Mang Hasan, Kang Oman sareng Kang Supriadi. Nintenan Syiah, katingalna asa osok kapopohokeun, undagan utami kedahnamah: Alloh SWT. Teu eureun di tragedi Hassan Hussain vs Yazid Muawiyah. Si kuring mah ningali riwayat eta sajaroh, intina pausalan laten antawis Urusan Politik/Kanagaraan jeung Urusan Agama. Asa nyambung oge dina perkawis Nagara paling "islami" sareng nagara 'Islam' nu 'teu islami'. Ayeuna anu aktual, seueur anu bejoang hayang negakkeun syariat Islam di Indonesia, buktina geuning aya anu ngabom di ditu di dieu eta ngakuna jihad hayang ngadirikeun (pamarentahan) nagara Islam. Dina riwayat, jentre kacaritakeun Sayidina Ali teu ngarebut deui kakawasaan anu direbut ku Muawiyah, dugi ka aya muncul kaum Hawarij, anu "keuheul" nganaha-naha kunaon kakawasaan teu direbut deui ku Ali r.a. Jejak langkah sejarah ieu teras berulang dugi ka ayeuna. Logikana naha pengikut Ali bet dendam jeung keuheul teu tumut ka pamimpin na ?
Ku ngelehana Ali ra dina pasualan parebutan kakawasaan, pemendak si kuring mah ieu hiji simbol atanapi pertanda, yen urusan (elmu) Agama beda udagan jeung urusan (pamarentahan) Nagara. Padahal numutkeun katerangan : gudang elmu aya di rosululloh, konci na aya di Ali. elmu di dieu elmu Agama pikeun apal ka Gustina. Idealna muhun. Pamimpin (pamarentahan) kedahna apal elmu agama. Hapunten upami lepat. Baktos pun mz On Fri, Nov 18, 2011 5:29 PM ICT Supriadi St wrote: >upami kaleresan amengan ka karaton Jogja katingal seer pisan nami Gusti ..... > > > >________________________________ > Dari: Ki Hasan <[email protected]> >Kepada: [email protected] >Dikirim: Jumat, 18 November 2011 17:12 >Judul: Re: Bls: [kisunda] Re: MAQTAL IMAM HUSEN (Anggitan: Kang Jalal) > > > >Jenatna ku Si Ieung mah "gusti" teh malah sok kalah dicarekan. Pokna teh >geura, "Gustiii, na sia teh mana badeur-badeur teuing. Ceuk aing ge, tong >hayoh wae teterekelan wayah kieu, puguh geus sareupna. Tuh karasa ku sia, geus >ragrag mah, ngajurahroh siah." > > >2011/11/18 Oman Abdurahman <[email protected]> > > >> >>Komo di Jakarta mah "Gusti" teh, lian ti gaduh isteri, boga anak, oge jadi >>pengacara, mindeng ngabela nu gareulis (artis), nyaeta Gusti Randa, SH >>(kungsi jd bentang sinetron). Tapi da geus pada maklum maksud kecap "gusti" >>dina eta ngaran, kitu deui bias dipake sebutan "pangeran" dina Pangeran >>Diponegoro. Piraku bingung manggihan kecap "Gusti Rosul"? >> >>Sent from my iPhone >>Oman Abdurahman >> >>On 18 Nov 2011, at 16:21, Gus Maman <[email protected]> wrote: >> >> >> >>>Kanjeng Rasul, hapunten abdi nu dolim >>>Nu teu mirosea >>>Perlaya na putu Gusti >>>Al-Husen Abu Abdillah >>> >>>[Jalaluddin Rakhmat, Ketua Dewan Syura IJABI] >>>=================== >>>Kecap "Gusti" di luhur teh maksadna ka Kangjeng Rosul ? Atanapi Gusti Alloh >>>? [naha Gusti bet putu an ??] >>> >>> > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
