<http://dudiherlianto.multiply.com/journal/item/71/71> Nov 1, '07 10:46 AM for everyone Ku : Dodong Djiwapradja
Dina bulan Maret 1986 di Lémbang geus lumangsung hiji "Seminar Kabudayaan Sunda" nu diayakeun ku Sundanologi. Tulisan Ajip Rosidi dina Manglé No. 1048, No. 1050, jeung No. 1051 anu dijudulan "Ngabina jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Daérah (Sunda)" asana mangrupa makalah nu ditepikeun ku Ajip dina éta seminar. Ti sabarang dimuat dina Manglé, kana éta tulisan ting torojol réaksi, nya éta ti Saini K.M. (Manglé No. 1052), Djadja Sargani (Manglé No. 1053), F. Djajasudarma Idat A. (Manglé No. 1060). Éta tulisan anu beunang disebut polémik sipatna téh sakabéhna dihijikeun ngajadi ieu buku. Tulisan Ajip Rosidi eusina dimimitian ku pedaran dasar-dasar hukum ngeunaan hak hirupna kabudayaan daérah saperti anu kaunggel dina Pasal 32 jeung 36 UUD 1945 (katut 'penjelasan'-ana). Pikeun nétélakeun yén masarakat Sunda téh puguh jentulna, nya éta hiji masarakat séké bangsa nu geus ngabogaan kabudayaan jeung basa sorangan nu tangtu tur maneuh, Ajip kalawan imeut sarta kritis medarkeun kaayaan sajarah urang Sunda. Éta pedaran téh sigana diperlukeun ku Ajip pikeun nétélakeun yén kabudayaan jeung basa Sunda téh bener-bener mangrupa kabudayaan jeung basa nu dipimaksud ku éta Pasal 32 jeung 36 UUD 1945, nu dina kalungguhanana sarua jeung kabudayaan sarta basa daérah lianna, pada-pada kaasup "kebudayaan yang timbul sebagai buah usaha budinya rakyat Indonésia seluruhnya". Saterusna tulisan Ajip nyoko dina basa Sunda, babakuna dina perkara undak-usukna. Tina hal ieu pisan timbulna réaksi téh. Sabenerna soal pro jeung kontra undak-usuk téh, ceuk F. Djajasudarma geus aya ti béh ditu kénéh. Dina tulisan Popo Iskandar kacatet yén dina taun 50-an, M.A. Salmun pernah ngasongkeun pamadeganana ngeunaan perluna ngadémokrasikeun basa Sunda. Ngan sigana jurus démokrasi basa M.A. Salmun rada kurang weweg kuda-kudana, da lamun maca tulisan Popo Iskandar mah siga éléh géléng nepi ngan bisa ngelid ku kecap-kecap, "Da kuring mah lain rék ngaleungitkeun basa lemes". Naha dina ngedalkeunana kacirina bari balaham-béléhém éta M.A. Salmun téh atawa bari némbongkeun ulat daweung ludeung, moal dijadikeun catur di dieu. Anu kudu disawalakeun mah kajinekan harti tina éta kecap-kecap; naha ngadémokrasikeun basa Sunda téh miboga harti ngaleungitkeun basa lemes, atawa lain? Naon sababna soal ngadémokrasikeun basa atawa soal ngaleungitkeun (= ulah dipaliré ceuk Ajip mah) undak-usuk basa sok nimbulkeun réaksi nu kacida séwotna mun dijadikeun bahan sawala? Naon sabenerna undak-usuk téh? Di mana tempatna éta undak-usuk dina wangunan basa Sunda sagemblengna? Naha éta téh kaasup masalah struktur pituin dina basa Sunda atawa kaasup masalah 'eusi' nu mangrupa bagina tina kabeungharan kecap (perbendaharaan kata) dina éta basa? Ku pangrasa, kaciri ayana pasalia paham dina ngahartikeun kecap undak-usuk dina ieu polémik tinulis téh. Ajip Rosidi nyindekkeun yén undak-usuk téh pihartieunana panta-panta dina maké kecap lemes-kasar waktu cacarita. Ari panta-panta téh, ceuk Ajip, ngabéda-bédakeun jelema nurutkeun luhur-handapna martabat manusa saperti di jaman kolonial-féodal (Ajip méré babaran historis tina hal ieu). Jadi, tingkat-tingkat basa lemes-kasar téh dina enas-enasna mah sihoréng ngabéda-béda martabat manusa. Ku sabab éta, mending dileungitkeun éta pandangan jeung sikep sarupa kitu téh lantaran teu saluyu jeung kahirupan dina alam démokrasi kiwari. Ari cara ngaleungitkeunana, cek Ajip, nya éta ku jalan ulah dipaliré éta undak-usuk basa téh. Béré harga nu sarua unggal kecap nu sarua hartina téh. Sajaba ti éta, undak-usuk téh ngahésékeun barudak kiwari diajar basa Sunda. Tina sikep maranéhanana aya kesan ngajauhan basa sorangan, da sieun salah téa. Hal ieu mangrupa soal kadua dina tulisan Ajip. Kumaha cék pihak nu méré réaksi, pihartieunana undak-usuk basa téh? Nu teu panuju kana pamadegan Ajip nyebutkeun yén undak-usuk téh teu bisa diilangkeun tina basa Sunda, sanajan asalna mangrupa pangaruh ti luar. Lantaran, éta undak-usuk geus mangrupa sipat pituin basa Sunda kiwari, geus mangrupa "trade mark"-na. Atuh dina méréna alesan kacirina bet undak-usuk téh ditempatkeunana dina masalah struktur, lain dina masalah kabeungharan kecap anu dina sajarah kamekaran basa bisa barobah. Aya ogé nu nyebutkeun, undak-usuk téh mangrupa maniféstasi "kalemesan budi basa" urang Sunda. Lamun teu dipaliré, kumaha atuh jadina basa Sunda téh? Hanjakal dina méré alesanana ngan bulak-balik dina lemesna basa baé, teu maké sawangan nu jembar ambahanana, anu bisa nepi ka hiji pananya sarupa kieu: naha kecap-kecap lemes nu asalna mangrupa bagian tina tatakrama féodal téh loyog jeung tatakram démokrasi kiwari? Naha basa hormat téh sarua baé tingkatanana boh pikeun masarakat féodal, boh pikeun masarakat démokrasi? Pikeun ngajéntrékeun ieu masalah, sigana perlu disigeung heula perkara ajén-inajén manusa: kumaha nurutkeun masarakat kolonial-féodal, kumaha nurutkeun masarakat démokrasi, supaya écés dina ieu pedaran urang dimimitian heula ku jalan ngabédakeun harti kecap manusa jeung harti kecap jelema. Kecap manusa dipaké mun urang dék ngabédakeun jelema ti sato, tutuwuhan jeung ti pangeusi alam lianna. Kecap pangajén nu loyog dipakéna di dieu nya éta martabat. Martabat manusa dibédakeun ti martabat sato, tutuwuhan jeung ti pangeusi alam lianna. Kecap jelema dipaké dina harti wujud nyata manusa saurangna-saurangna (individu) dina hirup kumbuh. Tegesna kecap jelemamah pihartieunana nya éta manusa nu geus 'ngalalakon' dina pakumbuhan, nya éta manusa nu geus nyandang kalungguhan (status) sosial jeung peranan sosial sarta tugas (fungsi) sosial. Kecap pangajén nu loyog dipaké di dieu nyaéta harkat(pikeun kalungguhan sosial), jeung darajat (pikeun peranan sosial). Kecap pangkat biasana nuduhkeun lelewek wewenang nu aya dina hiji kalungguhan sosial atawa peranan sosial. Dina kahirupan sapopoé sok aya kekecapan kieu, "Si Ujang téh ayeuna mah geus jadi jelema". Tah ieu kekecapan téh pihartieunana lain duméh Si Ujang monyét saméméhna mah, atawa lain manusa tadina mah, tapi pikeun nuduhkeun yén Si Ujang geus boga harkat atawa meunang darajat dina kahirupanana. Bisa baé pasalna mah tina miskin jadi beunghar, tina lugah-ligeuh jadi boga gawé nu pantes, Si Ujang téh. Ku bogana harkat atawa meunangna darajat, manéhna jadi naék ajénna di masarakat. Akibatna aya parobahan tatakrama ti lingkunganana nu ditujukeun ka manéhna. Dina masarakat kolonial-féodal di urang baheula, harkat jeung darajat sosial téh ngan bisa méré "nilai tambah" kana martabat manusa nu geus nyampak dibéda-béda. Hartina, éta harkat jeung darajat sosial téh teu bisa ari ngarobah martabat manusa mah. Dina novel Lain Éta Moh. Ambri, teu jadina Mahmud ka Néng Éha téh lain ku lantaran harkat jeung darajat sosial Mahmud leuwih handap ti Néng Éha, malah bisa jadi aya leuwihna, tapi kulantaran dina anggapan Juragan Kalipah, rama Néng Éha, lain turunan radén Mahmud mah. Hartina dina pandangan Juragan Kalipah manusa Mahmud leuwih rendah ti manusa Néng Éha. Pokna gé cenah, "Lebar teuing anak urang dibikeun ka nu lain turunan". Ieu kakara pangkat kalipah, komo deui ménak nu pangkatna leuwih luhur. Padahal manusa Mahmud téh martabatna teu kaasup cacah, da turunan mas. Atuh komo deui lamun ka cacah. Jadi, harkat jeung darajat jelema di jaman kolonial-féodal ngan meunang pangajén ti manusa nu samartabat jeung ti nu leuwih handap martabatna, da ti manusa nu leuwih luhur martabatna mah teu meunang pangajén. Alhasil harkat jeung darajat sosial dina jaman harita teu bisa ngarobah martabat manusa. Nya kitu deui, pikeun nanjeurkeun martabat kaménakan, para ménak miboga sarupaning hak istiméwa dina soal tatakrama; pikeun dirina, hayang dimémén diénak-énak; sedengkeun ka manusa nu teu samartabat, alim ngamémén, alim ngénak-ngénak, kaasup dina makéna undak-usuk basa. Jadi, lamun anu kasebut bieu di luhur mangrupa alesan keur Ajip pikeun ngaleungitkeun undak-usuk basa (atawa ulah dipaliré ceuk istilah Ajip mah), hartina undak-usuk téh idéntik jeung tatakrama kolonial-féodal. Lamun kitu alesanana, bisa ditarima usul Ajip téh lantaran pakumbuhan urang sipatna mémang béda ti baheula, geus robah kaayaanana; baheula mah kolonial-féodal, ayeuna mah démokrasi Pancasila. Tapi, sanajan éta usul pamadegan bisa ditarima masih tacan réngsé masalahna. Sababl Ajip tacan méré jawaban kana soal ieu: naha dina masarakat démokrasi teu aya tatakrama? Lamun sakur nu kasebut tatakrama ngan aya dina masarakat féodal baé, tangtuna gé pandangan Ajip méncog tina kanyataan nu aya dina unggal pakumbuhan hirup manusa, sabab silih hormat antara sasama manusa téh ditémbongkeun ku tatakrama téa. Jadi, masalah nu sabenerna mah éta tatakrama nu asalna ti jaman kolonial-féodal téh kudu diganti ku tatakrama démokrasi. Dina martabat démokrasi ogé aya tatakrama pikeun némbongkeun ayana rasa silih ajénan dina pergaulan antara sasama manusa. Sacara manusa kabéh samartabat, tapi sacara jelema aya atribut sosial nu méré warna kana ayana perbédaan-perbédaan. Dina lingkungan kulawarga, misalna, dibedakeun antara kalungguhan bapa, indung, jeung anak; mitoha jeung minantu. Di sakola, guru jeung murid. Di kantor, 'atasan-bawahan'. Di masarakat luas: antara inohong jeung balaréana, bisa jadi kulantaran luhung élmuna, gedé wibawana, gedé jasana, loba préstasina tina salah sahiji bidang dina kahirupan. Bisa ogé ku ganjorna umur. Ieu sakabéhna mangrupa hubungan-hubungan sosial anu geus ngajadi pola saperti: sepuh jeung nu misepuh, kolot jeung nu mikolot, lanceuk jeung nu milanceuk, jst. Sakabéh hubungan-hubungan sosial ieu bakal némbongkeun ayana tatakrama dina pergaulan hirup sapopoé antara papada jalma. Jadi dina masarakat démokrasi ogé aya perbédaan saluhureun-sahandapeun, atasan-bawahan, ngan ieu perbédaan lain ku lantaran martabat manusa nu teu sarua, tapi ku lantaran ayana kalungguhan sosial jeung peranan sosial jelema nu béda-béda. Tegesna lain ku lantaran béda 'kokocoranana' atawa 'getihna'. Ku kituna, dina démokrasi ogé aya tatakrama, tapi tatakrama démokrasi mah lain kawas tatakrama kolonial-féodal. Aya basa hormat dina démokrasi, tapi lain kawas basa hormatna kolonial-féodal. Aya basa lemes dina démokrasi, tapi lain kawas basa lemesna kolonial-féodal nu kaleuleuwihi nepi ka sakitu lungkawingna tingkatanana téh. Sabenerna, tina hal ngadémokrasikeun basa, antara Ajip Rosidi jeung Saini K.M. karasana teu pati béda. Ajip ngasongkeun modifikasi. Saini K.M. ngasongkeun pangalaman sapopoéna, nu kieu cenah: "... nu nulis (Saini K.M.) ngagunakeun basa lemes, boh dina pilihan kecap boh dina lentong. Ka tukang nyemprot hama ... kuring ngagunakeun basa lemes tapi lentongna rada cohag, lantaran tukang kebon téh umurna saadieun nu nulis". Katangén di dieu sikep Saini K.M. ngeunaan tatakrama pergaulan, nu bisa dibédakeun ti pamendak sepuh-sepuh nu masih kénéh nganggap basa lemes mah keur ka juragan, ari basa kasar mah keur ka panyawah. Modifikasi Saini K.M. dina tatakrama deukeut jeung modifikasi nu diusulkeun ku Ajip dina ngabasajankeun basa lemes. Tina sakabéh nu geus dipedar di luhur, bisa dicokot kacindekan yén undak-usuk basa téh sabenerna soal tatakrama nu dikaitkeun jeung basa, lain masalah basa (Sunda) pituin (basa ansich). Akibat tina robahna tatakrama kolonial-féodal ngajadi tatakrama démokrasi, soal sopan-santun basa gé robah deuih. Istilah undak-usuk ngandung konotasi kolonial-féodal dina pandangan Ajip, tapi éta istilah pikeun nu méré réaksi ka Ajip sigana dirasakeun nétral baé, malah dipabeulitkeun jeung soal tatabasa; nepi ka nimbulkeun kesan, nempatkeun soal undak-usuk basa dina masalah struktur. (Ieu panganteur hadéna urang tutup ku dua dénah nu ngagambarkeun tempatna undak-usuk basa dina basa Sunda.)**-- catetan nu nyalin (dudih) : * meunang maling sosoranganan tina buku "Polémik Undak-Usuk Basa Sunda" pedalan Kiblat Buku Utama ** pada panganggeusan ngahaja dikurungan kulantaran dua dénah nu dimaksud ku nu nulis can nyampak! http://dudiherlianto.multiply.com/journal/item/71/71
