Jang Didi ngaliwat ka hareupeun bumi pak Sarkawi; kabeneran Pa Sarkawi aya diburuan keur meulahan suluh, tuluy pak Sarkawi nanya ka Jang Didi, biasa basa basi
: Bade angkat ka mana jang Didi ?" Waler Jang didi :" Eta, he he bade ulin ka alun2. Na hiji mangsa Kang Ucen naros ka Kang Endun :"ari Rama ka mana sonten2 angkat ?" Kang Endung :" Ah Apa mah paling amengan ka alun2." Jadi ULIN keur diri sorangan; ari keur batur mah Ameng. Kirang pas upami nyebatkeun ABDI BADE AMENG. Kedahna abdi bade ulin..........ka.................. Di Masigit paamrok Pak Lili sareng Pak Udin. Saur pa Lili :" Dupi Rama ka mana , teu karingal ka masigit ?" Pak Udin :"Euh, pun bapa mah rada teu damang, flu panginten." Salah kacida nyebutkeun Pun Rama ayeuna nuju angkat ka Bandung. 1. Rama mah keur batur 2. Rama mah teu meunang make PUN Pak RTÂ naros ka hiji jalmi nu nyar pinanggih :"Saha ari salira teh ?" Nu anyar pinanggih :"Euh abdi wasta pun Uca kulan, ti Tenjowaringin." Kuring ngangkat eta beas sakarung ku kuring sorangan. Abdi ngangkat sakarung beas ku abdi sorangan. Aduh eta Pak Koko sakitu tos sepuh; beas sakarung diangkat ku anjeunna nyalira, Tah kade anjeunna nyalir mh keur batur; keur urang mah nya sebut sorangan we. Teu kudu lelemesan. HANCA
