mantap!!


________________________________
 Dari: Dudi Herlianto <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 15:39
Judul: [kisunda] nepangkeun kuring a teis!
 

  


bapa kuring pangebon di kebon raya bogor. maksudna purah babantu ngaberesihan 
kebon raya. pagaweanna nyacar jukur atawa ngababad rungkun. sabab gajina 
leutik, mun dahar bapa tara meuli di warung. dahar isuk jeung peuting, bapa 
maksakeun kudu di imah. sedengkeun mun dahar beurang sok mawa rantang. tapi 
reremenna mah rantangna teh dianteurkeun ku pamajikanna, indung kuring, 
pabeubeurang. alesanna mah ngarah dahareunna haneut. pan leuwih pedo lin 
dahareun nu marasih haneut mah?

basa indung kuring bureuyeung reuneuh gede ku kuring ge, kabiasaan nganteuran 
bapa teh teu eureun. nya gara-gara kabiasaan ieu nu hayang ku kuring ayeuna 
didongengkeun teh. najan remen dicaram ku salakina, enya bapa kuring tea, 
indung keukeuh hayang terus nganteuran, najan utun inji, enya kuring, nu aya 
dina kandungan sabrol-broleun ngajuru oge. ucapna teh, ieu teh kahayang si 
ujang, cenah. 

hiji mangsa, bapa kuring keur ngarapihkeun pager hirup di hiji taman. di ieu 
taman aya tugu keramik warna beureum taneuh, jangkungna moal kurang ti tilu 
meter. jam duwawelas, indung kuring geus datang mawa rantang. duaan jeung 
salakina, bapa kuring tea, indung kuring nu bureuyeung teh ngadon daang di 
handapeun si tugu beureum. nikmat pisan jigana teh, dahar di tengah taman nu 
ngemploh dilapis ku daun nu hejo, dikuriling ku tatangkalan nu harelung 
jangkung. pikabetahan. ngan can rengse meakeun kejo, ngadadak indung kuring 
ngajerit....'aaaaawww, kang, beuteung ngusial! jigana si ujang deuk bijil". 
atuh bapa kuring teu talangke, najan ramo ramiping ku remeh ge, langsung mayang 
indung, niatna deuk dibawa ka rumah sakit. jalma di sabudeureun giak marantuan. 
indung kuring di bawa ka rumah sakit nu teu jauh ti dinya, rumah sakit pmi. nya 
di dinya pisan kuring mimiti nyeuseup bau dunya teh! bapa kuring teu antaparah 
mere aran ka kuring: teysmann anugrah.

nepi ka umur genep taun mah, kuring hare-hare ka aran nu dibere ku bapa. ngan 
kahare-hare eta robah sanggeus adi kuring bisa ngomong rada bentes. enya opat 
taun sanggeus kuring ngajuru, indung kuring ngajurukeun deui budak, adi kuring 
tea. nu ngarobah kahare-harean kuring ka harti aran teh nyaeta panyeluk adi ka 
kuring jadi bahan pangeleg babaturan. lamun kuring datang, sok ujug-ujug ribut, 
eak-eakan, bari tingcorowok paharus-harus, 'awas ahli naraka datang!' cenah. 
mun dikitukeun teh kuring sok tuluy ceurik. balik ka imah.

kuring ge remen istori ka bapa. ngabejakeun kalakuan babaturan eta. tapi bapa 
ukur renya-renyu, imut, bari ukur ngabeberah ku ngomong, 'keun tong dipikiran, 
da eta mah ukur heureuy!'. sakali mangsa mah, sabab kesel tibang dijawab kitu, 
kuring maksa, sangkan si bapa waleh naha make mere ngaran teysmann. lain asep, 
cecep, encep, atawa nu sejen, cara urang sunda biasana. malah maksa teh make 
ceurik sagala. tah sigana, nenjo budakna ceurik mah hate bapa teh leah, terus 
nyaritakeun dongeng kuring dijurukeun. tina dongeng bapa eta kuring jadi nyaho, 
tugu beureum nu aya di tengah kebon raya teh mangrupa tetenger, 
pangeling-ngeling, ka saurang ahli botani kahot jaman walanda, johannes elias 
teysmann. cek si bapa, teysmann teg nu boga jasa nepi ka sampeu jadi jiga 
dahareun asli urang sunda. mun euweuh teysmann, masih cek si bapa, kuring moal 
kungsi boga bayangan nikmat ka ngdahar bubuy sampeu nu dibetekeun laju 
dipurulukan gula kawung.

ti harita, kuring henteu deui kasigeung, tuluy ambek-ambekan, lamun adi kuring 
atawa babaturan kuring cocorowokan, nyebut kuring: "A TEIS!"

------


2011/12/7 ahsa <[email protected]>

 
>  
>Leres Kang Irfan. Sanes Ahlulbait bae nu ngiring nanjeurkeun Islam teh; 
>sohabat oge ngiluan. Ngan dugi kiawri kuring teu acan jentre yen nu disebat 
>sohabat teh saha? aya teu standar na? Nu biasa disebut sohabat teh nu sajaman 
>sareng nabi tur urang Islam. Malihan mah, mun teu salah, aya orok lahir 
>sabarapa poe Kangjeng Nabi rek pupus diangkeun sohabat. Teu katangtosan wates 
>istilah sohabat laket ka jalma. Naha kulantaran iman Islam atanapi ngan ukur 
>sajaman hungkul. Hal ieu kantos janten talungtik na Dr Fuad Jabali, urang 
>rancaekek, dugi dibukukeun judulna, "Sahabat Nabi" penerbit mizan.
>
>
>
>
>________________________________
> Dari: Irpan Rispandi <[email protected]>
>Kepada: [email protected] 
>Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 12:29
>Judul: Re: Bls: Bls: Bls: Bls: [kisunda] Kisah Tragis Di Karbala
> 
>
>
>
>Enya ari kitu na mah.
>Tapi kapanan anu ngabajoangkeun Islam sangkan nanjeur teh lain Ali
    hungkul, loba deui nu sejenna. 
>Naha ari sahabat sejenna teu diaku?
>
>
>
>On 12/07/2011 12:16 PM, ahsa wrote: 
>  
>>kan Anjeuna teh pelanjut pemimpin Islam saba'da Rasulullah saw. Seueur hadis 
>>nu nyebatkeun yen Imam Ali teh jalmi pinunjul. Salah hiji hadis nu nyebatkeun 
>>Kanjeng Nabi kota Ilmu, Imam Ali teh pantona. saha jalma nu rek asup kudu 
>>ngaliwatan pantona. Nya didieu pisan kuring percaten yen Imam Ali teh 
>>pinunjul. mangga taros ka Kang Zen, seur geura hadis2 nu soheh perkawis 
>>kautamaan Imam Ali. 
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>________________________________
>> Dari: Irpan Rispandi <[email protected]>
>>Kepada: [email protected] 
>>Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 12:00
>>Judul: Re: Bls: Bls: Bls: [kisunda] Kisah Tragis Di Karbala
>> 
>>
>>
>>
>>Atuh da ka Imam Ali teh meni ngagung-ngagung pisan 
>>padahal siapa elo, dibanding Rasulullah mah. 
>>
>>
>>
>>On 12/07/2011 11:41 AM, ahsa wrote: 
>>  
>>>aeh... kamana bae ari Kang Irpan? hehehe
>>>Kangjeng Nabi Muhammad saw teh Nabi kedudukanna; Ali bin Abi Thalib mah 
>>>washi atanapi Imam. 
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>________________________________
>>> Dari: Irpan Rispandi <[email protected]>
>>>Kepada: [email protected] 
>>>Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 9:01
>>>Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] Kisah Tragis Di Karbala
>>> 
>>>
>>>
>>>
>>>Kok kangjeng Nabi?
>>>lain Imam Ali anu agung?
>>>
>>>On 12/07/2011 08:47 AM, ahsa wrote: 
>>>  
>>>>hehehe... jigana mah untung na mah keur dirina pribadi. saurna aya jamina 
>>>>syafaat ti Kangjeng Nabi.
>>>>keun bae lah eta mah pilihan na sorangan. saur kuring mah lain pasea ari 
>>>>diskusi mah... 
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>________________________________
>>>> Dari: Irpan Rispandi <[email protected]>
>>>>Kepada: [email protected] 
>>>>Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 8:43
>>>>Judul: Re: Bls: [kisunda] Kisah Tragis Di Karbala
>>>> 
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>Naon nya untungna
                                                  lamun anggota milis
                                                  asup syiah kabeh?
>>>>he..he..he...
>>>>
>>>>ke..ke..ke... amit
                                                  mundur teh heureuy
                                                  atawa nyaan. 
>>>>mun nyaan, dikadek
                                                  siah. ^_^
>>>>nanaonan make mundur
                                                  sagala? 
>>>>
>>>>
>>>>On 12/06/2011 09:14
                                                  PM, Kumincir
                                                  Wikidisastra wrote: 
>>>>  
>>>>>debus mah ceuk madhab naon wae oge hukumna PAUR!
>>>>>can beak keneh
                                                        eta kajadian nu
                                                        geus kaliwat
                                                        samilenium
                                                        satengah teh?
>>>>>asa kabina2 nya
                                                        umat islam,
                                                        pasea teu
                                                        anggeus2..
                                                        sigana warga
                                                        milis
>>>>>can syiah kabeh
                                                        mah rek hayoh we
                                                        nya?
>>>>>pileuleuyan
                                                        sadayana,
                                                        simkuring amit
                                                        mundur ti ieu
                                                        milis..
>>>>>
>>>>>-- 
>>>>>sikandar
>>>>>kumincir.blogspot.com
>>>>>kumincir.multiply.com
>>>>>blog.boleh.com/kumincir
>>>>>www.urang-sunda.or.id
>>>>>su.wikipedia.org
>>>>>
>>>>>Reply to sender | Reply to group | Reply via web post | Start a New Topic 
>>>>>Messages in this topic (11) 
>>>>>Recent Activity: 
>>>>>   * New Members 2 
>>>>>   * New Files 1 
>>>>>Visit Your Group
>>>>>
>>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>Reply to sender | Reply to group | Reply via web post | Start a New Topic 
>>Messages in this topic (26) 
>>Recent Activity: 
>>      * New Members 1 
>>      * New Files 1 
>>Visit Your Group
>>
>
>
>
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



Kirim email ke