna obah geunteul. "HAH? BARUK! jadi manéh téh ungkluk? runtah?
teu sudi aing mah kudu ngawin di dinya!"


- pabuian, nopémber 2011 -

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke