nambihan hiji deui sual 'kakasih'. 'kakasih' teh asana mah beda hartina jeung 'kekasih' atawa 'terkasih' dina basa indonesia. dina basa sunda, 'kakasih' teh hartina 'ngaran' dina basa lemes.
A: "Saha kakasih teh?" B: "Wasta mah Astahiam..." A: "Saha ngaran sia?" B: "Ngaing Bahim si Elewedet tea..." 2011/11/17 Ki Hasan > > Pasualan umum mun nulis make basa Sunda, tara jauh ti masalah mindeng > pahili nuliskeun vokal /e-kelek/, /e-pepeg/ jeung /eu-deuleu/. Ieu pasualan > teh lumrah gampang katoong, dina rupa-rupa media digital, boh facebook, > blog, milis, jeung sajabana. Jeungna deui eta pasualan teh, lumrah deuih, > teu kolot, teu budak, saruana wae. Kaharti ku kituna mah, maklum basa Sunda > saheng deui dipake dina media tulis dumeh aya sakadang Internet. >
