sampurasun!
sabab babaraha kali ningali sisindiran kenging ngadamel abdi dipajang di blog atanapi facebook urang sunda, tapi teu ngangggo "ku etikush". janten ayeuna abdi ngahajakeun niat bade masihan teurang ka nu can teurang, yen eta sisindiran teh sisindiran kenging ngadamel abdi. ka nu tos teurang, atuh mangga tong hilap cantumkeun "ku etikush"na upami copas teh. mugi-mugi sasama urang sunda teh tiasa silih ngaharga-an. aya hiji balon rek bitu sabab kagencet ku buhaya naha urang sunda teh kitu mopohokeun kana budaya aya jalma teu boga banda sadayana tos dipasihkeun angklung teh ti tatar sunda naha urang bet mopohokeun ulin ka laut banda naha jadi nalangsa kuring teh urang sunda kuring nyaah kana basa di kebon sato aya panda panda ngahakan kangkung budayakeun budaya sunda bilih lapur kawas angklung kamari ulin ka samarinda trus nyimpang ka bima kuring mah da urang sunda nyebat ka indung teh emak diluhur aya bandera bandera gambar panda naha kuring kudu era pan ieu teh basa sunda poe salasa tumpak kuda kuda paninggalan walanda urang mah urang sunda atuh pake basa sunda kangkung diasakan ku randa ngeunah pisan rasana angklung teh asli ti sunda kuring nu bogana aya pawang buhaya pawangna ulin ka persia kudu nyaah kana budaya bisi dicolong ku malaysia hayang ulin ka gunung gede di gunung aya buhaya urang sunda sing harade sing nyaah kana budaya ulin ka jalan juanda sawaktos bulan puasa mun ngaku urang sunda tong poho kana basa aya jalma teu boga alis sabab getol dikerokna neng geulis tong gumeulis sabab rujit nenjona baju teh apan disewakeun disewakeun ku indung sia basa sunda sok atuh gunakeun saeuncan diaku ku malaysia aya huma dekeut situ eta huma nu bogana randa naha urang sunda teh kitu alim nyarios ku basa sunda sumber: http://etikush.blogspot.com/2009/08/pantun-sunda.html#ixzz1fpSxOFVe
