Urang kampung Wanayasa kacida ngahormatna ka H syarif teh,
lantaran beunghar tapi Dermawan; manehna boga sawah aya ka na 5 bauna; ampir
kabeh we sawah di lembur eta nu manehna. Terus manehna nyebarkeun agama Islam
di eta lembur; nya akhirna ngadegkeun Pasantren Miftahul Falah tea. Nu jadi
Pangurus eta Lembur ampir kabeh murid H Syarif.

Ku sabab manehna nyarita rek milu guguru di dinya, nu disebut
“masantren” cenah; nya manehna dipasrahkeun ka salah sahiji Lurah Santri nu 
kabeneran
anak H. Syarif, nya eta Ajengan Salim, umurna kira2 38 taun, geus rarabi tur
boga anak tilu. Ku ajengan Salim Jalma dipasrahkeun ka Santri Senior Ki ahmad,
umurna kira2 aya 25an taun, boga anak kakara 2. Tah sapopoe teh manehna diajar
teh ku Ki Ahmad. Ku sabab Jalma calakan; atuh ngan sakeudeung geus ningkat ;
lain ngan ukur ngaderes Qur_an, oge langsung ka na Safinah, Jurumiah, Tijan. 
Atuh
komo deui ari Sholat jeung wudhu mah geus biasa dilakukeun.

Jalma cicingna di Pasantren eta teh, estu gratis pisan; asal
daek we diajar NGAJI; soal dahar mah teu kudu dipikir.Ngan wae manehna kudu
daek migawe sawahna H. Syarif, Nya wajar we, diitung itung mah loba keneh
gratisna. Paingan atuh Pasantren Miftahul Falah loba santrina; tong boro urang
Wanayasa, dalah ti luar lembur eta ge loba. Ayeuna mah nu urang kampung eta
Santrina lolobana barudak; da ari kolot2na mah geus dianggap lumayan, cukup
boga pangarti di na soal kaislamanana.
HANCA


Kirim email ke