---------- Forwarded message ----------
From: Suarsa, Roni <[email protected]>
Date: 2011/12/9
Subject: RE: [Urang Sunda] Sastra - Fiksi Mini Sunda?
To: Ki Hasan <[email protected]>


  Cing ah nyobaan carita fiksi-na, mampang mempeung, teu ieuh agul ku
payung butut, ngan hayang kutrat kotret we mempeung diwenangkeun ku ayana
mini sunda hehehe… ****

** **

Carita ka hiji # rada cawokah.****

** **

Kacatur ari di nagri Arab mah nelah dugika kiwari paling getol ngocomang ku
basa syair, sisindiran, teu kolot teu budak asa agul, celeweung nu hiji
muka syair, nu lian ngahaminan, mun seug teh ngarti kana basa na siga nu
endah naker. Aya oge kecap nu remen jadi rarangken panyeluk ka sing saha
wae, boh ka saluhureun, ka sasama, ka budak ka pamajikan, siga baheula nabi
nyeluk ka siti aisyah ku nenehna “ya khumairah” si damis nu rada bereum tea.
****

Ya habibi, mereun ieumah sok remen ngadenge di urang ge. Tah mun ka awewe
(utamana ka pamajikan) sok remen nyeluk ku nenehna “ya qomar” (si bulan),
“ya asl” (si madu), “ya helluw” (si amis), “ya zahrah” (si kembang) jste.***
*

** **

Heseus masalah “Ya qomar” si bulan tea, ieu saeutik ngabalukarkeun bancang
pakewuh ku alatan salah mangsa dina ngucapkeunana. Dina hiji peuting, aya
sapasang pasutri keur sapatemon, kangaranan keur gawe peuting tea, sagala
ucap nu ararendah teh kalaluar tina pasangan nu keur sapatemon tea,
celengkeung teh si salaki nyarita ka pamajikanna, Ya qomar (mun ceuk urang
mah..”sayaaang”… bulan akang, mereun hehe), angkat atu sampeanna, ditembal
ku sora nu beda, hmmm…****

Teu nyangka sora-sora nu aneh teh karekam ku anakna nu keur pereum hayam
tea. Kadituna teuing kumaha.****

** **

Isukna, meneran mangsa budak sakola, palajaran teh keur ngaguar perkara
ruang angkasa, teu kacatur kumaha jalanna eta pangajaran, ujug-ujung
celengkeung weh si budak teh nanya ka guruna, “ibu, naha enya bulan teh
boga suku?”, ceuk guruna:”henteu atuh kasep, naha bet nanya siga kitu?”.****

Budak:”Geuning, basa wengi kamari mah bapa abdi nyarios kieu, ‘bulan…angkat
atuh sampeanna’ “****

** **

** **

** **

Carita ka dua# Umum. Asana geus jadi bahan carita balarea, tapi keun urang
balikan deui da asa pas pisan.****

** **

Ceuk beja, Arab Saudi teh karekam jadi nagri nu pang luhungna dina urusan
paloba-loba kacilakaan lalulintas mah, teu ngabibisani, najan cicing di
wewengkon nu ngan sacangkewok meni bruh breh kandaraan rujad alatan nabrak
batur, cilaka sorangan (single accident) jste, ieu alatan kurangna
kadisiplinan boh ti pihak pribadi boh ti pihak pamarentah, kaayeunakeun mah
rada mending da aturan lalulintas diperketat, tiap jalan make kamera heseus
mantau kacepetan jeung lampu setopan, mun ngalanggar nya didenda nu lain
saeutik jumlahna, nu remen keuna denda nya nonoman nu hayang ngebut wae
unggal lalampahan teh, teu saeutik nu sakali miang keuna denda nepika tilu
opat kali na nu jumlahna nga-juta rupiah, samalah mun ngalanggar lampu
setopan mah teu bisa minge, kudu diberok di kantor pulisi salila sapoe bari
denda duit mah teu suwung, alusna teu ninggang di cacah atawa juragan,
sarua denda na, can ngadenge aya pulisi nu beunang dikepeulan amplop siga
di urang, sugan we kapok.****

** **

Samemeh aya aturan anyar ieu, nyaeta jaman kakacowan tea, kuring (ceuk
wadul mah) miang jeung balad kuring urang Arab, dina lebah nyetir, bujur
rerempodan da asa siga numpak mobil balap jeung off road tea, teu puguh
aturanana, taya lampu sen jeung taya klakson estu asa numpak munding edan.**
**

Palebah lampu setopan, meneran lampu keur hejo nu hartina wenang maju keur
nu boga hak na, ari reg teh balad kuring ereun handapeun lampu bari culang
cileung, atuh kuring heran, naha anjeun bet ereun, pan sidik lampu teh hejo
!! Tanya kuring ka manehna. Manehna can ngajawab, ukur culang cileung ka
sisi ka gigir, sanggeus sawatara waktu, lampu ganti jadi bereum, ana lenyap
teh kuring, pas meneran lampu bereum langsung balad kuring tancep gas maju
satakerna !!!****

** **

Naa ari sia gelo, jurig !! ceuk kuring bari pias… sia teh ngarti teu artina
bereum, koneng hejo lampu setopan the?!? Kuring nyureng bari hate mah
sakuat tanaga ngumpulkeun pangacian deui.****

Serengeh teh si Arab seuri bangun nu lugina naker bari ngajawab pananya
kuring, “maneh teu apal, didieu mah jalma teh geus professional euy, lamun
lampu hejo eta hartina ereun sabab sasaha ge apal, ti beh ditu nu lampuna
bereum pasti mobil pada ngebut eweuh nu ereun, tah justeru meneran lampu
urang nu bereum, ti jalur urang pada ngebut paudag-udag, tah kitu caritana,
kasimpulanna urang dieumah professional euy… professional !! ngarti !!!”****

** **

Kuring ngan hungkul ngahuleng ngaragameneng, aya kituna Saudi euy… geuning
lain urusan maca wungkul nu beda teh, heeuh pan maca arab mah ti katuhu ka
kenca lin? Geuning ka asup urusan lampu setopan oge, ceunah mah
professional… bener-bener gaya.****

** **

** **

** **

(ieumah carita teh carmin nu panjang nya Ki hehehe)****

** **

** **

** **

** **

** **
  ------------------------------
 RONI RA SUARSA**
OPERATOR, YEP PP WET END
Saudi Yanbu Petrochemical Company
A SABIC Affiliate
 Yanbu Industrial City 41912
Saudi Arabia
T +966 (4) 321 4276-4276
F
E [email protected]

*From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
Behalf Of *Ki Hasan
*Sent:* Thursday, December 08, 2011 1:32 PM
*To:* Ki Sunda
*Cc:* Baraya Sunda; Urang Sunda
*Subject:* [Urang Sunda] Sastra - Fiksi Mini Sunda?****

** **

  ****

Baraya, pernah ngadarenge aya genre sastra, nu katelah Fiksi Mini?. Fiksi
Mini dina basa Sunda keur maceuh di FB. Panasaran, kurulang-kuriling
ngadeupaan Internet. Sugan aya katerangan, naon atuh fiksi mini teh. Nyeta
geuning kiwari mah, kadar urang aya kahayang jeung kadaek we, sagala info
bisa disusud ukur ku ngutek-ngutek dua curuk. Jauh pisan jeung jaman uing
ngadepong di Bandung, puluhan taun ka tukang. Hayang maca teh, melaan
kukurilingan, mukaan buku murah meriah, sore sore, di Jalan Sukajadi,
Cikapundung, Kebon Kalapa, atawa Palasari.

Ringkesna mah fiksi mini teh cenah, carita fiksi sauted. Nu ditulis ukur ku
sababaraha kalimah. Aya nu mere gambaran, kira-kira ditulis dina 50 kecap
cenah. Ngarah teu lieur ku definisi, aya conto hade ti Kang Hawe Setiawan,
urang Cupumanik. Toong di handap geura contona. Najan mini geuning masih
karagap guluyur caritana.

Ari uing lain rek nitah atawa ngajak narulis fiksi mini. Ngan kaideun ku
MINI-na. Mun Rok Mini jeung Fiksi Mini sukses jadi media keur nepikeun eusi
sirah pangarang ka nu macana, jigana taya salahna mun urang migunakeun
konsep MINI dina widang nu non-fiksi. Ceuk ijiran uing, asa saluyu keur
jurus tukeur informasi make media milis nu geus hirup leuwih ti heula. Nya
ngarah gampang diinget mah, sebut we ngaranna "Info Mini".

Asana di milis Ki Sunda teh loba inohong dina widang masing-masing. Tegep
jigana mun daraek nulis pangaweruh popiler dina widangna masing-masing make
konsep "Info Mini".

Contona kieu, mun

====****

*Titis Tulis *****

*Ku: Jeffrey Archer *****

*Baheula di Bagdad aya sudagar nitah ladénna balanja ka pasar tapi can gé
lila éta ladén téh geus balik deui, bari jeung pias tur ngadégdég, sarta
pokna, Juragan, nembé téh di pasar aya istri megatan abdi di nu sakitu
pagelek-gelekna, ari barang rét téh ditingal ku abdi horéng nu megatan téh
malakal maot. Manéhna mencrong ka abdi bangun nu ngancam; punten wé, abdi
badé nambut kuda, seja mios heula ti dieu kanggo nyingkahan nanasiban.
Maksad téh badé mios ka Samarra wé supados teu kapendak ku malakal maot.
Nya dibéré nginjeum kuda éta ladén téh ku dununganana, clak manéhna tumpak
kana kuda, ceg masang sanggurdi, dius mabrét tibuburanjat. Geus kitu éta
sudagar téh jig indit ka pasar, tur barang katémbong ku manéhna kami keur
ngajanteng ti antara balaréa, srog nyampeurkeun bari pok ngomong, Naon
pangna andika bet siga nu ngancam ka ladén kami tadi isuk-isuk? Na da kami
mah teu ngancam teu sing, cékéng téh, pira gé ukur tatahar méméh nyieun nu
ahéng. Puguh kami nu hélok bet tepung jeung manéhna di Bagdad, da kami mah
meunang tugas nyokot manéhna téh di Samarra ké peuting.[] *****

****

------------------------------

* This e-mail and any attachments are for authorized use by the intended
recipient(s) only. They may contain proprietary material or confidential
information and/or be subject to legal privilege. They should not be
copied, disclosed to, or used by any other party. If you have reason to
believe that you are not one of the intended recipients of this e-mail,
please notify the sender immediately by reply e-mail and immediately delete
this e-mail and any of its attachments. Thank you. *

<<image001.gif>>

<<[email protected]>>

Kirim email ke