Assalamu alaikum Wr.Wb. Sampurasun Ki dulur, hapunten nu kasuhun sim kuring 
ngiring ngoceak yeuh..Alhamdulillah ki dulur gening meni asa guyub dina 
ngobrolkeun bebeneran teh. Cik ah urang mulangkeun heula, reh bebeneran mah 
ukur aya di Alloh Swt. Urang mah nyekel bebeneran teh ngan saukur eceuk. Saena 
mah keun masing2 nyekeulan prinsip nu dipikayakin. Nu langkung utami mah naha 
urang teh parantos :
1) Ngamakmurkeun masajidna ku amalan nu sampurna sapertos nu dicontohkeun ku 
Nabi Muhammad Saw. di masing2 patempatannana?
2) Ngageuing dulur urang nu sa-kasur, sa-dapur, sa-sumur, sa-lembur jst. 
sangkan ngawujudkeun amal sholeh anu kaffah dina dirina masing2?
Nyarioskeun perkara khilafiyah mah matak dog dag, ear salelembur, teu geunah 
dahar, teu genah sare, teu genah hitut-hitut acan..he he..Wassalam.


________________________________
 Dari: Gus Maman <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 17:16
Judul: Bls: Re: Politik vs Nagara Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: 
[kisunda] 10 Muharam ( Asyura Huseina)
 

  
Wew, konsep jeung praktek nagara modern) mah, ayana saparantos revolusi 
Perancis. Ting pucunghul diditu didieu nagara-nagara anyar.
Baheulamah/Saeuncana mah ayana Kakaisaran jeung Bani-Banian.

Jadi moal nyambung, anu teu sakola  (elmu) politik jeung anu sakola dinu bidang 
eta. Beda terminologi atanapi istilah.

Nu teu khusus sakola politik, leuwih loba condong kana dogma, tibatan diajar 
tina sejarah perjalanan umat manusa ti zaman heubeul dugi ka zaman ayeuna.

Contona ieu anu diapungkeun Mang Zen: 
kapamimpinan ilahi deuk boga kakuasaan nagara sacara dhahir deuk henteu tetap 
jadi Imam kulantaran kapamimpinan ilahi mah ditunjukkan ku Pangeran Fungsina 
keur nunjukkeun Yen Pangeran tos masihan petunjuk ka sadaya umat saha sabenerna 
mah pamimpin umat anu pantes teh.
Kulantaran Allah Maha Mimpin Maha pemberi Petunjuk, teu logis Lamun Pangeran 
teu masihan bimbingan kapaminpinan dina hal ieu.
Mertelakeun silsilah saha pamimpin ilahi umat manusia anu haq teh nepi ka 
ayeuna. lamun urang bingung teu puguh neangan pamimpin, teu kudu bingung 
Pangeran nyalira tos masihan nami2 na nyaeta Imam2 na.

Sim uing : Pamingpin nu terakhir ghoib nya? 
Teras we dugi ka ayeuna ngantos-ngantos turun, nu ceuk uing mah moal 
turun-turun. 
Jeung lamun kitu mah jelas Imam di dieu lain Imam keur ngurus nagara, sakumaha 
anu disebutkeun ke Mang Zen  deuk boga kakuasaan nagara sacara dhahir deuk 
henteu. 
Dina palebah ieu sim uing rada sapagodos, Imam dina urusan agama mah pikeun 
nunjukeun Saha, jeung kumaha Pangeran teh sangkan umat  ngarti jeung kaharti 
kunaon aya agama. Lain sibuk cicing dina Petunjuk.


Mang Zen : masalah pembahasan sejarah, tujuanna pikeun mertelakeun silsilah 
saha pamimpin ilahi umat manusia anu haq teh nepi ka ayeuna

Sim uing: ceuk saha iroh!, sejarahmah keur nyatet naon-naon wae anu geus 
dipilampah ku umat manusa saeunggeus manusa bisa nyieun tulisan, umpamana iraha 
mimitina aya nagara, iraha jeung kumaha kahirupan di zaman firaun, kumaha 
kahirupan keur di zaman abad kegelapan jste. Sejarah mah lain keur mertelakeun 
silsilah saha pamimpin ilahi. Bodor.

Mang Zen : falsafah Ajaran Islam pikeun nurunkeun kakuasaan Tuhan di muka Bumi. 
Sim uing :  Asa teu nyambung jeung teu logis deui, maenya kakuasaan Tuhan di 
muka bumi gumantung kana falsafah ajaran Islam ? Mun kitu mah teu berkuasa atuh 
Tuhan teh nya?? Falsafah mah ceuk uing nu bodo, hasil olah pikir jelema nu 
sumberna beda-beda bisa tina ilham bisa tina situasi kondisi kahirupan.

Bukti Iran maju kusabab geus make kepemimpinan Ilahi, nu jadi pertanyaan naha 
loba negara lain anu teu make saeutik-eutik acan kepemimpinan Ilahi leuwih 
mararaju ?

Kasimpulan sim uing : Moal aya titik temu kusabab dasar pijakan na beda. 
Politik aya elmuna, aya sakolana, kitu oge Agama aya Ilmuna aya oge sakolana. 
Komo  deui jeung anu geus kabengbat ku syiah mah. Jaka Sembung selamanya.

Salam
mz

Pada Rab, 7 Des 2011 13.18 ICT Mohammad zen menulis:

>Membuat Aturan parsial, tanpa membuat aturan asas --- bathil atawa teu logis
>
>masalah pajak, jizyah, khumus, zakat, ketertiban umum, perekonomian, peraturan 
>kemiliteran, peraturan perang, peraturan anu hubunganna jeung kekuasaan adalah 
>permasalahan parsial (juz'i) tah anu asasina masalah kepemimpinan, jadi teu 
>logis Pangeran marentah anu parsial tanpa anu asas, kukituna sacara jelas 
>urusan kapamimpinan teh urusan ilahi, saperti dina ayat2 kapamimpinan anu tos 
>disebatkeun ayat2na dihandap (eta ngan sabagean ayat).
>
>perlu dipikaterang yen kepemimpinan anu dipahami ku urang umum, masalah 
>kekuasaan dunia wungkul, padahal anu dimaksud didieu kapamimpinan islam nyaeta 
>kapamimpinan ruhi akhirat jeung dunia, artina... pamimpin oge ngurusan masalah 
>agama sareng masalah dunia, bahkan gaduh tugas ngabimbing akhlak ruh manusa, 
>saperti anu diterangkeun dina Alquran.
>
>teori politik barat saperti :kerajaan, demokrasi, dll etamah permasalahan lain 
>sanes permasalhan kepemimpinan ilahiah...
>Kapamimpinan Ilahi hukumna wajib dina ayat alquran, deuk kaayaan jaya sacara 
>dhahir deuk henteu dhahir, saperti Rasul saww ngadawuh :
>Alhusein Imamun qaidan au qu'udan ( Imam HUsein Imam boh keur diuk (nyaeta can 
>boga kakuasaan dhahir) boh naik kakuasaan sacara dhahir)
>
>jadi pemahaman kana kapamimpinan ilahi beda jeung anu dipahami politik anu 
>urang pelajari dina kuliah politik di kampus2kampus.
>kukituna kapamimpinan ilahi deuk boga kakuasaan nagara sacara dhahir deuk 
>henteu tetap jadi Imam kulantaran kapamimpinan ilahi mah ditunjukkan ku 
>Pangeran
>Fungsina keur nunjukkeun Yen Pangeran tos masihan petunjuk ka sadaya umat saha 
>sabenerna mah pamimpin umat anu pantes teh.
>Kulantaran Allah Maha Mimpin Maha pemberi Petunjuk, teu logis Lamun Pangeran 
>teu masihan bimbingan kapaminpinan dina hal ieu.
>
>Masalah pembahasan sejarah, tujuanna pikeun mertelakeun silsilah saha pamimpin 
>ilahi umat manusia anu haq teh nepi ka ayeuna. lamun urang bingung teu puguh 
>neangan pamimpin, teu kudu bingung Pangeran nyalira tos masihan nami2 na 
>nyaeta Imam2 na, 
>
>terbukti msal leutikna Iran teu ngagulung masalah ieu geus jelas masalah 
>kapamimpinan Ilahi mah , ulama jadi wakilna,  kukituna maju nagarana.
>anu sebab mundurna nagara kulantaran bingun tujuan akhiran jeung duniana teu 
>apal musuh jeung baladna.
>
>Agama Islam beda sareng agama Nasrani anu teu ngajarkeun syariat kapamimpinan, 
>khusus ajaran Islam sangat ngajelaskeun perihal kapamimpinan, kukituna, dina 
>salah sahiji ayat disebatkeun Yen Islam bakal jadi Panguasa dina sagala agama 
>walaupun musyrikin membenci.
>kulantaran falsafah Ajaran Islam pikeun nurunkeun kakuasaan Tuhan di muka Bumi 
>
>
>masalah : ekonomi islam, pendidikan Islam dll... perihal ieu tos aya jelasna, 
>ekonomi Islam beda jeung nu lainna, jeung nu sanesna beda jeung nu sanesna 
>walupun aya irisanana... hal ieu kudu para ulama anu mujtahid anu mumpuni apal 
>kana istinbathna, lamun nu awam mah hese. kukituna di setiap zaman aya ulama 
>anu paham dina masalah ieu. kukituna fungsi ayana para pelajar agama anu 
>mumpuni pikeun ngajelaskeun perihal ieu.
>
>
>contoh leutik ekonomi sosialis : hak pribadi teu boga kabeh diserahkeun ka 
>nagara, kapitalis hak pribadi boga sacara mutlak, ekonomi Islam hak  pribadi 
>aya ngan wajib hukumna membayar sebagian kanggo sanesna ku zakat, shadqah, 
>khumus , dll.
>
>Konsep Islam lebih jelas tibatan konsep sanesna...
>jangankan masalah ekonomi makro masalah kumaha cingogo di WC (jamban) oge aya 
>aturanna pan 
>
>wassalam
>
>
>Zen
>
>
>________________________________
> From: Gus Maman <[email protected]>
>To: [email protected] 
>Sent: Wednesday, December 7, 2011 5:54 AM
>Subject: Politik vs Nagara Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 
>Muharam ( Asyura Huseina)
> 
>
>  
>Salah sahiji definisi politik nyaeta seni jeung ilmu pikeun 
>ngaraih/meunangkeun kakawasaan. Kakawasaan naon? Marentah dihiji daerah 
>atanapi wilayah atanapi nagara kusabab boga kakakawasaan/kawenangan.  
>Kawenangan marentah batur, ngatur batur, ngatur hirup di hiji daerah 
>kakawasaan, boh tina mayar pajek, ngatur katertiban umum, jeung ngatur 
>kamakmuran masyarakatna. 
>Timana bijilna atanapi sumberna jeung legalitas ayana kakawasaan marentah hiji 
>nagara? 
>Aya sababaraha riwayat : 1 pamere ti numaha kawasa, 2 ti asal usul 
>katurunan(raja), 3. kakuatan senjata/militer, 4. ti paloba-loba dukungan sora 
>ti masyarakatna/rakyatna nu ayeuna katelah demokrasi.
>
>Iraha mimitina aya 'nagara' , numutkeun catetan sejarah(nu aya tulisan) mah  
>kirang langkung ti 3000-2500 sebelum tahun Masehi, dibuktikeun ku ayana Sphinx 
>jeung Piramida di Mesir anu kaungkap
> tina hurup Hierogliph. Teu kaungkap kabeh misteri
>kahirupan masyarakat dina waktu harita, kusabab catetan / lambang-lambang anu 
>aya
>dina dinding Piramid teu sadayana kapecahkeun. Nu jelasmah harita
>geus aya strata/tingkat golongan masyarakat cacah, menak/juru tulis, dukun 
>jeung turunan raja-raja. 
>
>Definisi nagara numutkeun teori  nyaeta lamun minimal geus  aya  nyumponan 4 
>hal, Kahiji aya anu marentahna/pamarentah, 2 aya wilayahna, 3 aya rakyatna 
>jeung ka-4 aya kadaulatan/boga aturan sorangan.
>
>Politik dina arti sempit nyaeta siasat atanapi taktik, padahal dina awahan anu 
>leuwih lega mah lain ngan ukur soal kumaha siasat meunangkeun kedudukan 
>atanapi jabatan atanapi kapamimpinan,  ngamasalahkeun kumaha kuduna hirup 
>bersama, kuduna kumaha hirup  bermasyarakat disagala bidang, sosial, budaya, 
>kasejahteraan ekonomi, pendidikan, kasehatan, luar angkasa, militer jste.  
>
>Ari agama dasarna naon atuh,
> sarua soal kakuasaan oge?
>
>Ngahaja dibeber-beber soal politik diluhur maksudna supaya bisa ngabedakeun 
>dina hal  naha nyaan ekonomi, budaya, pendidikan, militer kabeh kudu diatur  
>(pamingpin) agama. 
>
>Nu matak ceuk dugaan (hipotesa) kuring, nu ngarana urang Islam matak teu 
>maju-maju mangsa kirwari, katinggaleun ku non Islam nyaeta LOBA BINGUNG 
>NGALABELAN umpamana  Ekonomi Islami, Pendidikan Islami, Budaya Islami, 
>Kepemimpinan Islami sabari neneangan DALIL/Katerangan nana dina Hadits Shoheh 
>/ teu shoheh. 
>Ngagugulung dalil jeung pakuat-kuat keterangan dinu catetan heubeul, diluar 
>eta teu Ilmiah teu Islami. Poho udagan mangsa kiwari. Antukna jadi nagara siga 
>Irak, Afganistan, Mesir
>Yaman dikekeyek bangsa deungeun, jeung ribut ambon sorangan kusabab teu boga 
>konsep/ide nu ajeg.
>
>Ayeuna ngajurus ka soal katurunan Ali vs katurunan Muawiyah.
>Singket we sim uing mah:   Ali mah pamimpin Agama, ari Muawwiyah
> mah pamimpin Nagara.  Kuring moal ngaluarkeun DALIL bisi weureu.
>
>
>Salam
> 
>
>--- On Wed, 7/12/11, Mohammad zen <[email protected]> wrote:
>
>
>>From: Mohammad zen <[email protected]>
>>Subject: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura 
>>Huseina)
>>To: "[email protected]" <[email protected]>
>>Received:
> Wednesday, 7 December, 2011, 2:43 AM
>>
>>
>>  
>>Ngan ari pamahaman kuring dina ayat alquran, yen politik anu dimaksud Islam 
>>lebet kana ajaran Islam, ku kituna ayana ajaran kapamimpinan, kunaon aya 
>>fiqih siasah.
>>kunaon aya ayat politik : Athiullah wa athiurrasul wa ulil amri minkum ( 
>>taatlah anjeun ka Allah, Ka Nabi sareng ka Ulil Amri minkum), atawa ayat 
>>saenya2na wali anjeun teh rasul sareng orang-orang beriman, atawa ayat anu 
>>nyebatkeun yen Ibrahim ngadoa ka Pangeran supaya ngajadikeun katurunanana 
>>Imam ( Pamimpin), Allah dina ayt firmnanNA : Janji urang (perihal 
>>kapimimpinan ieu ) moal beunang ka jalmi anu dzalim.
>>
>>
>>masalah darah, biru, apanan para nabi oge dina hiji katurunan, boh katurunan 
>>isaq, atawa ismail...
>>anu dimaksud ahlulbait ieu sanes umumna katurunan nabi, tapi anu dikhususkeun 
>>dina alquran nyaeta Ali, Fatimah, Hasan, Husein, sareng salapan keturunan ti 
>>Sulbi Alhusein nepi ka Imam Namina Muhammad ibn hasan Al askari anu lahirna 
>>di samara iraq 255 Hijriah anu ayaeuna ghaib ( menurut kayakinan Syiah)...
>>
>>
>>tetapi katerangan perihal imam anu 12 teh sanes ngan saukur disebatkeun dina 
>>kitab2 syiah, dina kitab2 suni pun seueur anu ngajelaskeun perihal ieu, 
>>saperti nami2 na disebutkeun dina kitab yanabi almawaddah filqurba, atawa 
>>dina kitab2 sanesna, buktina coba buka sahih muslim yen dunia ieu moal kiamat 
>>sateuacan tegakna 12 amir /khilafah..
>>
>>
>>
>>jadi masalah kapamimpinan perihal anu asas oge dina quran... eta sabagean 
>>ayat, komo deui lamun dibahas khusus perihal ayat2 kepemimpinan dina Quran.
>>
>>
>>perihal Suni jeung Syiah... urang kedang ningali dina dua sisi, hiji sisi 
>>:mana anu langkung kiat dalilna , anu sisi kadua : bebas memilih, masalah 
>>moal paamprok hiji jeung nu sanesna etamah masalah lain deui... memang moal 
>>paamprok dina masalah bebeneran mah kulantaran bebeneran mah ngan saukur hiji.
>>tapi suni jeung syiah bisa paamprok dina wilayah persatuan kemasyarakatan, 
>>sosial dll
>>
>>
>>jadi lamun ngabahas mana anu paling bener --- eta pembahasan dalil ( artina 
>>manusa moal eureun tina pencarian ieu mah fitrah manusa), lamun disetop maka 
>>ngalanggar fitrah anu disebatkeun QATHA'A Al'uqul
>>
>>tapi lamun ngabahas kumaha bisa akur aya dua sisi : sisi dalil memang beda 
>>(ngan saling ngahormatan), sisi anu kadua akur palebah sosial kemasyarakatan
>>
>>
>>kesimpulanana : ulah pajeulit dina eta sisi teh... kuring didieu ngabahas 
>>perihal naon anu dikaji, mangga wae tanggapan , pilihan mah bebas...
>>
>>
>>anu terakhir Imam Ali as nyarios : Nahnu abnauddalil , kuring putra2 para 
>>dalil, jadi hirup urang timana, keur kumaha kumaha, deuk kamana kudu aya 
>>dalil pikeun dipertanggungjawabkeun di hareupeun hakim akhhirat, apanan dina 
>>kuburan bakal ditanya : Man Rabbuka, man nabiyuka, man Imamuka (saha Pangeran 
>>anjeu, saha nabi anjeun saha imam anjeun)
>>
>>
>>jadi lamun aya statemen akang  yen politik(kapamimpinan) sareng agama teh 
>>misah NAON DALILNA???
>>
>>
>>
>>wassalam
>>
>>
>>zen
>>
>>
>>
>>
>>________________________________
>> From: Gus Maman <[email protected]>
>>To: [email protected] 
>>Sent: Tuesday, December 6, 2011 2:20 PM
>>Subject: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura 
>>Huseina)
>> 
>>
>>  
>>Kasimpulan kuring mah keukeuh ti awal awal oge : Salila acan bisa ngabedakeun 
>>politik jeung agama
>>salila eta pasualan moal aya anggeusna.
>>
>>On Tue, Dec 6, 2011 4:38 PM ICT Ki Hasan wrote:
>>
>>>Isu "Ghadir Khum" teh tangtuna ge penting. Boh keur urang syiah oge sunni.
>>>Sabab nangtukeun estafet penggantian pimpinan. Tah lebah dieu miripna jeung
>>>Super Semar teh.
>>>
>>>Keur urang syiah, tangtu ieu teh dianggap penting pisan. Sabab dijadikeun
>>>justifikasi yen kapamingpinan Islam teh kudu make jalur garis darah biru,
>>>nu dipake acuan ku urang syiah.
>>>
>>>Keur urang sunni, ghadir khum jadi titik tolak oge, yen kapamingpinan Islam
>>>teh diteruskeun make jalur pemilihan. Meureun model demokrasi tea.
>>>
>>>Mun ninggali dua model alih kuasa model di luhur. Jigana nepi ka iraha ge,
>>>hese neangan titik temuna antara syiah jeung sunni teh.
>>>
>>>Ayeuna keur umat muslim non Arab, nu teu boga kaitan hubungan getih ka
>>>Kanjeng Nabi. Milih antara Sunni jeung Syiah teh, sacara kakawasaan mah
>>>sarua-sarua keneh. Da ukur hayang jadi abid, ukur hayang diaku umat. Cing
>>>mana nu leuwih nguntungkeun. Milih Sunni atawa Syiah?
>>>
>>>
>>>2011/12/6 Mohammad zen <[email protected]>
>>>
>>>> **
>>>>
>>>>
>>>> Sanes super semar, ari supersemarmah teu aya suratna, ari Ghadir khum mah
>>>> dicaritakeun dina riwayat mutawatir suni jeung syiah
>>>> jadi sanes super semar, anu ngabedakeunana mah NARIMA JEUNG HENTEU
>>>> KANYATAAN. kitu meureun.
>>>> buktina... sejarah ieu teu bisa ditutup2 deui...
>>>>
>>>>
>>>>   ------------------------------
>>>> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
>>>> *To:* [email protected]
>>>> *Sent:* Tuesday, December 6, 2011 11:50 AM
>>>> *Subject:* Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam (
>>>> Asyura Huseina)
>>>>
>>>>
>>>> Lain dipikir-pikir, masalah "ghadir khum" teh asa jiga "super semar" nya.
>>>> Duanana peristiwa nu nangtukeun saha nu baris nyepeng pakamingpinan.
>>>> Duanana misteri pada ngadurenyomkeun, teu anggeus-anggeus.
>>>>
>>
>>
>>
>> 
> 

 

Kirim email ke