Tah aya baraya anyar kanca! Ceu Eti K. Aya baladna Bi Oeti yeuh.

Punten ceu, aya koreksi ejaan nya. Pedah sababaraha kali ditulis, sarua
keneh patukeurna:

teurang ==> terang

2011/12/7 Eti Kush <[email protected]>

> **
>
>
> sampurasun!
>
> sabab babaraha kali ningali sisindiran kenging ngadamel abdi dipajang di
> blog atanapi facebook urang sunda, tapi teu ngangggo "ku etikush".
> janten ayeuna abdi ngahajakeun niat bade masihan teurang ka nu can
> teurang, yen eta sisindiran teh sisindiran kenging ngadamel abdi.
> ka nu tos teurang, atuh mangga tong hilap cantumkeun "ku etikush"na upami
> copas teh.
> mugi-mugi sasama urang sunda teh tiasa silih ngaharga-an.
>
>
> aya hiji balon rek bitu
> sabab kagencet ku buhaya
> naha urang sunda teh kitu
> mopohokeun kana budaya
>
>
>
> aya jalma teu boga banda
> sadayana tos dipasihkeun
> angklung teh ti tatar sunda
> naha urang bet mopohokeun
>
>
>
> ulin ka laut banda
> naha jadi nalangsa
> kuring teh urang sunda
> kuring nyaah kana basa
>
>
>
> di kebon sato aya panda
> panda ngahakan kangkung
> budayakeun budaya sunda
> bilih lapur kawas angklung
>
>
>
> kamari ulin ka samarinda
> trus nyimpang ka bima
> kuring mah da urang sunda
> nyebat ka indung teh emak
>
>
> diluhur aya bandera
> bandera gambar panda
> naha kuring kudu era
> pan ieu teh basa sunda
>
>
> poe salasa tumpak kuda
> kuda paninggalan walanda
> urang mah urang sunda
> atuh pake basa sunda
>
>
>
> kangkung diasakan ku randa
> ngeunah pisan rasana
> angklung teh asli ti sunda
> kuring nu bogana
>
>
>
> aya pawang buhaya
> pawangna ulin ka persia
> kudu nyaah kana budaya
> bisi dicolong ku malaysia
>
>
>
> hayang ulin ka gunung gede
> di gunung aya buhaya
> urang sunda sing harade
> sing nyaah kana budaya
>
>
>
> ulin ka jalan juanda
> sawaktos bulan puasa
> mun ngaku urang sunda
> tong poho kana basa
>
>
>
> aya jalma teu boga alis
> sabab getol dikerokna
> neng geulis tong gumeulis
> sabab rujit nenjona
>
>
>
> baju teh apan disewakeun
> disewakeun ku indung sia
> basa sunda sok atuh gunakeun
> saeuncan diaku ku malaysia
>
>
>
>
> aya huma dekeut situ
> eta huma nu bogana randa
> naha urang sunda teh kitu
> alim nyarios ku basa sunda
>
>
> sumber:
> http://etikush.blogspot.com/2009/08/pantun-sunda.html#ixzz1fpSxOFVe
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke