Baraya, pernah ngadarenge aya genre sastra, nu katelah Fiksi Mini?. Fiksi
Mini dina basa Sunda keur maceuh di FB. Panasaran, kurulang-kuriling
ngadeupaan Internet. Sugan aya katerangan, naon atuh fiksi mini teh. Nyeta
geuning kiwari mah, kadar urang aya kahayang jeung kadaek we, sagala info
bisa disusud ukur ku ngutek-ngutek dua curuk. Jauh pisan jeung jaman uing
ngadepong di Bandung, puluhan taun ka tukang. Hayang maca teh, melaan
kukurilingan, mukaan buku murah meriah, sore sore, di Jalan Sukajadi,
Cikapundung, Kebon Kalapa, atawa Palasari.

Ringkesna mah fiksi mini teh cenah, carita fiksi sauted. Nu ditulis ukur ku
sababaraha kalimah. Aya nu mere gambaran, kira-kira ditulis dina 50 kecap
cenah. Ngarah teu lieur ku definisi, aya conto hade ti Kang Hawe Setiawan,
urang Cupumanik. Toong di handap geura contona. Najan mini geuning masih
karagap guluyur caritana.

Ari uing lain rek nitah atawa ngajak narulis fiksi mini. Ngan kaideun ku
MINI-na. Mun Rok Mini jeung Fiksi Mini sukses jadi media keur nepikeun eusi
sirah pangarang ka nu macana, jigana taya salahna mun urang migunakeun
konsep MINI dina widang nu non-fiksi. Ceuk ijiran uing, asa saluyu keur
jurus tukeur informasi make media milis nu geus hirup leuwih ti heula. Nya
ngarah gampang diinget mah, sebut we ngaranna "Info Mini".

Asana di milis Ki Sunda teh loba inohong dina widang masing-masing. Tegep
jigana mun daraek nulis pangaweruh popiler dina widangna masing-masing make
konsep "Info Mini".

Contona kieu, mun

====

*Titis Tulis *

* Ku: Jeffrey Archer *

* Baheula di Bagdad aya sudagar nitah ladénna balanja ka pasar tapi can gé
lila éta ladén téh geus balik deui, bari jeung pias tur ngadégdég, sarta
pokna, Juragan, nembé téh di pasar aya istri megatan abdi di nu sakitu
pagelek-gelekna, ari barang rét téh ditingal ku abdi horéng nu megatan téh
malakal maot. Manéhna mencrong ka abdi bangun nu ngancam; punten wé, abdi
badé nambut kuda, seja mios heula ti dieu kanggo nyingkahan nanasiban.
Maksad téh badé mios ka Samarra wé supados teu kapendak ku malakal maot.
Nya dibéré nginjeum kuda éta ladén téh ku dununganana, clak manéhna tumpak
kana kuda, ceg masang sanggurdi, dius mabrét tibuburanjat. Geus kitu éta
sudagar téh jig indit ka pasar, tur barang katémbong ku manéhna kami keur
ngajanteng ti antara balaréa, srog nyampeurkeun bari pok ngomong, Naon
pangna andika bet siga nu ngancam ka ladén kami tadi isuk-isuk? Na da kami
mah teu ngancam teu sing, cékéng téh, pira gé ukur tatahar méméh nyieun nu
ahéng. Puguh kami nu hélok bet tepung jeung manéhna di Bagdad, da kami mah
meunang tugas nyokot manéhna téh di Samarra ké peuting.[] *

Kirim email ke