Manehna nyorowok :” Tulungan bapa ! uing diserang nyao ku
saha ! mungkin uing paeh ayeuna; pang maleskeun ku bapa.” Rep bae manehna
kapaehan.

Inget2 manehna keur digugulung ku guruna. Tatu2na jigana keur
diubaran.

Manehna nyarita laun pisan:” bapa geus diusir eta musuh teh
?”

Guruna nyarita leuleuy:”Sing tenang; maneh ayeuna resmi jadi
murid Kaula.”

Manehna nyarita deui:”Naon ? Lain waktu kuring diajar ku
bapa, uing teh lain murid ?”

Guruna seuri bari pok ngomong:”Harita mah masih calon murid;
Kaula embung boga murid nu GAGAL. Kula hayang boga murid nu boga bakat pikeun
neruskeun elmu nu dicekel ku Kaula. Kaula boga calon murid teh tilu; tapi nu
hasil terus jadi murid; ngan maneh sorangan.”

Manehna nanya:”Ari calon murid nu dua deui ka mana ?”

Guruna seuri mani ngagakgak:”Hahahahaha ! Paraeh!”

Jalma nanya:” kumaha paehna bapa ?”

Guru:”Nya saperti tadi diuji ku Kaula; si Pulung kurang gesit
nepi ka katubles ku peso nu seukeut kabeh tea; terus kojor. Ari Si Pungut
kurang peka nepi ka teu nyahoeun panah geus nubles dadana . ari maneh mah nyata
boga bakat alus pisan, bisa nyingkiran bahaya; ngan ukur tatu wungkul; eta
lantaran can kabeh elmu ditamplokkeun ka maneh!”   

Sajongjongan mah Jalma ngahuleng; eu…… mun aing kurang kesit
jeung kurang ngadenge geleserna senjata, wah tinangtu aing binasa” Jalma mikir
bari rada ngabirigidig ngabayangkeun si Pulung jeung si Pungut. Ieu guru teh
Kacida anehna jeung sigana teu normal? Kitu pikiran Jalma waktu harita.

Si Guru jigana surti; cakakak ngagakgak terus pok
ngomong:”Lain ngan ukur hal eta maneh helok ka Kaula; masih loba hal nu leuwih
aneh di diri Kaula. Nepi ka ayeuna pan maneh can nyaho saha ngaran Kaula ?”

Jalma milu mairan:”Heueuh sok atuh sebutkeun saha ngaran bapa
teh ?”

Ki Guru:”Dengekeun sing telek ! Ngaran Kula teh katelah Ki
NURUSTUNJUNG!”

Jalma:”euh ! naon hartina ari Nurustunjung teh ?! naha
disebut aneh ?!”

Ki Guru:”Hahaha ! memang maneh moal ngarti, lantaran ti
leuleutik terus jeung Kaula; kurang diajar paadatan, basa jeung salian ti eta;
maneh didieu ngan dilatih kanuragan jeung kumaha usaha supaya panjang
ngajalanan ieu hirup; antarana cara melak jagong jeung ngala lauk, tah ari
nurustunjung teh hartina teu sarua jeung paadatan jalma rea; memper ka na
kurang ajar. Nurustunjung teh beda ti nu lian; loba kalakuan nu teu pararantes;
Kaula geus poho ka na ngaran asli Kaula sorangan, tapi ku sabab loba nu nyebut
Kaula nurustunjung; nya ku Kaula diaku we yen eta teh ngaran Kula.”

Sajongjongan mah Jalma ngan ukur melengek we, teu pati ngarti,
lantaran nu aya di dinya iwal ti duaan, manehna jeung guruna; jadi sapopoe asa
biasa we. Tapi tadi guruna nyaritakeun si Pungut jeung si Pulung; asa memang
kaleuleuwihi teuing ieu guru teh.

Ki Nurustunjung nyaritakeun ka manehna, yen si pungut kapanggih
keur kekerelepan di laut Kidut,manehna geus teu hayang hirup lantaran pahatu
lalis; hirup nyorangan, jadina nekad; tapi keur kekerelepan kapanggih ku Ki
Nurustunjung nya ditulungan terus we diangkat murid tapi gagal; manehna cilaka
waktu keur latihan, atawa diuji. Ari Si Pulung mah kapanggihna waktu rek dikadek
ku rampog; sakabeh kulawargana dibeakeun barang si Pulung rek ditigas kaburu
datang Ki Nurustunjung; nya disalametkeun tapi binasa na latihan.

Ki
Nurustunjung nyaritakeun oge yen pangna cicing di eta sisi basisir tempat nu
lungkawing kitu, lantaran moal sambarangan manusa bisa katempat eta mah; kudu
nu geus mumpuni pisan elmuna. 
Sedengkeun Ki Nurustunjung loba musuhna.

HANCA

Kirim email ke