Episode 4 Jalma dihukum Pecut

Isukna waktu
Jalma keur sasapu torojol aya tilu pamuda nanyakeun ki Sarwa, meureun 
bababaturanana;
terus nu hiji nyarita ka Jalma :” Eh Jang, aya Sarwa ? bejakeun jung , uing
kadieu kituh.”
 

Sanggeus  nyebut mangga, leos wae Jalma kajero
ngadeukeutan kamer tengah, kamarna Sarwa; ieu mah aya pantoan, kaabeneraan
dikonci deuih. Jalma rada deg2an, kumaha carana ngageroan si Sarwa, sieun ambek
mun salah; ah tapi pan itu aya babaturanana; terus wae nyorowok :”Den Sarwa !
gugah Den………; can ge tamat Jalma nyarita, ari gantawang teh Sarwa nyorowok ti
kamar:”Aeh siah ! Cucungah siah wani2 ngahudangkeun Kaula ! awas siah ngaganggu
deui ; ditampiling siah ku aing!” 

Nya atuh
Jalma teu jadi ngahudangkeun Sarwa terus we kaluar deui nyampeurkeun babaaturan
Sarwa. 

“Mana ki
Sarwa ?! geus dibejakeun encan aya babaturan kituh!?” 

Jalma:”Nuju
kulem; antosan we heula atuh sakedap………..; sok atuh caralik deui, da moal lami;
paralay ngaleueut naon agan2 sadaya?” 

Cek nu hiji
:”Sok sadiakeun kopi nu amis.” 

Cek nu
kadua:”Uing mah haayang teh manis lah.” 

Cek nu
katilu:” Uing mah sadieuken teh gula batu !” 

Mangga;
gancang wae Jalma ka dapur, naaheur cai ngaan sakeudeung eta inuman geus
sayagi. 

Cek budak nu
kadua:”Bujang si sarwa aya ku parigel, nya? Uing haying oge boga bujang model
kitu.” 

Cek budak ka
hiji jeung ka tilu meh bareng:”Ah siah Empi, ti manahoreng maneh bisa ngukut
bujang; di ayana oge moal bisa mayarna siah.” 

Si Empi:”Ah
siah Engkos, Eman, tong ngahiam siah; aing ge bisa keur ngukut bujang hiji wae
mah. Hahahaha.” 

Ngadenge aya
sora nu ngarobrol Sarwa hudang, terus kaluar; Kacida atoheunana barang nempo
aya babaturanana tiluan ngarumpul di tepas keur ngaropi; gantawaang deui wae
Ki Sarwa nyarekan ka Jalma:”Eh urang kampung bau lisung!  Ku naon sia cicing 
bae ! Teu ngabejaan yen
aya babaturan aing, hah !?” 

Jalma :”tadi
kapan………..kakara ge sakitu gantawang deui Sarwa :”aeh siah kunyuk ! wani
nambalang siah !?” 

Jalma :”Teu
pisan2, gan.” 

Sarwa :”Tong
ngomong siah ! Dicabok siah ku aing !” 

Babaturanana
sareuri nenjo ketak si Sarwa kitu; si Sarwa nyampeurkeun nu tiluan. 

Cek Si
Empi:”Meunang bujang ti mana, Sarwa ? alus tah euy bujang teh, mun geus bosen
keun ku uing deuk dipulung.” 

Sarwa :”Nyao
teuing da bapa nu nyandak eta si urang leuweung teh; uing mah teu nyaho naon2,
hehehe.” 

Engkos:”Ari
bapa maneh ka mana ? geuning maneh laklak dasar kitu ?” 

Darwa:”Hahahaha,
keur ka kota euy, ku sabab euweuh bapa uing wani nyaarekanan si eta urang
kampung bau lisung teh ! Da ari aya bapa mah,…… huh teu warani euy ! Dibela
pisan tah ku bapa si eta teh, teu nyaho boga asihan naon tah si baau lisung
teh.” 

Keur kitu
aya sora halimpu ngagentraan Jalma:”Kang Jalma, kadieu geura.” 

Jalma buru2
nyampeurkeun bari nanya :”Aya naon enden ?” 

Sari:” Tuh
diburuan kembang Ros tos kembangaan, tapi hese luhur pisan, ku Sari teu
katepi, cing pang metikkeun kang ?” 

Buru2 Jalma
kaluar, ngan sakeudeung geus balik deui mawa kembang mawar; Jalma nyodorkeunana
eta kembang duka kumaha siga nu “mesra” pisan; ditarima ku Sari bari imut
ngagelenyu nu manis pisan. Sagala kalakuan Sari jeung Jalma teh diperhatikeun
pisan ku nu opatan; celetuk si Eman ngomong:”Ah, ieu bujang teh calutaak pisan,
wani ngabobogohan dunungan !” 

Nyel teh Ki
Sarwa ambek; ngan sajorelat lumpat jeprot wae Jalma ditampiling nepi ka
beureum pipina ku tapak ramo. Atuh Jalma aduh2an bari nyabakan pipi; ari sari
terus nyarita:”Eh Kang sarwa ! Nanaonan eta teh ? Karunya Jalma dicabok teu
pupuguh.” 


Sarwa teu
ngawaro, terus nyentak ka Jalma:”Inget henteu omongan aing ? Hah !? ku naon
sia deui2 cucungah ka dunungan, hah !?” 

Jalma
gancang wae ngejat ti di nya; ari pek teh Sari ngahulag:”Ulah indit Kang, yu
urang ulin barina ka buruan, Sari hoyong maen ayunan.” 

Jalma bingung,
lantaran aya parentah ti Sarwa, tapi oge aya pangajak ti Sari; keur kitu nu
tiluan babaturan Sarwa nyalampeurkeun; si Eman nyarita:”Bujang cucungah kieu
mah memang kudu diajar, lantaran geus wani kurang ajar !” 

Sarwa asa
diomporan terus we Jalma digusur kaluar, Sari jejerewetan, tapi teu ditolih. 

Diluar Sarwa
geus nyenyekel pecut; terus nyarita:”Eh urang kampung bau lisung ! Ulah sambat
kaniaya, maneh geus wawanianan cucungah ka adi Kula; ayeuna kudu narima ieu
pecutan !” 

Jebret2 wae
Jalma dipecutan tonggongna, nepi ka beureum kulitna, da mecutna sataker kebek;
tapi kakara ge lima kali jol teh kareta; barang nempo eta kajadian Ki Sarlita
Kacida reuwasna, terus wae tuturubun ti na kareta, teu nganuhun nuhunkeun acan
ka Upas nu limaan; untung bojona Nyi Surti gancang tomada; bari nganuhunkeun
sababaraha kali; nya Upas teh baralik we bari rada heran nempo polah Ki Sarlita
nu nyampeurkeun barudak nu keur “ARULIN” pepecutan. Upas mah teu apaleun,
disangkana mah barudak we biasa keur arulin, ngan meureun rada kamalinaan
ulinna . 

Demi Ki
Sarlita barang nepi ka hareupeun barudak; teu tata pasini deui ngarebut 

Pecut nu
keur dicecekel ku Sarwa; terus nyentak:”Aeh budak kasebelan ! nanaonan siah ?
Bangkawarah pisan ? teu nyaho saha ieu Jalma ?! Eh Jalma sok gebug deui ieu
budak bangkawarah teh ulah diantep ! Bapa rido pisan, sok bales teunggeulan
deui.” 

Jalma teu
loba omong, terus we ngaleos ka kamarna. 

Ki Sarlita
nyarekan laklak dasar Sarwa; jeung babaturanana; malahan nepi ka diusirna pisan;
barudak tilu teh ting laleos bae, hareugeueun; ti na teu nyangka Ki Sarlita
bakal sakitu ambekna. Berebet we barudak teh ngalacir. 

Ari sarwa
ngajengjen we teu wani usik; sirahna tungkul. 

Ki Sarlita
terus nyarita teges pisan:” Yeuh dengekeun ku maneh Sarwa ! maneh teh bener2
teu nyaho jeung teu apal ka Jalma. Maneh untung masih ditangtayungaan ku Gusti.
Sarwa……. Sarwa ; mun Jalma rek males ka maneh ! saratus Sarwa bakal bisa
ditumpes kabeh ku Jalma. Yeuh bisi teu nyaho, Jalma teh Jago ! Ngarti ari Jago
? Yeuh bapa teh matak aya masih beleger teh kapan ditulungan ku Jalma sareatna
mah; mun henteu mah meureun geus dipeuncit ku begal ! Tilu begal marawa bedog;
pangawal bapak mah geus ngalacir duka ka mana; tapi duka dikumahakeun ku si
Jalma mah eta tilu rampok teh ngan sakilat geus ngaringkuk. Ngarti teu ?” 

Ujang Sarwa
mani reup geuneuk ray pias; mani wer2 kiih sabab manehna kakara apal saha ari
Jalma, manehna reuwas kareureuhnakeun; tapi heran ku naon si eta budak kampung
teh teu ngalawan sama sakali ? Asa percaya teu percaya omongan bapana teh;
tapi moal mungkin Ki Sarlita daek mamawa 
Jalma ari lain kitu mah dongengna. Waduh aing kudu sadu2 menta
dihampura; mun males pati tea mah tangtu moal panjang umur aing teh; kitu
pikiran Sarwa. 

Ki Sarlita
apaleun yen anakna geus ngarti; terus wae nyarita satengaah nyentak:”Jung
kaituh sampeurkeun Jalma; manehna mah pasti bakal ngahampura.”S
 

Teu kudu
ngadua kalian deui, Sarwa indit ka kamer Jalma; terus sujud mani lekoh pisan;
dirangkul ku Jalma terus dihudangkeun:”Eling Den, ku naon teu gugur teu angin
nyembah ka kuring?” 

Sarwa ayeuna
mah teu tahan deui terus we ceurrik ngabangingik; sadu2 menta dihampura; rumasa
salah. Jalma akhirna sadar yen Ki Sarlita geus ngadongengkeun soal begal nu
tilu; nya atuh Jalma ngan ukur bisa ngusapan we ka Sarwa, bari ngahibur jeung
nyebutkeun teu naon2, eta mah hal biasa. Sarwa rada teger ayeuna mah; sanggeus
nganuhunkeun terus we indit ka kamerna, ngadon ningkreb maneh; lantaran kaeraan
jeung rasa rumasa.
 

Demi Ki
Sarlita terus nyampeurkeun Sari nu masih keneh inghak2an; terus nyarita bari
aris:” Sok Eulis dongengkeun. Naon nu kajadian ? Naon nu jadi marga, nepi ka
Jalma dipecutan?”
 

Bari
inghak2an, derekdek wae Sari nyaritakeun ti Purwa nepi ka daksina; Ki Sarlita
unggut2an maphum; terus we nyarita:”Tah ti semet ieu ka hareup, omat ulah wani2
tutah titah ka Ki Jalma; ieu jelema teh lain samanea. Mun manehna hayang
ngalakukeun hiji hal, hese atawa moal gampang dihalangan ku saha bae; jadi tong
wani2 deukeut2 ka manehna.”
 

Sari bari
rada baeud nambalang:”Tapi  Apa, da
bageur pisan Kang Jalma teh.”
 

Sarlita:”Enya
bageur, tapi maning ge jauh ulah deukeut lah; ngajaga bisi. Ngaranna ge manusa
mun geus kausap setan teu daya upaya.”
 

Sari teu
pati ngarti naon nu dimaksud ku bapana, tapi nya ngunggeuk we, da memang dasarna
Sari mah budak nu biasa tunut ka na piwuruk sepuh.
 

Di Kamarna
Jalma keur ngahuleng, meleng ka jauhna; keur ngalamun; emh ayeuna aing kudu
gancang nyingkah ti dieu; kitu gerentes hatena   ; manehna asa rada beurat oge 
ninggalkeun eta
tempat teh; duka pedah Ki Sarlita bageur pisan, duka alesan naon deui; pokona
ngarasa aya kabeungbeurat ninggalkeun eta tempat teh.  

Hanca
 

   

. 

   

  

Kirim email ke