Jalma geus loba kawawuh, salila masantren di Wanayasa teh,
loba nu nyaaheun ka Jalma teh, lantaran Jalma daek migawe naon bae nu kira2
perlu dilaksanakeun; tara ieuh Jalma nolak. Jalma oge geus diajar kumaha
ngaweredonan, malah geus 2X praktek salila di dinya teh. Teu wudu betah oge
Jalma di eta lembur teh; tapi nu rada beurat keur jalma loba pisan wanoja nu
naksir, jeung hayang kataksir ku manehna; kaasup anak Ajengan Muhtar Siti, nu
oge kaasup incu H. Syarif. Incu H. syarif hiji deui nu anak Ajengan Salim nu
memang sapantar jeung manehna; sering pisan neangan alesan pikeun kumaha bisa
ngalayanan Jalma, boh  mere inuman atawa
mere kadaharan; memang balageur jeung maranis kabeh ge. Ajengan Salimna jeung
Ajengan Muhtarna oge kaciri hayang mulung mantu Jalma, lantaran kahiji Jalma
calakan, kaduana rajin jeung daek migawe naon wae; malah kaasup sagala bisa ieu
Jalma teh; nu matak loba nu hayang mulung mantu. Akhirna Jalma bari rada hese
ngadep ka H. Syarif, hese lantaran H. Syarif sibuk pisan. Isuk2 atuh shalat
Dhuhana aya ka na 8 rakaatna; bari teu meunang aya nu ngaganggu; saterusna
nalaah kitab jrrd; jadi euweuh hiji waktu nu dipake keur salse; estu sibuk ka
na masalah agama Islam; nu matak hese pisan panggih jeung H. Syarif ari lain
waktu shalat mah; kitu ge sakadar sasalaman. Tapi na hiji waktu; can ge anggeus
shalat dhuhana geus batal nya atuh kapaksa wudhu deui; tah na waktu eta
kabeneran Jalma hayang ngadep; atuh gok pisan; nya harita Jalma bisa tomada
hayang neruskeun perjalanan.

H. syarif Kacida kagetna, lantaran H. syarif oge nyaho ketak
Jalma di lembur atawa di eta Pasantren; H. Syarif ge aya pikiran hayang
ngajodokeun ka salah sahiji incuna; da ngadenge oge hawar2 soal “eta” mah; tapi
ayeuna mani ngadadak pisan Jalma pamitan; atuh nya ngajenghok, nya heran oge.
Ditalek mani lila pisan manehna teh; tapi Jalma teu sugan sakali we malibir
masalah jodo; nu tadina mah susuganan; tapi asa jarauh pisan; hartina Jalma can
aya pisan kahayang ka na imah2; nya akhirna mah H. Syarif ngidinan manehna
indit; tapi wanti2 ulah teu balik deui ka dinya cenah.

Waktu rek indit Jalma dibekelan saringgit; nu kaasup gede oge
ukuran jaman harita; sakitu ku Jalma ditolak ge eh keukeuh mere, bari
nyebutkeun ulah nampik pangasih cenah doraka; nya atuh kapaksa Jalma narima eta
bekel.

Barang rek jung pisan, jol teh Ajengan Salim; kaget pisan
ajengan Salim nempo Jalma pamitan; ditanya bisi aya nu matak teu ngareunah ka
na hate Jalma; tapi Jalma susumpahan betah pisan di dinya teh; ngan cenah Jalma
boga pancen ti guruna; rada handeueul oge Ajengan Salim ; tapi teu ngahalangan
bral wae Jalma mangkat ti Wanayasa bari rek nuju ka Leuwiseeng tea. Ngan
sakolepat geus jauh; moal aya nu bisa nyusul.
HANCA


Kirim email ke