Maca buku tareh Islam, dina eta buku kacaritakeun hiji riwayat Khalifah Umar 
Bin Abdul Aziz salah sahiji Khalifah Bani Umayah (682-720 M) katelah tina 
kawijaksanaanana. Hiji peuting manehna keur digawe sorangan bae di jero 
rohangan kantorna (istana) make lampu anu dieusian minyak zaitun. Kusabab 
katekunanana digawe nyieun catetan jeung surat-surat penting urusan nagara, 
kukituna henteu sadar manehna salah saurang anakna geus aya di jero rohangan 
kantorna. Anakna nangtung dihareupeun Khalifah ngadagoan kasempetan pikeun 
nyarita. Sabot Khalifah ngangkat sirahna ngarasa ruewas (kaget), sabab 
dihareupeun manehna geus aya anakna. Tuluy Khalifah nanya anakna "Aya keperluan 
naon jang datang kadieu neupungan bapa anu keur riweuh ku pagawean". Anakna 
tuluy nembalan "aya hiji urusan kaluarga anu kedah ditepikeun ka Bapa".  
Ngadenge omongan anakna, Khalifah nembalan "Mun kitu, dagoan sakedeng, rek 
dipareuman ieu lampu", manehna muru lampu minyak zaitun
 anu keur hurung, tuluy mareuman eta lampu. Sanggeus lampu pareum, Khalifah  
nitah anakna nyampekeun urusan kaluarga di jero rohangan gawe anu poek 
mongkleng. "Tah ayeuna nyarita, naon anu rek diomongkeun, ceuk Khalifah. "Tapi 
naha Bapa kudu mareuman ieu lampu, ieu rohangan jadi poek, sarta urang 
nyaritana jadi henteu merenah", ceuk anakna. Ngadenge kamuhandeur (kahariwang) 
anakna, Khalifah ngomong "Duh anaking, lampu ieu dihurungkeun make minyak 
zaitun anu dibeuli ku duit nagara. Sedeungkeun maneh datang kadieu 
lain ngomongkeun urusan nagara, tapi ngenaan urusan kaluarga. Sarta kusabab 
kaperluan eta, mangka urang teu meunang ngagunakeun fasilitas nagara. Kusabab 
nagara nyaeta boga kabeh rahayat,  jeung urang henteu meunang ngurangan hak 
milik maranehanana pikeun kapentingan urang sorangan". Saterusna anakna 
kukulutus "waduh Bapa ieu kumaha sih, abdi teu bisa nyarita tina kayaan poek".  
 
Sanggeus ngadenge omongan anakna anu henteu bisa nyarita di rohangan poek, 
tuluy Khalifah ngagero saurang khadam (asisten/pembantu) anu diparentahkeun 
pikeun nyokot lampu milik pribadi ti imah Khalifah, pikeun digunakeun salila 
ngobrol jeung anakna. Henteu lila tuluy khadam datang kalayan mawa lampu milik 
Khalifah. Sanggeus rohangan caang, Khalifah nyarita : "Sok jang rek nyarita 
naon. Urang ngagunakeun lampu jeung minyak anu dibeli tina duit milik urang".
 
Sakitu carita riwayat anu mere contoh tauladan anu dipiboga ku saurang Khalifah 
(Kapala Nagara) anu nyekel amanat tina kapamingpinana anu ngawasaan harta 
nagara anu sakitu gedena. Mun urang bandingkeun jeung realita kiwari di nagara 
urang, ti Pusat, Tingkat I, II nepi ka tingkat RT anu aya nyaeta zimat AZI 
MUNGPUNG. Tong boro ati-ati dina ngagunakeun fasilitas nagara, malahan anu aya 
fasilitas nagara DIPAOKAN!!!!
 
Salam,
I. Saprudin

Kirim email ke