bapa kuring pangebon di kebon raya bogor. maksudna purah babantu
ngaberesihan kebon raya. pagaweanna nyacar jukur atawa ngababad rungkun.
sabab gajina leutik, mun dahar bapa tara meuli di warung. dahar isuk jeung
peuting, bapa maksakeun kudu di imah. sedengkeun mun dahar beurang sok mawa
rantang. tapi reremenna mah rantangna teh dianteurkeun ku pamajikanna,
indung kuring, pabeubeurang. alesanna mah ngarah dahareunna haneut. pan
leuwih pedo lin dahareun nu marasih haneut mah?

basa indung kuring bureuyeung reuneuh gede ku kuring ge, kabiasaan
nganteuran bapa teh teu eureun. nya gara-gara kabiasaan ieu nu hayang ku
kuring ayeuna didongengkeun teh. najan remen dicaram ku salakina, enya bapa
kuring tea, indung keukeuh hayang terus nganteuran, najan utun inji, enya
kuring, nu aya dina kandungan sabrol-broleun ngajuru oge. ucapna teh, ieu
teh kahayang si ujang, cenah.

hiji mangsa, bapa kuring keur ngarapihkeun pager hirup di hiji taman. di
ieu taman aya tugu keramik warna beureum taneuh, jangkungna moal kurang ti
tilu meter. jam duwawelas, indung kuring geus datang mawa rantang. duaan
jeung salakina, bapa kuring tea, indung kuring nu bureuyeung teh ngadon
daang di handapeun si tugu beureum. nikmat pisan jigana teh, dahar di
tengah taman nu ngemploh dilapis ku daun nu hejo, dikuriling ku tatangkalan
nu harelung jangkung. pikabetahan. ngan can rengse meakeun kejo, ngadadak
indung kuring ngajerit....'aaaaawww, kang, beuteung ngusial! jigana si
ujang deuk bijil". atuh bapa kuring teu talangke, najan ramo ramiping ku
remeh ge, langsung mayang indung, niatna deuk dibawa ka rumah sakit. jalma
di sabudeureun giak marantuan. indung kuring di bawa ka rumah sakit nu teu
jauh ti dinya, rumah sakit pmi. nya di dinya pisan kuring mimiti nyeuseup
bau dunya teh! bapa kuring teu antaparah mere aran ka kuring: teysmann
anugrah.

nepi ka umur genep taun mah, kuring hare-hare ka aran nu dibere ku bapa.
ngan kahare-hare eta robah sanggeus adi kuring bisa ngomong rada bentes.
enya opat taun sanggeus kuring ngajuru, indung kuring ngajurukeun deui
budak, adi kuring tea. nu ngarobah kahare-harean kuring ka harti aran teh
nyaeta panyeluk adi ka kuring jadi bahan pangeleg babaturan. lamun kuring
datang, sok ujug-ujug ribut, eak-eakan, bari tingcorowok paharus-harus,
'awas ahli naraka datang!' cenah. mun dikitukeun teh kuring sok tuluy
ceurik. balik ka imah.

kuring ge remen istori ka bapa. ngabejakeun kalakuan babaturan eta. tapi
bapa ukur renya-renyu, imut, bari ukur ngabeberah ku ngomong, 'keun tong
dipikiran, da eta mah ukur heureuy!'. sakali mangsa mah, sabab kesel tibang
dijawab kitu, kuring maksa, sangkan si bapa waleh naha make mere ngaran
teysmann. lain asep, cecep, encep, atawa nu sejen, cara urang sunda
biasana. malah maksa teh make ceurik sagala. tah sigana, nenjo budakna
ceurik mah hate bapa teh leah, terus nyaritakeun dongeng kuring dijurukeun.
tina dongeng bapa eta kuring jadi nyaho, tugu beureum nu aya di tengah
kebon raya teh mangrupa tetenger, pangeling-ngeling, ka saurang ahli botani
kahot jaman walanda, johannes elias teysmann. cek si bapa, teysmann teg nu
boga jasa nepi ka sampeu jadi jiga dahareun asli urang sunda. mun euweuh
teysmann, masih cek si bapa, kuring moal kungsi boga bayangan nikmat ka
ngdahar bubuy sampeu nu dibetekeun laju dipurulukan gula kawung.

ti harita, kuring henteu deui kasigeung, tuluy ambek-ambekan, lamun adi
kuring atawa babaturan kuring cocorowokan, nyebut kuring: "A TEIS!"

------

2011/12/7 ahsa <[email protected]>

> **
>
>
> Leres Kang Irfan. Sanes Ahlulbait bae nu ngiring nanjeurkeun Islam teh;
> sohabat oge ngiluan. Ngan dugi kiawri kuring teu acan jentre yen nu disebat
> sohabat teh saha? aya teu standar na? Nu biasa disebut sohabat teh nu
> sajaman sareng nabi tur urang Islam. Malihan mah, mun teu salah, aya orok
> lahir sabarapa poe Kangjeng Nabi rek pupus diangkeun sohabat. Teu
> katangtosan wates istilah sohabat laket ka jalma. Naha kulantaran iman
> Islam atanapi ngan ukur sajaman hungkul. Hal ieu kantos janten talungtik na
> Dr Fuad Jabali, urang rancaekek, dugi dibukukeun judulna, "Sahabat Nabi"
> penerbit mizan.
>
>   ------------------------------
> *Dari:* Irpan Rispandi <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Rabu, 7 Desember 2011 12:29
> *Judul:* Re: Bls: Bls: Bls: Bls: [kisunda] Kisah Tragis Di Karbala
>
>
>
> Enya ari kitu na mah.
> Tapi kapanan anu ngabajoangkeun Islam sangkan nanjeur teh lain Ali
> hungkul, loba deui nu sejenna.
> Naha ari sahabat sejenna teu diaku?
>
>
>
> On 12/07/2011 12:16 PM, ahsa wrote:
>
>
>  kan Anjeuna teh pelanjut pemimpin Islam saba'da Rasulullah saw. Seueur
> hadis nu nyebatkeun yen Imam Ali teh jalmi pinunjul. Salah hiji hadis nu
> nyebatkeun Kanjeng Nabi kota Ilmu, Imam Ali teh pantona. saha jalma nu rek
> asup kudu ngaliwatan pantona. Nya didieu pisan kuring percaten yen Imam Ali
> teh pinunjul. mangga taros ka Kang Zen, seur geura hadis2 nu soheh perkawis
> kautamaan Imam Ali.
>
>
>   ------------------------------
> *Dari:* Irpan Rispandi <[email protected]> <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Rabu, 7 Desember 2011 12:00
> *Judul:* Re: Bls: Bls: Bls: [kisunda] Kisah Tragis Di Karbala
>
>
>
> Atuh da ka Imam Ali teh meni ngagung-ngagung pisan
> padahal siapa elo, dibanding Rasulullah mah.
>
>
>
> On 12/07/2011 11:41 AM, ahsa wrote:
>
>
>  aeh... kamana bae ari Kang Irpan? hehehe
> Kangjeng Nabi Muhammad saw teh Nabi kedudukanna; Ali bin Abi Thalib mah
> washi atanapi Imam.
>
>   ------------------------------
> *Dari:* Irpan Rispandi <[email protected]> <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Rabu, 7 Desember 2011 9:01
> *Judul:* Re: Bls: Bls: [kisunda] Kisah Tragis Di Karbala
>
>
>
> Kok kangjeng Nabi?
> lain Imam Ali anu agung?
>
> On 12/07/2011 08:47 AM, ahsa wrote:
>
>
>  hehehe... jigana mah untung na mah keur dirina pribadi. saurna aya
> jamina syafaat ti Kangjeng Nabi.
> keun bae lah eta mah pilihan na sorangan. saur kuring mah lain pasea ari
> diskusi mah...
>
>   ------------------------------
> *Dari:* Irpan Rispandi <[email protected]> <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Rabu, 7 Desember 2011 8:43
> *Judul:* Re: Bls: [kisunda] Kisah Tragis Di Karbala
>
>
>
> Naon nya untungna lamun anggota milis asup syiah kabeh?
> he..he..he...
>
> ke..ke..ke... amit mundur teh heureuy atawa nyaan.
> mun nyaan, dikadek siah. ^_^
> nanaonan make mundur sagala?
>
>
> On 12/06/2011 09:14 PM, Kumincir Wikidisastra wrote:
>
>
> debus mah ceuk madhab naon wae oge hukumna PAUR!
> can beak keneh eta kajadian nu geus kaliwat samilenium satengah teh?
> asa kabina2 nya umat islam, pasea teu anggeus2.. sigana warga milis
> can syiah kabeh mah rek hayoh we nya?
> pileuleuyan sadayana, simkuring amit mundur ti ieu milis..
>
> --
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
> kumincir.multiply.com
> blog.boleh.com/kumincir
> www.urang-sunda.or.id
> su.wikipedia.org
>    Reply to 
> sender<[email protected]?subject=Re%3A%20Bls%3A%20%5Bkisunda%5D%20Kisah%20Tragis%20Di%20Karbala>|
>  Reply
> to 
> group<[email protected]?subject=Re%3A%20Bls%3A%20%5Bkisunda%5D%20Kisah%20Tragis%20Di%20Karbala>|
>  Reply
> via web 
> post<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/post;_ylc=X3oDMTJxNm8waXE0BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzUyMjgyBHNlYwNmdHIEc2xrA3JwbHkEc3RpbWUDMTMyMzE4MDkwMQ--?act=reply&messageNum=52282>|
>  Start
> a New 
> Topic<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/post;_ylc=X3oDMTJlZW9vdTNmBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwNmdHIEc2xrA250cGMEc3RpbWUDMTMyMzE4MDkwMQ-->
> Messages in this 
> topic<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/52239;_ylc=X3oDMTM2cTMyZjN1BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzUyMjgyBHNlYwNmdHIEc2xrA3Z0cGMEc3RpbWUDMTMyMzE4MDkwMQR0cGNJZAM1MjIzOQ-->(
> 11)
>  Recent Activity:
>
>    - New 
> Members<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/members;_ylc=X3oDMTJmdWRmMGJpBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZtYnJzBHN0aW1lAzEzMjMxODA5MDE-?o=6>
>    2
>    - New 
> Files<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/files;_ylc=X3oDMTJnbGIwYnUxBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZmaWxlcwRzdGltZQMxMzIzMTgwOTAx>
>    1
>
>  Visit Your 
> Group<http://groups.yahoo.com/group/kisunda;_ylc=X3oDMTJldmp2Ymk3BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZnaHAEc3RpbWUDMTMyMzE4MDkwMQ-->
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>     Reply to 
> sender<[email protected]?subject=Re%3A%20Bls%3A%20Bls%3A%20Bls%3A%20Bls%3A%20%5Bkisunda%5D%20Kisah%20Tragis%20Di%20Karbala>|
>  Reply
> to 
> group<[email protected]?subject=Re%3A%20Bls%3A%20Bls%3A%20Bls%3A%20Bls%3A%20%5Bkisunda%5D%20Kisah%20Tragis%20Di%20Karbala>|
>  Reply
> via web 
> post<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/post;_ylc=X3oDMTJxY25wamNlBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzUyMzM2BHNlYwNmdHIEc2xrA3JwbHkEc3RpbWUDMTMyMzIzNTAzOQ--?act=reply&messageNum=52336>|
>  Start
> a New 
> Topic<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/post;_ylc=X3oDMTJlY2FzdmtyBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwNmdHIEc2xrA250cGMEc3RpbWUDMTMyMzIzNTAzOQ-->
> Messages in this 
> topic<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/52239;_ylc=X3oDMTM2NWh0dWg2BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzUyMzM2BHNlYwNmdHIEc2xrA3Z0cGMEc3RpbWUDMTMyMzIzNTAzOQR0cGNJZAM1MjIzOQ-->(
> 26)
>  Recent Activity:
>
>    - New 
> Members<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/members;_ylc=X3oDMTJmNWlnM2VuBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZtYnJzBHN0aW1lAzEzMjMyMzUwMzk-?o=6>
>    1
>    - New 
> Files<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/files;_ylc=X3oDMTJnb2dnbmZqBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZmaWxlcwRzdGltZQMxMzIzMjM1MDM5>
>    1
>
>  Visit Your 
> Group<http://groups.yahoo.com/group/kisunda;_ylc=X3oDMTJlMG91NW12BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZnaHAEc3RpbWUDMTMyMzIzNTAzOQ-->
>
>
>
>
>
>
>   
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke